Thursday, May 27, 2010

SEMPAL GUYON

TUKANG SAYUR
Sayur! Sayur!
Kangkung aya beas aya
Ase cabe make jahe
Lanjung aya panas aya
Bebene midua hate

Sayur! Sayur!
Lauk asin jeung galendo
Nyiksik cabe sumolondo
Matak isin sumolondo
Ditampik rek peureum wae

- Tah tukang sayur datang
+ Mangga geura garaleuhan
- Cing kuring rek balanja
+ Sagala rupa sayaga
- Hayang kangkung jeung lobak
+ Mangga candak
- Kangkung Bandung, Lobak Garut
+ Nu keur pundung sok camerut
- Ey geuning ku celembeng
+ Kapan ngaladenan Eneng
- Ieu artosna
+ Tah sayurna, permios ka sadayana

TUKANG BORONDONG
Borondong…….
Aeh, Borondong garing, ieuh……….
Suuk aya, kacang aya
Mangga ujang garaleuhan

Borondong……..
Aeh, Borondong garing ieuh…..

Kantong kosong hayang ginding
Ngalancong loba kapusing

- Tuh Borondong garing
+ Mangga Eulis garaleuhan
- Teu nyadiakeun cai
+ Wadahna henteu sayagi
- Kuma mun hayang nginum
+ Sumur umum
- Neureuy b’rondong teu dibanjur
+ Na genggerong henteu leyur
- Ah, sieun kabuhulan
+ Sae tinggur pupundakan
- Moal cios
+ Teu sawios permios abdi rek mios
Borondong………………

TUKANG CENDOL
Cendol! Cendol!
Dagang cendol ka Cibabat
Ngadon reureuh ngan sorangan
Dagang cendol ka Cibabat
Ngadon reureuh ngan sorangan
Nya ngagembol nya merekat
Capek rahem “weureu seubeuh”, Ceuceu! Tas kaondangan

Cendol! Cendol!
Dagang cendol ka Kanoman
Meuli rujak di pengkolan
Dagang cendol ka Kanoman
Meuli rujak di pengkolan
Rek norojol rek nemonan
Asa-asa, kurang wedak, Ceuceu! Totorombolan

- Tah tukang cendol datang
+ Mangga keur landong hanaang
- Cendol tong dicaian
+ Atuh siga buburuyan
- Bongan lipstik sok luntur
+ Entong paur
- Ieu lipstik sieun ruksak
+ Nguyup apik jeung calawak
- Ah sieun kabesekan
+ Neureuy ku elak-elakan
- Moal tulus
+ Mending kitu tinimbang jeung kukulutus

TUKANG MIE
Mie! Mie!
Dagang emi dikalengan
Geus kaya rek dirugikeun
Rikrik gemi nyengcelengan
Geus loba dipahugikeun

Mie! Mie!
Dagang emi ka Cikini
Ngadon mondok di Cililin
Teu badami teu pasini
Paamprok nagih maskawin

- Mie! Mie! Cing coba ngawadahan
+ Mangga geura garaleuhan
- Cing entong mahal teuing
+ Mangga mung satengah piring
- Kuma mun hayang seubeuh
+ Campur seureuh
- Emi goreng dua porsi
+ Artos coceng beuteung eusi


- Har geuning emi godog
+ Kapan malar Eneng rewog
- Entong ngunghak
+ Entong nyentak, Mie Goreng teu aya minyak

Bandung, 10 Oktober 1962