Saturday, May 22, 2010

KENTRUNG HARIRING

( Nano. S )
GENDING
Para pamuda asup ka pentas bari mawa halu, gerakan diluyukeun jeung gending.

PARA PAMUDA :
Tamaha jadi lalaki
Kudu bisa nyieun halu
Haluna, haluna kuat lir beusi

Dipake nutu di lisung
Sorana angin-anginan
Ngelentrung, matak nineung ka nyi mojang

Alah kentrung,kentrung, aduh rame pisan
Alah kawel- kawel, aduh tapis pisan
Najan rame teu pabeulit
Sukuna tara ti kait
Najan ripuh teu rumahuh
Sumawona hahah-huhuh
Paling, paling aduh nyeri cangkeng
Alah kentrung-kentrung……..fade out…..

GENDING
Selang tina ngarengsekeun nyieun halu, gantian nyaritakeun pangalamanana

PAMUDA 1
Basa Nyi Emeh keur nutu
Ngalamun kadagor halu
Huntuna………………
Murudul satilu-tilu

PAMUDA 2
Basa nyi Icih keur napi
Gubag-gibeg pasang aksi
Haluna………………..
Teu pupuguh nyintreuk ceuli

PAMUDA 3
Nyi Ijah milihan serah
Katinggang lebaheun sirah
Bareuhna……………..
Melendung sagede gajah

PAMUDA 4
Nyi Mumu gawena kerung
Bangun anu nyeri beuteung
Gorobasssssssss
Logodor sagede halu

PAMUDA 5
Nyi Ijur peuting ngalindur
Salaki dijieun halu
Anehna………………….
Salakina seuseurian

PARA PAMUDA
Hahahahahahah – heuheuheuheuheuheuh……..antarlina……

GENDING
Keur rame seseurian salah saurang pamuda ninggali aya mojang nu rek ngaliwat tuluy nyarita kanu sejena


PAMUDA 1
Leuh euleuh tuh aya nyi mojang !
PARA PAMUDA
Cing mana ?
PAMUDA 2
Duh mani hezo
PARA PAMUDA
Arek hezo arek koneng
Ka nyi mojang tetep hayang
PAMUDA 1
Mun kadieu rek kumaha ?
PARA PAMUDA
Acuh wae sabab butuh
PAMUDA 1
Leuwih hade urang goda
PARA PAMUDA
Akur pisan mending kitu

GENDING
Ngaliwat nyi mojang duaan atawa tiluan ka hareupeun para pamuda, ku para pamuda tuluy diheureuyan.

PARA PAMUDA
Neng ! neng ! neng ! neng !
Sora loceng…….pasti eraeun

GENDING
Mojang nu ditanya tadi mah rek atoh tapi kusabab diheureuykeun tuluy ting kelemes tapi teu ingkah ti pentas. Teu lila ngaliwat deui mojang duaan, siga nu tadi ku pamuda diheureuyan.

PARA PAMUDA
Nyi !, Nyi ! , Nyi !, Nyi !
Nyiruan tuh !

GENDING
Mojang nu diheureuyan ngadeukeutan baturna nu tadi diheureuyan. Ti arah sejen datang nyi mojang nu gaya leumpangna jiga peragawati.

PARA PAMUDA
Aduh lucu persis peragawa………
Teu ah…………..

GENDING
Para pamuda ting cikikik, seuri ku tingkah lakuna sorangan geus hasil ngaheureuyan nyi mojang. Mojang-mojang baraeud tuluy ngambeuk.

PARA MOJANG
Asa teu gugur teu angin
Jeung asa kamalinaan
Cunihin teh kaleuwihan
Siga nu kurang saeundan
Aya naon ? aya naon ?
Cing pek ngomong anu bener !

PARA PAMUDA
Manawi peryogi halu
Sae pisan kanggo nutu

PARA MOJANG
Tayoh pantes ka patutna
Sirah batu kawas halu

PARA PAMUDA
Rumaos akang mah hipu
Kagaduh mung ukur halu

PARA MOJANG
Ngomong kalah beuki ngaco
Polah api-api bodo
Kami tetep henteu suka
Anjeun kudu tanggung jawab

GENDING
Ngarasa kadeseh para pamuda tuluy ngomong kana halu masing-masing, miceun ka era ti dituna mah pedah diseukseukan ku para mojang

PARA PAMUDA
Da maneh mimitina
Jadi sayah katempuhan
Ari geus kieu kumaha
Ngomong-ngomong !

Ieuh kuring teh arisin
Isin isin tuh isin ku lisung

GENDING
Para mojang ngarasa heran jeung hayang seuri ninggali kalakuan para pamuda teh, sok sanajan kitu tetep can mere budi ka para pamuda

PARA PAMUDA
Moal sakali-kali deui..Hah !
Awas diwartoskeun ka Abah
Hayoh nyuhunkeun dihapunten
Sok sok da moal nananon !

PARA MOJANG
Kalakuan pangakalan
Kalakuan panipuan
Kalakuan teu uyahan
Kahayangna diwawuhan

PARA PAMUDA
Kadangu henteu
Tuh anjeunna bendu
Socana mani baruleud

Ayeuna kieu
Da maneh nu boga dosa
Maneh nu tanggung jawabna ( bari nunda halu tuluy indit )

PARA MOJANG
Pasti…eraeun….
PARA PAMUDA
……Enya……

GENDING
Sanggeus para pamuda indit ti dinya, para mojang rupa-rupa tingkahna aya nu mupuas tapi aya oge nu boga rasa kaduhung.

MOJANG 1
Kami mah jadi kaduhung
Geus nyarekkan leuwih teuing
Sok sieun raheut hatena
Ngaganggu kana jiwana

MOJANG 2
Lalaki kitu kuduna
Supaya kapok jadina
Sabab mun terus diantep
Boga rasa ieu aing

MOJANG 3
Tapi mun ngukur dosana
Bet asa teu sabaraha
Kumaha atuh jadina
Sangkan teu goreng akhirna

MOJANG
Halu dipake gantina
Nurutan cara manehna
Urang pake tutunggulan
Ciri urang sauyunan

PARA MOJANG
Akur akur
Nu goreng lain jalmana
Tapi kalakuanana
Hayu rawatan ayeuna

GENDING
Para mojang ngarawatan halu nu tinggaloler, para pamuda daratang ti tukangeunana bari seuri leutik,barang mojang-mojang rek jung pisan nangtung ku para pamuda dibetahkeun. ( Catetan : alusna dina adegan ieu make lisung, tuluy tutunggulan, keur jongjon tutunggulan karek para pamuda kaluar ti tukangeun bara mojang )

PARA PAMUDA
Tah kitu alus
Diurus ti leuleutik
Geus gede mulang tarima
(halu diturunkeun rek ditunda deui)
His naha kitu
Teu kedah isin-isin
Teraskeun….teraskeun….

GENDING
Ku sabab era, para mojang tuluy mencrong jeung nyarekkan halu sewang-sewangan.

PARA MOJANG
Da maneh mimitina
Jadi kami katempuhan

Henteu kudu sindir sampir
Ngomong ngomong

Aeh aeh bet ngabetem
Awas moal dipasihan…..

PARA PAMUDA
Apem
PARA MOJANG
Kadangu henteu
Tuh anjeunna surtii
Kiceupna siga kelenci
PARA PAMUDA
Kelencina moal kabur
PARA MOJANG
Nya ceuk kami oge
Mun daria pek balaka
PARA PAMUDA
Isin keneh

GENDING
Bari silih tunjuk jeung silih surungkeun para pamuda nitah salah saurang wakilna pikeun ngadeukeutan para mojang

PAMUDA 1
Cing halu kuring contoan
PARA PAMUDA
Mimitina …. Weh !

GENDING
Ku sabab para mojang teu mere respon, salah saurang pamuda para mojang disindiran

PAMUDA 2
Sayang cantik-cantik aga tuli
Telinganya mungkin kelebihan gizi
Sayang kalau musti dioperasi
Telinganya lucu seperti kelinci

GENDING
Pikeun ngawanohkeun pihak para pamuda jeung para mojang, salah saurang api-api jadi pagawe telkom, gerakanana siga nu masang kabel telepon jeung nu masang telpon tuluy dicoba ku manehna teu lila dibikeun ka salah saurang baturna supaya nelepon para mojang.

PAMUDA 4
Halow halow …nyi Omoh nih !
Oke oke oke
PARA PAMUDA
Ok ak ok ey ok ak ok ey
PAMUDA 4
Sssssst……. salam sayang buatmu seorang
Cup cup cup…
PARA PAMUDA
Aji no moto
PAMUDA 4
Heueuh ..heueuh…dah Omoh……
Apa ? kang Ibro ?…ada… sebentar yah….

GENDING
Telepon dibikeun ka salah saurang pamuda nu jadi Ibro, tuluy Ibro nelepon legeg pisan

PAMUDA 5
Halao halao..saya Ibro nih..!
Selamat subuh…….
Ohhhhhhh…Nyi Ijur nih !
Halo…. ( jur )
Apa kabar ( jur )
Ah engga ( jur )
Makan tebu ( jur )

PARA PAMUDA
Halow … halow… ( bari ngadeukeutan para mojang )
Cantel yu !

GENDING
Para mojang tetep pengkuh can daek ngalayanan para pamuda. Ku sabab kitu tuluy para pamuda tinglaleos tapi bari nanya ka dirini sugan jeung sugan dijawab ku para mojang

PARA PAMUDA
Upamina ieu mah
Nu pasea wawuh deui
Cing kedah dikumahakeun ?
PARA MOJANG
Ditaros !

PARA PAMUDA
Upamina ieu mah
Hoyong teras silih asih
Cing kedah dikumahakeun

PARA MOJANG
Ditarosan
Upamina ieu mah
Ditarosan pareng kersa
Cing kedah dikumahakeun ?
PARA PAMUDA
Dieleketek……

Akang mah geus pageuh jangji
Moal boga pamajikan iwal ka anu sahiji
Anu meulit dina ati

PARA MOJANG
Leuh euleuh euleuh
Na saha tea ?

PARA PAMUDA
Sanes sasaha….kapan salira

PARA MOJANG
Duka atuh
PARA PAMUDA
Akang cinta
PARA MOJANG
Ngemut heula
PARA PAMUDA
Kedah kersa
PARA PAMUDA
Lamun henteu
PARA PAMUDA
Kedah mangga
PARA MOJANG
Lamun mangga
PARA PAMUDA :
Itu diaaaa

PARA MOJANG/PAMUDA
Dengkleung dengdek – dengkleung dengkleung dengkleung
Dengkleung dengdek – dengkleung dengkleung dengkleung

PARA MOJANG
Lamun moal daek
PARA PAMUDA
Akang ngeleketek
PARA MOJANG
Lamun abdi daek
PARA PAMUDA
Kulan
PARA MOJANG
Daek
PARA PAMUDA
Kulan
PARA MOJANG
Daek
PARA PAMUDA
Kulan
PARA MOJANG
Daek !
PARA PAMUDA
Akang ngarengkenek
( mimitina lalaunan supaya teu kadengeun ku para pamuda, tapi beuki lila beuki tarik malah antukna mah dijorowokeun )

PARA MOJANG:
Kade nya ulah ngabohong
PARA PAMUDA
Moal
PARA MOJANG
Kade nya tong mangnyerikeun
PARA PAMUDA
Moal
PARA MOJANG
Kade nya midua hate
PARA PAMUDA
Moal
PARA MOJANG
Kade nya cing nyaah pisan
PARA PAMUDA
Moal……
( para mojang neunggeul para pamuda, para pamuda sadar yen jawabanana salah tuluy tingcorowok nyebut bade bari ngudag para mojang nu ting laleos ti dinya )
PARA PAMUDA: Bade…bade..bade….

GENDING PAMUNGKAS

No comments: