Monday, May 24, 2010

NAGARA TOJAIAH

NANO. S

GENDING :
Sakabeh rahayat jeung pajabat nagara Tojaiah geus karumpul ngariung ngadagoan datangna raja jeung prameswarina rek ngayakeun gempungan. Dayang-dayang gareulis atuh para prajuritna oge karasep jeung taregep kaasup rahayatna make pakean sing sarwa ginding.

LAGU

RAMPAK
Nagara Tojaiah nagara urang
Gilang gumilang cenah ceuk urang
Nagara Tojaiah nagara urang
Rajana agung agung ceuk urang

GENDING
Raja jeung prameswari datang kadinya dipayungan ku payung agung ku sorangan, sakabeh nu aya meureupkeun leungeuna ti dituna mah ngahormat ka raja.

RAMPAK
Nagara Tojaiah nagara urang
Gilang gumilang cenah ceuk urang
Nagara Tojaiah nagara urang
Rajana agung agung ceuk urang

Eeeeeeeeeee
Brang breng brong musikna
Cad aced igelna……………………

Brat bret brot basana………….
Cururut huap-huap
Cururut huap-huap
Cururut huap
Huap cururut
kabudayaan

GENDING
Candoli buru-buru nyiapkeun dahareun jeung inumanana pikeun raja jeung sakumna nu aya, memeh dikarajakeun ditinggalikeun kanu araya.

RAMPAK

Raja nu agung……..
Nyanggakeun ieu tuangeun
Kenging moe dinu hieum
Campur endog kacingcalang
Mangga-mangga raosna kabina-bina
Hasiatna tangtos beuteung bungkiang

Raja nu agung……….
Nyanggakeun ieu inuman
Cai peuyeum endog buruk
Dicampuran oray kadut
Mangga-mangga raosna kabina-bina
Hasiatna landong biwir barusuh
RAJA
Bagus, bagus rasana pasti pulen
Kumaha Tih
PATIH
Bagus, bagus rasanya pasti adem
Nya euy
JAKSA
Heueuh, heueuh
Ditanggung moal mencret
RAJA
Bagus, bagus jawabna pada bagus
Kumaha ceuk nyai
PRAMESWARI
Hah… iyey….iyey…
Mani kabita upami aya keneh
RAJA
Mangga teraskeun
Bocokok…bocokok
Ke dipasihan upami aya keneh

GENDING
Jaksa hulang huleng, rumasa can ditanya ku raja, asa disapirakeun, katinggali ku raja tuluy disampeurkeun.

RAJA
Aya naon jaksa siga teu damang
JAKSA
Panyana tek arek nanya
Boro siap pakai Nun
RAJA
Hah…abdi mah sanes Nun… euy
JAKSA
Enya nyaho
Nu leres atuh euy
Muhun si muhun
RAJA
Bagus, bagus jawabnya tidak bagus
Nya Tih
PATIH
Heueuh, heueuh jawabna rada monyong.. nya euy

GENDING
Prameswari elekekeng siga nu nyeri beuteung, meureun loba teuing barangdahar, raja surti turun marentah ka ajudanana

RAJA
Judan……. Judan
Gancang tulungan
Underground euy, underground euy
Make cuap-cuap
Kade poho cururutna

GENDING
Prameswari jeung para dayang ngengklak nu teu sawirahma jeung gending, raja keprok sugema ninggali pamajikanana hegar deui, nu sejen ngengklokan bari ngalagu.

RAMPAK
Cururut..cururut beurit
Huap-huap beurat ka handap
Ba ba bakekok kok kok bocokok
Menyon, menyon, monyong
Ee….. cururut beurit diadu-adu
Cay cay ngacay
Gunjang-ganjing gunjang ganjing
Gunjang-ganjing guncang ganjing


GENDING
Keur jongjon ngarengklak, datang prajurit mawa tawanan, nu araya kaget asa kagareuwahkeun


PRAJURIT
Bawa kadieu
Gerak

Nu ieu pangawal
Nu ieu tahanan
Manehna ditahan
Sabab ngarempak aturan

Kaopat diuk luhureun batu
Katilu loba babacaan
Kadua anti narkotik
Kahiji loba amal
Laporan mimiti, kiri turun, maju

RAJA
Parantos
PRAJURIT
Heueuh

GENDING
Ngarasa aneh ninggali tawanan, sakur nu aya olohok, tapi aya oge nu wani ngadeukeutan bari noelan.

