Monday, May 24, 2010

SI KABAYAN JEUNG RAJA JIMBUL

NASKAH :
Carita : Wahyu Wibisana
Karawitan: Mang Koko

GENDING
ADEGAN 1
Si Kabayan ungkleuk-ungkleukan dina korsi goyang.
Pamajikanana keur diuk dina babancik bari kekerod. Totopong hideung ngagantung keneh dina panyaweran…..


KABAYAN
Lalagedayan deuh… lalagedayan
E…. Ngeunah pipikiran

AMBU KABAYAN
Nunang naning nuninang nunang nu nanung
KABAYAN
Hirup ukur laladangan, dadagangan

GENDING
KABAYAN
Laladangan deuh … dadagangan
E…. Sila ipis doang

AMBU KABAYAN
Durang darirang, durang durarung…
KABAYAN
Hirup cukup heheotan, ngaheotang

GENDING

KABAYAN
Heheotan deuh… ngaheotan
E…. bagja dararatang

AMBU KABAYAN
Turang taring, turirang turang turarung
KABAYAN
Hirup teh kudu peletan, kinasihan

AMBU KABAYAN
Asihan si kalong hideung
KABAYAN
Lain ngabobodo deungeun
AMBU KABAYAN
Nyambat batara Asmara
KABAYAN
Apan urang keur usaha

RAMPAK
Kopo kondang kopo kondang
Kopo ki leho jeung sereh
Bodo bongan bodo bongan
Bodo ngabobodo maneh

GENDING

KABAYAN
Bodo bongan bodo bongan
Bodo ngabobodo maneh
Ing tering tering tering
Turdo ! Turdo !

KABAYAN
Pong Seuh Tung !
AMBU KABAYAN
Teu baseuh teusing Kabayan, geus garing

KABAYAN
Pong Ring Tung
AMBU KABAYAN
Boa moal matih Kabayan, teu baseuh

KABAYAN
Lain bisi henteu matih
Da matih aya di uing
Pong Ring Tung
Teu ngeunah nembangkeunana

Koek Ch ! Khoek Ch !
Ch ! Ch ! Ch ! Ch !
Pong Seuh Tung !


GENDING
ADEGAN 2
Si Kabayan nyokot bubuy hui tina sakuna ………….
Camuil-camuil di dahar

KABAYAN
Bumitut, bumitut
Matak gede hitu
Euy ! ambeueun batur
Euy ceuk aing seungit

GENDING
Si Kabayan rungah-ringeuh, sarta nempo ka jauhna

KABAYAN
Tuh !, deuleu siah jikan
Rentang rentang anu datang
AMBU KABAYAN
Saha nu datang ?
KABAYAN
Nyao teuing !

GENDING

KABAYAN
Tuh !, deuleu siah jikan
Mawa halu diseukeutan
AMBU KABAYAN
Arek ka saha ?
KABAYAN
Nyao teuing !

GENDING

KABAYAN
Gancang, lengen siah jikan
Tutulak asup ka imah
AMBU KABAYAN
Na aya naon ?
KABAYAN
Nyaho aing !

GENDING

KABAYAN
Lamun engke aing dehem
Sia kudu gancang jebeng !
AMBU KABAYAN
Naha ku naon ?
KABAYAN
Nyaho aing !


GENDING
ADEGAN 3
Gulang-gulang ti jero mula geus mere iberan yen Raja jimbul rek datang…


RS LALAKI
Bungbang ! Bungbang !
Raja Jimbul rek ngalanglang
Anu mulya Raja Jimbul
Sumping ! Sumping !

KABAYAN
Raja Jimbul ! Raja Jimbul !
Jebul ! Jebul !

RS LALAKI
Bungbung ! Bungbung !
Raja Jimbul rek ngalangkung
Anu mulya Raja Jimbul
Rawuh ! Rawuh !

KABAYAN
Raja Jimbul ! Raja Jimbul
Jebul ! Jebul !

GENDING
ADEGAN 4
Dua Gulang-Gulang marawa tumbak daratang ka hareupeun imah Si Kabayan…

GULANG GULANG
Raja Jimbul ka dieu bade ngalangkung
KABAYAN
Nya pek bae, moal ieuh dicaram

GULANG GULANG
Raja Jimbul ka dieu bade ngalanglang
KABAYAN
Nya hol bae, moal dihalang-halang

GENDING
Gulang-Gulang leuluempangan deui. Tuluy nyampeurkeun deui ka Si Kabayan…

GULANG GULANG
Gancang buruan sapuan !
KABAYAN
Biasana oge tara

GULANG GULANG
Enya ayeuna sapuan !
KABAYAN
Biasana oge embung

GULANG GULANG
Enya ayeuna purunkeun
Hayoh ! gancang !
Ayeuna purunkeun

KABAYAN
Purun mah aya di uing
Niat ge uing nu oga
Eunteu ulun eunteu iat
Aduh… ngeunah nguliat…

GENDING
Dina korsi goyangna Si kabayan kukuliatan, bari teu malire
kana parentah gulang-gulang

KABAYAN
Dadagangan, euy ! dadagangan
E …. Sila ipis doang, bagja dararatang
Durang daring durirang durang durarung
Hirup tina laladangan, lalagedayan….

GENDING
ADEGAN 5
Si Kabayan sanggeus ungkleuk-ungkleukan, tuluy sasarean peureum hayam.
Gulang-gulang duanana bengong…
Raja Jimbul datang ka hareupeun imah Si Kabayan….
Gulang-Gulang nu duaan tea gancang acong-acongan nyembah.
Eta Raja teh make pakean nu araraneh (alusna tumpak tandu) …..


RAJA JIMBUL
Alus hayam pelung teh euy !
Anu saha ? Euy !

PATIH
Uteuk tongo walang taga sadaya kagungan gusti
Kitu lain Mantri Jero ?

MANTRI JERO
Sadaya kagungan raja, nu ngereh ieu nagara
Kitu lain gulang-gulang ?

GULANG GULANG
Timbalan ! satimbalan ! Nun !

GENDING
Gulang-Gulang ngepung hayam Si Pelung

KABAYAN
Utek tongo walangtaga Raja Jimbul anu boga
Tapi si Pelung nu si Kabayan
Raja nu ngaraja aing….

GENDING
Raja Jimbul jeung rombongan kaget bari rada undur-unduran

RAJA JIMBUL
Uhu ! Uhu ! jelema naon eta Patih ?

PATIH
Um um um um, jelema naon eta Mantri ?

MANTRI JERO
Ck ck ck ck, jelema naon eta teh, euy ?

GULANG GULANG
Jelema gejul, nun !

MANTRI JERO
Jelema burung, manawi !

PATIH
Jelema eubleu, kulanun !

RAJA JIMBUL
Uhu ! Uhu ! jelema eubleu eta teh, hah !
Paingan ! Ha ha ha .

KABAYAN
Mmmm …..
Bisi aranjeun teu nyaho. ho ho ho ho ho ho ho
Kaula teh hiji wiku hu hu hu hu hu hu

GENDING
Raja Jimbul jeung rombongan silih reret jeung pada baturna

RAJA JIMBUL
Naon cenah, Patih ?

PATIH
Naon cenah, Mantri ?

MANTRI JERO
Naon cenah, euy ?

GULANG GULANG
Sanggemna teh Wiku, nun !

MANTRI JERO
Sanggemna teh Wiku, kulan !

PATIH
Sanggemna mah Wiku, kulanun !

RAJA JIMBUL
Wiku ! Uhu ! Uhu ! Uhu ! Uhu !
Wiku saha ngaranna, hah ?

KABAYAN
Mmmmm………..
Kaula wiku Kabayan
Kabayan Batara nu euweuh
Kabayan Ahaing nu aya

RAJA JIMBUL
Eukeur naon Sang Wiku aya di dieu
KABAYAN
Keur nungguan cupu manik

RAJA JIMBUL
Karah mana nu disebut cupu manik ?
KABAYAN
Apan ieu Bumi Manik

RAJA JIMBUL
Cik terangkeun, aya naon di jerona
KABAYAN
Aja Putri Tunjung Turus

RAJA JIMBUL
Aya saha, Patih ?

PATIH
Aya saha, Mantri ?

MANTRI JERO
Aya saha, cenah ?

GULANG GULANG
Aya putri Tunjungturus, sanggemna.. Nun !

RAJA JIMBUL
Aya putri
KABAYAN
Aya putri Tunjungturus, cekeng

RAJA JIMBUL
Aya putri, uhu, aya putri !
Geuheulis eta putri teh, Wiku ?

KABAYAN
Kumaha nu nenjona, Ibul…
Mun nu nenjona jelema suci..
Eta putri teh geuheulis, Ibul..
Lamun di tenjo ku anak jadah
Eta putri teh goreng patet, Ibul ..

RAJA JIMBUL
Naon Ibul-Ibulan ?

PATIH
Naon Ibul-Ibulan ?

KABAYAN
Ieuh elu, Ibul teh hartina Elu
Mama banget asih ka Elu

RAJA JIMBUL
Naon Elu-Eluan ?

PATIH
Naon Elu-Eluan ?

KABAYAN
Ieuh Elu, Elu teh hartina Jalu
Mama nyaho karesep Jalu
RAJA JIMBUL
Naon Wiku ?
KABAYAN
Karesep Jalu teh ambewe
Kabeneran mama boga
Putri geulis Tunjungturus

RAJA JIMBUL
Uhu, uhu, uhu,……………
Iku, Iku, Iku…
Ari Iku teh Uki
Ari Uki teh ngarti
Ngarti kana kabeuki ngaing
Kabeuki ngaing Ambewe

KABAYAN
Uhu, uhu,uhu
RAJA JIMBUL
Aha, aha, aha
KABAYAN
Ihi, ihi, ihi
RAJA JIMBUL
Heu heu heu heu heuheuheuydeuh

KABAYAN
Heuay……….
Seuri kabeh !, seuri kabeh !, heup, heup,
RAMPAK
Hahahah, hihihih
Huhuhu, heuheu…heuydeuh

KABAYAN
Tah kitu ! Heueuh ! Alus !

KABAYAN
Heuay…….
Heuay kabeh !, heuay kabeh !, heup heup !

RAMPAK
Heuay, heuay, heuay, heuay
RAJA JIMBUL
Hah !

GENDING
ADEGAN 6
Si Kabayan gek diuk deui dina korsi goyang bari ngadahar hui.
Raja Jimbul jiga nu kapengpeongan ku Putri Nyi Tunjungturus. Gawena leuleumpangan bari ret deui ret deui ka Si Kabayan


RAJA JIMBUL
Duh Nyi Putri Tunjungturus
Kunaon salira nyepi
Duh Nyi Putri Tunjungturus
Kunaon salira nyepi

Cik mangga geura kaluar
Ieu Kakang titatadi
Keur ngantos hoyong gok tepang
Sempal guyon sareng nu geulis

KABAYAN
Tok tar, tok tar, nu denok moal kaluar
Cingkuk, cingkuk, lamun teu diciluk-ciluk
Rincik rincang, diciluk-ciluk asihan
Ba, ba,ba..!, ba,ba,ba…!

GENDING
Ngadenge kecap asihan, Raja Jimbul curingkah


RAJA JIMBUL
Asihan, asihan naon Wiku
Bisa ku…

KABAYAN
Asihan si Kalong hideung
Bisa ngemat tineung deungeun
u-ey, u-ey, Lauk euy lauk

GENDING
Raja Jimbul terus ngadongsok ka Si Kabayan

RAJA JIMBUL
Cing atuh, hempek wiku
Sugan ku….

KABAYAN
Kumpulkeun heula nu lenjang
Nyi Putri resepeun tembang

RAJA JIMBUL
Uhu !, Uhu
Parekan ngaing ka dieu !

GENDING
ADEGAN 7
Opat mojang nu jadi parekan Raja daratang ka dinya..

KABAYAN
Ji wa lu pat, uluh-uluh
Hayang newak
Aduh-aduh

PAREKAN
Ey – ey – ey –ey
Ey – ey – ey –ey

KABAYAN
Jaleuleuja, ta’em, ta’em
Hayang boga
Meureun pelem

PAREKAN
Iy – iy – iy – iy
Iy – iy – iy – iy

KABAYAN
Embung ah, embung
Da bongan geuing iy,iyan

RAJA JIMBUL
Tumutkeun ka palay Wiku

GENDING
Sanggeus nyieun semu nu “pundung”, Si Kabayan malik ngadeukeutan deui Parekan

GENDING
KABAYAN
Mun ambewe enggeus purun
Tinggal adu-adu genjreng
Mun ambewe henteu purun
Ulukutek, eleketek
Yeung heup hoy, du adu adu genjreng

Mun lalaki enggeus hayang
Neangan keur adu genjreng
Mun lalaki henteu hayang
Can ngadenge teu hayangna
Yeung heup hoy, du adu genjreng

RS LALAKI
Heuy, du adu genjreng ! Heuy du adu genjreng !
Heuy, du adu genjreng !

KABAYAN
Jep!, Jep ! tadi oge…
Mun ambewe henteu purun, ulukutek eleketek
Mun Nyi Putri teu puruneun, ulukutek-eleketek

RS LALAKI
Horseh ! Horseh ! Diele-eleketek
Diele-eleketek, sina tepi ka daek

KABAYAN
Cik prak, geura pek ! Cing prek geura pek !
RAJA JIMBUL
Duh Nyi Putri Tunjung Turus


GENDING
ADEGAN 8
Si Kabayan bari tutunjuk

KABAYAN:
Yap, kadieu, kadieu…
Bul !, Tih !, Tri !, mBewe diditu

GENDING
Parekan parindah diukna bari “gengsor”

KABAYAN
Naon cik tah ?
RAJA JIMBUL
Naon ta teh ?

KABAYAN
Asihan si Kalong hideung
Bisa ngemat tineung deungeun
Hayang meunangkeun saha, Bul !

RAJA JIMBUL
Hayang ngawin nya Putri Tunjung Turus

KABAYAN
Hayang naon, Tih ?
RAJA JIMBUL
Sia mah montong rek hayang keur ngaing !

KABAYAN
Hayang naon, Tri ?
PATIH
Sia mah montong rek hayang keur ngaing

KABAYAN
Heueuh !, Heueuh !
Kabeh oge papada boga kahayang
Tong parasea, gek !, gek !, dariuk

GENDING
Si Kabayan rada nyege hareupeun Raja Jimbul. Teu lilaraja katembong mengkek irungna. Ret ka Patih. Patih nunjuk kana bujur Si Kabayan. Tiluanana nu aya ditukangeun Si kabayan marengkek irung…

KABAYAN
Batara Asmara geus lungsur, deuleu !
Salirana seungit lir kastori
Kaambeu, Putu ?

RS LALAKI
Uhu, uhu, uhu,uhu, Oho, oho, oho, uuuuu…..

KABAYAN
Upama kaambeu bau biuk, deuleu
Maksud anjeun pasti moal hasil
Lamun seungit pasti hasil
Kaambeuna seungit ?

RS LALAKI
Seungiiiii … t !!!

KABAYAN
Heueuh, tapi Mama rek motoy heula !, Daragoan..!

GENDING
ADEGAN 9
Si Kabayan bari nyekelan beuteungna, lumpat gagancangan indit ti dinya
Sabot Si Kabayan euweuh Raja Jimbul nembongkeun kakawasaanana (sabada tumpa tempo jeung luak-lieuk

RAJA JIMBUL:
Hoey !, Hoeyah !, Lakadalah
Nyingkah !, Nyingkah kabeh lalaki !
Iwal kami, hihi… heuy
Hoey !, Hoeyah !, Lakadalah
Cicing ! Cicing kabeh Awewe
Reujeung kami, heheheh…..

GENDING
Patih, Mantri, Gulang-gulang arindit ti dinya. Tinggal Raja jeung parekan

RAJA JIMBUL
Uhu !, uhu ! Nguseup lauk make eupan
Susuganan bae beunang
Nguseupan bikang ku bikang

Uhu !, Uhu ! Henteu kudu make bingung
Henteu kudu menta tulung
Ka Wiku nu rada burung

GENDING
Si Kabayan ngadehem tarik pisan, Raja Jimbul ngagebeg. Sanggeus kanyahoan euweuh, tuluy nyalukan Parekan…Haharewosan….

RAJA JIMBUL
Kadieu !, kadieu !
Nyi Putri anu keur nyepi, teu beunang disisikudi
Supaya gancang kaluar, calukan ku sarerea !

PAREKAN
Unjuk sumangga

GENDING

RS PAREKAN
Gusti Putri, Gusti Putri…
Mangga enggal geura gugah
Diantosan ku nu gagah

RAJA JIMBUL
Ieu kakang anu gagah
Gagah !, Gagah !, Raja Jimbul

PAREKAN
Gusti Putri, Gusti Putri
Ieu panto enggal buka
Anu kasep geura papag

RAJA JIMBUL
Ieu kakang anu kasep
Kasep !, Kasep ! Raja Jimbul

PAREKAN
Gusti Putri, Gusti Putri
Masing emut ka salira,
Mangga urang ka nagara

RAJA JIMBUL
Ka Nagara reujeung kakang
Gagah !, Kasep !, Raja Jimbul

GENDING
ADEGAN 10
Sanggeus euweuh walonan ti jero, Raja Jimbul miwarang ku peta, supaya Parekan leuwih ngangseg kana panto imah Si Kabayan. Parekan tingtarempo, sawareh aya nu ngetrokan panto imah…..

PAREKAN:
Trok trok trok trok. Trok trok trok trok
Diketrok-ketrok ti luar, diketrok ketrok ti luar
Nu dilebet sing kaluar

Trok trok trok trok. Trok trok trok trok
Diketrok ketrok geura bray,
Diketrok-ketrok geura bray
Nu dilebet geura lugay

GENDING
Si Kabayan mucunghul tina hateup, ngilikan kaayaan di buruan….
Gancang ngalelep deui sakeudeung… Pucunghul deui bari geus dikurubung ku lawon bodas, kawas nu dimukena…

PAREKAN
Trok trok trok trok. Trok trok trok trok
KABAYAN
Oho !, Oho, Oho !, Oho ! Hoh Hoh.. Uhuuu

GENDING
Kabeh nu diburuan rareuwaseun, malah rek lalumpatan.
Tapi kaburu dicaram ku Si Kabayan

KABAYAN
Montong sieun ! Montong Sieun !
Nya kami anu ngageugeuh patempatan ni didieu
Nya kami anu ngajaga salirana Nyai Putri
Aya naon maraneh keketrok, Hah !

GENDING
Raja Jimbul mani nyempod-nyempod bae awahing ku sieun…
Gancang mere isarah supaya Parekan ngawalonan

PAREKAN
Nun, Embah.. mugi masihan pituduh
Supados eta Nyi Putri enggal lungsur ti kaputren

KABAYAN
Titah saha, hah !
Saha ?, Saha nu boga kahayang, Hah !

PAREKAN
Piwarang dunungan kuring,
Anu gagah anu kasep, Raja Jimbul

KABAYAN
Mana Incu embah..eu…Ibuul ?
RAJA JIMBUL
Sumun,.. sumun.. ieu.. ieu..
Ieu putu Embah.. kulanun

KABAYAN
Incu teh hayang ka Putri eu..eu.. Incu
RAJA JIMBUL
Teu pindo pariksa .. eu.. Sumun.. Embah…

KABAYAN
Hade !, Hade eu..Incu
Nurub cupu saperti tongo jeung kutu
Ongkoh cek Dewa Asmara
Nitih wanci da memang enggeus jodona
Tapi

RAJA JIMBUL
Nanging naon, Embah ?
Kabayan
Kudu aya pameulina
Nya muja si kalong hideung
Nu aya di panyaweran
Memehna mangkade pisan
Ulah make baju alus
Kudu gancang dicuculan

Raja jimbul
Sumangga, mangga, Embah
Mareungpeun kabeh sing rekep
Maralik kabeh kaditu
Kapalay Dewa Asmara
Kami arek cucul-cucul
GENDING
ADEGAN 11
Parekan mareungpeun, maralik nukangan Raja Jimbul
Raja Jimbul cucul-cucul, tinggal calana, jero

KABAYAN:
Alungkeun kabeh ka kami,
Kabeh..eu… Incu !..

GENDING
Raja Jimbul ngalung-ngalungkeun pakeanana
Ku Si kabayan disanggapan

KABAYAN:
Depa, Incu, deukeutan Si kalonghideung
Depa ! Depa bari ngagayem

GENDING
Raja Jimbul sila mando hareupeun totopong nu ngagantung tea.. bari ngagayem..

KABAYAN
Anu sejen kudu diuk di tukangna
Eu… diuk ! Diuk ! nunjuk ka hareup

GENDING
Raja Jimbul kapaksa marentah ku isarat, sangkan Parekan dariuk tukangeunana bari nunjuk kana tonggong Raja Jimbul nu geus buligir….

KABAYAN
Apalkeun jangjawokanana
Kieu..apalkeun
Pong seuh tung, pong seuh tung
Jajado, jajado
Cek Incu…
Hoyah !, Hoyah !
Cek nu sejenna, Pok !

RAJA JIMBUL
Pong seuh tung, pong seuh tung
Jajado, jajado
PAREKAN
Hoyah !, Hoyah !, Hoyah !, Hoyah !
KABAYAN
Ing ter ing ter ing ter ing
Alus ! Heueuh ! Sakali deui Incu

RAJA JIMBUL
Pong seuh tung, pong seuh tung
Jajado, jajado
PAREKAN
Hoyah !, Hoyah !, Hoyah !, Hoyah !
KABAYAN
Ing ter ing ter ing ter ing

Ayeuna, iwal Incu
Kudu indit kabeh jauh ti kaputren
Geus kitu ku sorangan
Buru-buru Incu ngetrokan kaputren

GENDING
ADEGAN 12
Parekan arindit gagancangan. Raja Jimbul culang-cileung sorangan.
Bari asa-asa ngadeukeutan panto. Sajeroning kitu Si Kabayan ngalelep tuluy dangdan make pakean raja
Raja Jimbul keketrok. Bray panto muka, lol Ambu Kabayan ngulang-ngulang halu rek diteunggeulkeun ka Raja Jimbul. Raja Jimbul reuwas tuluy lumpat.
Ambu Kabayan ngudag … teu kebat.. key seuri bari nunjuk ka lebah Raja Jimbul.. Si kabayan kaluar imah geus make pakean Raja Jimbul

KABAYAN
Heuheuy, heuheuy
Uing jadi kasep
Uing jadi Raja, deuleu !

Heuheuy, heuheuy
Maneh ka nagari
Maneh prameswari, daek ?

KABAYAN/AMBU KABAYAN
Raja cek urang
Prameswari cek urang
Urang mah kumaha urang
Lain ? Heuy !

Raja Jimbul enggeus mabur
Jiga kuda kabur, hiem, hiem
Hayu urang seuri, nyikikik, hi hi hi
Hayu hurang seuri, nyakakak, ha ha ha

Heuheuy deudeuh
Heuheuy deudeuh
Hirup mah heuheuy jeung deudeuh,
Heuheuy jeung deudeuh
Sukaseuri nya urang nu lalajona
Hoyah ! Hoyah !
Urang ge dilalajoan
Geus ah ! Geus ah !

Bandung, 12 Februari 2002
Disalin tina Naskah aslina
nu disusun dina tahun 1965

No comments: