Saturday, May 29, 2010

ISTRI TAMPIKAN

ISTRI TAMPIKAN

1
Daek milih ka Engkang, PAMINGPIN BESAR
Deuh sagala aya, terhormat jeung beunghar

ISTRI:
Deuh narah, moal bade sadrah
Sok inggis Pamingpin palsu
Pakaya beunang titipu
Abdi rempan sieun jadi korban (aduh)
Abdi moal bibilasan

2
Daek milih ka Engkang, AHLI PIDATO
Deuh pertentang gandang, ku batur kajojo

ISTRI :
Deuh ampun, sanes teu kayungyun
Sok inggis dirumah tangga
Pidato jadi “senjata”
Menta blanja dibere pidato (aduh)
Abdi moal mikasono

3
Daek milih ka Engkang, KAPALA KANTOR
Deuh Engkang kawasa, mo aya nu negor

ISTRI :
Deuh narah, moal bade leah
Song inggis diteler-teler
Sapedah manggih nu maher
Maen mata jeung Klerek wanita (aduh)
Abdi mah moal percaya

4
Daek milih ka Engkang, PEGAWAI TINGGI
Deuh gajih genep B, tuh mobil sayagi

ISTRI :
Deuh narah, da abdi mah cacah
Sok inggis dikantun turni,
Teu betah calik di bumi
Geuning sering meninjau nguriling (aduh)
Tilu minggu tara sumping

5
Daek milih ka Engkang, SUDAGAR BEUNGHAR
Deuh keur lubak libuk, gedongna ngajajar

ISTRI :
Deuh narah, moal tumaninah
Sok inggis rucah awuntah
Pakaya modal keur nikah
Popotongan di unggal pengkolan (aduh)
Hawa duit sok rayungan

6
Daek milih ka Engkang, PANGURUS PARTE
Deuh ngamudi ra’yat ku jalan nu hade

ISTRI :
Deuh hamo, inggis pareng moho
Ti beurang Organisasi
Ti peuting Administrasi
Rumah tangga teu kapirosea (aduh)
Abdi bade ngemut heula

7
Daek milih ka Engkang, PAMINGPIN SENI
Deuh sohor kamsyhur jiwa nu “berbudi”

ISTRI :
Deuh narah, sok inggis sarakah
Micinta kana sorana
Tungtungna ka jelemana
Seni swara jadi “seni mata” (aduh)
Moal aya nu mercaya

8
Daek milih ka Engkang, LUITENANT SATU
Deuh sakeudeung deui promosi geus tangtu

ISTRI :
Deuh narah, moal bade sadrah
Keur sare paur ngalindur

Ngabedil batu sakasur
Sareng rempan, sok inggis rayungan (aduh)
Abdi moal nyaluyuan

9
Daek milih ka Engkang, KABAYAN LUCU
Deuh gajih mucekil ti dieu ti ditu

ISTRI :
Deuh rempan, sok seueur alesan
Pajarkeun rapat di kantor
Sihoreng tos udar ador
Rek latihan, horeng “peperlipan” (aduh)
Bade ngemut heulaanan

10
Daek milih ka Engkang, AGEN PULISI
Deuh tandang ngajaga, parabot sayagi

ISTRI :
Deuh kapok, kapungkur paamprok
Nalika tumpak sepeda
Ditangkep taya hampura
Pedah sepedah, teu aya penengan (aduh)
Rupina moal laksana

11
Daek milih ka Engkang, PAMINGPIN KOMIK
Deuh Engkang popular, di barudak leutik

ISTRI :
Duh rempan, inggis kasurupan
Ngadadak jadi Rahwana
Mucinta istri nu riba
Hayang ngapung ngudag-ngudag gelung (aduh) Abdi mah inggis kapahung

12
Daek milih ka Engkang, darah PATANI
Deuh beunghar ku beas, henteu kudu meuli

ISTRI :
Duh risi, inggis kurang aksi
Panganggo baraseuh ngucrak
Jareblog pinuh ku leutak
Artos ijon, inggis moal cumpon (aduh)
Hirup hamo bias jongjon

13
Daek milih ka Engkang, WARTAWAN LEUTIK
Deuh beunghar kanyaho social politik

ISTRI :
Duh rempan, inggis hese jajan
Sanajan vulpen na tembong
Dirampa kantongna kosong
Cari b’rita, mindeng jalan kaki (aduh)
Abdi moal bade nampi

14
Daek milih ka Engkang, JAGO BADMINTON
Deuh mun geus bayangan, Sonneville ge kawon

ISTRI :
Duh ajrih, inggis henteu tanjrih
Siang jeung wengi amengan
Badminton kamalinaan
Meser reket, prima kualitet (aduh)
Rumah tangga kurat-karet

15
Daek milih ka Engkang, DALANG PERTENTANG
Deuh teu boga hutang, sabab loba nokang

ISTRI
Duh duka, teu matak kabita
Payu ge sok mawa curang
Ka unggal Pasinden hayang
Anu lengoh henteu kaop bongoh (aduh)
Abdi mah moal karooh

16
Daek milih ka Engkang, ELIT PARLEMEN
Deuh hasil pilihan ngajadi “gegeden”

ISTRI :
Duh ampun, moal kumawantun
Geus hasil inggis ngahenen
Ka nasib ra’yat teu open
Ra’yat sedih tetep elih-elih (aduh)
Abdi oge ngiring sedih

17
Daek milih ka Engkang, OMROEPER RRI
Deuh soara ngoncrang, pinuh ku pangarti

ISTRI :
Deuh sidik, gajihna saeutik
Mending ge ka tukang Goong
Gamelan Studio Bandung
Timbul cinta, mun katingal harta (aduh)
Moal waka nyebat “mangga”