Jaksa mariksa, tuluy manggihan pestol nu dibawa ku Bo’im, ditinggali teu lila pestol disada, nu aya hayang ngajaran ditembak


RAJA
Jaksa………. ( sa sa sa sa sa )
Nurutkeun iloan kula… (nas)
Ieu jalmi matak baha….(gia)
Margi tiasa cila…(ki)
Bilih bahaya ka u…(cing)
JAKSA
Bagus, bagus aku dapat proyek

RAJA
Tapi inget
Margi ieu urang asing
Hirup teu sami jeung urang
Anu mana…sakumaha..mariksana
Sayaga sadayana…
Ngarti
JAKSA
Nyaho
RAJA
Patih
PATIH
Peot

Patih oge geuning peot
Guyat gayot sosorodot
Sarnud…Edi…Argo…Goler…..nunangnaningnangnuninang
Hahahahahahah

RAMPAK
Poe naas………. (poe naon)
Poe Senen………(ngahareren)
Poe sial…………(bararengal)
Poe kacrut………(mararuncut)


Sing jauh ti bebeneran
Sing anggang ti karukunan
Pok torolong gancang ngomong
Sing ngaku nu saestu

Puas puas sing puas
Hempek hempek sing senang

JAKSA
Saha ngaran ?
BOIM
Bo’im
JAKSA
Hah…saha ?
BOIM
Bo’im !
JAKSA
Bo’im…hahahaha
Yeuh bisi hayang nyaho
Bo’im teh didieu mah kieu
Hacih…..hacih….
Tah eta bo’im

JAKSA
Anjeun rumasa kana kasalahan
BOIM
Henteu
JAKSA
Yeuh anjeun teh boga sababaraha kasalahan
Nu rek dijelaskeun ayeuna
Kaopat naon sababna
Anjeun tara ngalakonan korupsi
BOIM
Sabab korupsi gawe hina reujeung jahat
JAKSA
Salah
10 % keur sia

Yeuh korupsi teh
Hade keur naratas jalan beunghar
Yeuh korupsi teh
Aturan anu perlu dilakonan
PRAMESWARI
Enya, enya salaki uing ge kitu
Ku uing dihatean sina daek nyeleweng
Mere conto kabawahan
Korupsi teh mawa jalan kabeungharan
Nya A….
RAJA
Iye …deh
BOIM
Teu bisa

JAKSA
Kadua naon sababna anjeun tara ganja jeung narkotik
BOIM
Sabab ngabahayakeun jiwa
JAKSA
Ngaco maneh mah
Yeuh ganJa jeung narkotik perlu jaba nimat
Nganteurkeun urang ka sawarga rasa
Gawe kabebasan pinuh kasenangan
Bodo maneh mah teu beuki ectasy

PRAMESWARI
Enya enya teu nyaho nu pelem
Salaki uing oge ayeuna mah sok nyobaan
Terus deudeuieun, terus menta deui
Nya untung di nagara jadi loba narkoba
Nya A….
RAJA
Iya dong.. teler .. teler
BOIM
Naon harti kabebasan mun mawa kasangsaraan
Naon harti kabebasan mun diri taya hargaan

JAKSA
Nu taya hargaan teh nu sok ripuh gawe
Ngagugulung harga diri balangsak unggal poe
Tapi ganja narkotik nengtremkeun tingtrim hate
Kalayang-kalayang widadari ngajak sare

BOIM
Kabebasan lahir ku jalan nu salah
Eta geus mengkolkeun tina bebeneran

JAKSA
Eeeeee naha bangsa anjeun geus bener bener bener
Parebut bebeneran ngorbankeun nu lian
Bener ukur simbul sangkan meunang kapercayaan
Marebutkeun bener make jalan peperangan

BOIM
Marebutkeun bener satemenna perang
Perang jeung kasarakahan, perang reujeung kadoliman

JAKSA
Dolim
Kueh dolim dibabawa
Didieu mah kueh dolim
Dicitak diemple-emple

BOIM
Ngabela bebeneran museurna dina diri
Perang jeung napsu sorangan

JAKSA
Di dieu salahna anjeun
Geus puguh bener teh hese
Dikotektak unggal poe……..
Coba ku jalan serong
Nu sejen ge sugih uang
Kebonna, ucingna, euy nambru

PRAMESWARI
Salaki uing oge
Boga inten tilu kintal
Eta teh usul uing
Meungpeung jeneng

MANTRI
Turutan uing
Boga sayang papatong, hiung…hiung…
Gonjang ganjing
BOIM
Teu bisa

JAKSA
Kadua naon sababna
Waktu proyek geus lekasan
Ngabagi-bagi rejeki utamana keur bawahan

BOIM
Satemenna gawe kuring teu sorangan
Wajar jeung meujeuhna mun maranehna kabagean

JAKSA
Anjeun teu sadar geus mengkolkeun bener
Nu tadi digawe tanpa pamrih
Ayeuna mah…miharep buruh leuwih
Sabab nyaho anjeun mah leuwih ti kitu

PRAMESWARI
Salaki uing oge mun aya kauntungan
Tara dibagi-bagi
Masuk kantong

MANTRI
Ieu uing turutan, bojona saaleutan
Dulurna, lemburna
Kacukupan

BOIM
Ngumpulkeun harta kakayaan
Ladang meres kesang jalma leutik
Teu luyu jeun kamanusaan

JAKSA
Tapi justru..
Orang yang seperti itulah
Yang pasti bahagia hidupnya

RAJA
Aing contona
PRAMESWARI
Nyai peloporna

BOIM
Bener ceuk kuring can tangtu bener ceuk anjeun
MANTRI
Eeee mengapa terdesak

JAKSA
Jadi ceuk rasa anjeun
Ngabagi rejeki kaasup gawe nu hade
BOIM
Enya
JAKSA
Bodo maneh mah
Coba mun dihakan ku sorangan
Pan senang cara kuring


GENDING
Nu araya sarurak asa meunan, nepakan jaksa, sasalaman ka Bo’im

JAKSA
Ayeuna soal kahiji
Naon sababna anjeun sok gegerenyeman
Siga nu gelo
Babacaan ti subuh nepi ka peuting
Siga teu eling

BOIM
Astaghfirullaahal’azhim
Nyebat asma agung Allah Akbar
Nu ngusik-malikeun sakumna mahluk
Allah Akbar

RAMPAK
Geus geus gandeng
Lagu nanahaon tateh

BOIM
Astaghfirullaahal’azhim
Allah nu agung
Hirup hurip abdi aya mung Allah anu kagungan
Allah Akbar

RAMPAK
Geus geus gandeng gandeng
Sia mah ngageroan nu teu puguh
Naon harti nyebut nu euweuh buktina
Digeroan unggal poe bari tara datang-datang

BOIM
Astaghfirullaahal’azhim
Astaghfirullaahal’azhim
Bissmillaahir rahmaanir rahiim
Laa haula wa laa quwwata illa billahil’aliyil.’azhiim
Rabbi najjinii minal qaumizh zhaalimiin

GENDING
SAKABEH EUSI KARAJAAN “NAGARA TOJAIAH” NGARASA PANAS JEUNG TEU KUAT NYANGHAREUPAN BO’IM, ANU TUNGTUNGNA KABEH TEU DAYA TEU UPAYA, NGAGALOLER MALAH NEPI KA HANTEUNA.


Dikorehan deui tina naskah taun 1982
Bandung, September 2000
KW

No comments: