Friday, May 28, 2010

MALINDES

1
PAMEGET
Itu aya istri, angkat andalemi
Arek diajak diskusi
Leuh siga nu pasini

Rek sina mikiran soal pembangunan
Leuh pantes bodo pisan
Heu-heu-heu-heu-heu-heu-heu

Ieuh nyai geura lalilir - na da ieu ge teu keur sare
Jiwa lampah kudu digilir - jiwa sareng lampah nu kumaha
Entong wungkul sukan-sukan - ari kitu
Kapan geus waktuna pembangunan - lah bisa we kabatur

Hoyah Bapa licik sorangan - ari taeun teh licik kumaha
Geuning lucu seueur alesan - alesan palebah manana
Pajar nempuh pembangunan - ari kitu
Sihoreng teh ngatur pangulinan

PAMEGET : Najan ulin ngandung maksud
ISTRI : Maksudna nungtun ramijud
PAMEGET : Ulin soteh keur usaha
ISTRI : Usaka keur suka ria
PAMEGET : Nyai oge geuning ningkah
ISTRI : Da bongan bapa sarakah
PAMEGET : Gampang nuduh
ISTRI : Bapa oge angkuh, kabisa ulin teu puguh

2
PAMEGET
Itu aya istri, angkat andalemi
Arek diajak diskusi
Leuh siga nu pasini

Rek nyoba dijajal tina hal social
Leuh pantes taya akal
Heu-heu-heu-heu-heu-heu-heu

PAMEGET
Nyai masing daek sosial - kapan kamari ngajajanan
Amal hajat rijki nu halal - lah, na aya halon kakupingna
Entong nurutan barudak - na kumaha
Datang nu musapir dibuburak - eta mah ngabuburak hayam

ISTRI
Ieuh naha bapa uninga - na aya peristiwa naon
Tadi kadongkapan tatangga - tatangga! rek naon cenah
Beas bagian manehna - ari kitu!
Ku bapa diringkid sadayana

PAMEGET : Rek social pangnebuskeun
ISTRI : Tapi teu terus dibikeun
PAMEGET : Saenyana bapa butuh
ISTRI : Tapi tatangga nu ripuh
PAMEGET : Geuning Nyai ku usilan
ISTRI: Da bongan dimimitian
PAMEGET : Bapa ambek
ISTRI : Abdi oge ambek, da bapa koret jeung hawek

3
PAMEGET
Itu aya istri, angkat andalemi
Arek diajak diskusi
Leuh siga nu pasini

Rek nyoba diuji, soal Ekonomi
Leuh pantes moal ngarti
Heu-heu-heu-heu-heu-heu-heu

PAMEGET
Ieuh Nyai masing parimpen - kantenan we
Duit kudu mayeng disimpen - unggal sasih ge nyengcelengan
Nyimpen kakara saratus - ari kitu?
Tapi maksa nganjuk tujuh ratus

ISTRI
Hoyah bapa oge osok curang - ah gagabah teuing
Nyumput nimbun barang digudang - sasalingkeran soteh sieun pulisi
Kajeun ra’yat kalangkabut - ari kitu
Ngelemet dijual harga catut

PAMEGET : Kapan taktik cari untung
ISTRI : Tapi ra’yat jadi bingung
PAMEGET : Ekonomi dikuatan
ISTRI : Bapa nu untung sorangan
BAPA : Nyai oge resep nganjuk
ISTRI : Kapan kabutuhan numpuk
PAMEGET : Kudu perih
ISTRI : Beuteung peurih, katambah loba nu nagih

4
PAMEGET
Itu aya istri, angkat andalemi
Arek diajak diskusi
Leuh siga nu pasini

Rek nanya sing telik tina hal pulitik
Leuh pantesna the ceurik
Heu-heu-heu-heu-heu-heu-heu

PAMEGET
Nyai kudu ngarti pulitik - pulitik dapur mah ngartos
Buku-buku perlu diulik - lah teu ari, mending maca komik
Pulitik kanagaraan - dikumahakeun
Tong disarwakeun jeung kacantikan - bisa sorangan bapa mah

ISTRI
Ieuh bapa pinter ngan licik - licik kumaha
Taktik telik ngulik pulitik - puguh we, da tepi ka rieut jangar
Turta ngarti ngan meueusan - ari kitu?
Tapi nu dierong kadudukan

PAMEGET : Kapan hayang bela ra’yat
ISTRI : Da ra’yat tetep masakat
PAMEGET : Hirup leutik kudu tuman
ISTRI : Perlu ku Bapa contoan
PAMEGET : Bapa kungsi dahar “singkong”
ISTRI : Tapi jeung kiju mantega
PAMEGET : Entong loba ngomong
ISTRI : Ulah songong sombong, ditambah jeung gede bohong

5
PAMEGET
Itu aya istri, angkat andalemi
Arek diajak diskusi
Leuh siga nu pasini

Sina ngamanaan soal Persatuan
Leuh pantes tolol pisan
Heu-heu-heu-heu-heu-heu-heu

PAMEGET
Ieuh Nyai kudu bersatu - kantenan we supados teguh
Sangkan nagri kuat tur maju - kadangkala Irian ge tiasa karebut
Ulah pedah teu nyambungan - har na kumaha kitu?
Geuning jeung tatangga mumusuhan - sanes musuh, isin patepang

ISTRI
Euleuh bisa wae pidato - tukang anjuran tea
Geuning tadi bapa kapergo - euh basa di imah tea
Silih cakar jeung geureuha - ceuk saha?
Bongan lami teuing di nu ngora

PAMEGET : Latihan keur persatuan
ISTRI : Latihan panyerewedan
PAMEGET : (da) teu ngalawan ukur nyentak
ISTRI : Tapi make surat talak
PAMEGET : Kapan isuk rek diruju
ISTRI : Persatuan cala-culu
PAMEGET : Persatuan
ISTRI : Geuning perceraian, tungtungna awut-awutan