Friday, May 28, 2010

PAMEGET CEGEKAN

1
ISTRI :
Kersa milih ka abdi PADAMEL KANTOR
Deuh gajih mucekil, gaduh pamor

PAMEGET :
Sanes nampik
Sanes siksik melik
Sok inggis datang ka imah
Ngajentul kurang kabetah
Sang bojo keur melembur
Tuangeun can diatur
Beuteung lapar jeung hate tagiwur

ISTRI : Deuh rumah tangga kapan make rencana
PAMEGET : Rencana disusun-susun praktekna dordar pasea

2
ISTRI :
Kersa milih ka abdi PENGGEMAR SPOR
Deuh tenis badminton tumpak motor

PAMEGET :
Sanes embung
Mung teu weleh bingung
Sok inggis engkang cilaka
Ngajaga dapur kapaksa
Geureuha keur Badminton
Caroge nyangu jongjon
Iuran ku sepor henteu cumpon

ISTRI : Deuh kapan sehat, tanaga pinasti awet
PAMEGET : Sok inggis pareng pasea pabentar kababuk reket

3
ISTRI :
Kersa milih ka abdi WEDALAN KOTA
Deuh gandang pertentang istimewa

PAMEGET :
Sanes bedang
Mung rada honcewang
Engkang mah sagala tuna
Teu paham basa Walanda
Henteu pertentang gandang
Teu tiasa “vriy omgang”
Teu tiasa hirup roroyalan

ISTRI : Deuh ulah hamham kitu teh keur kamajuan
PAMEGET : Kamajuan wawarehan Engkang mah raweuy ku hutang

4
ISTRI :
Kersa milih ka ISTRI ORGANISASI
Deuh tujuan hirup nu utami

PAMEGET :
Moal waka
Sanes teu kabita
Sok inggis kamalinaan
Berjuang kaleuleuwihan
Siang wengi ceramah
Caroge tunggu imah
Rumah tangga kitu kurang betah

Deuh rumah tangga disusun reujeung taliti
Mun katangen Engkang nyandung,
pinasti gancang dimosi

4
ISTRI :
Kersa milih ka abdi WANITA BEUNGHAR
Deuh sambetan Engkang rek dibayar

PAMEGET :
Engkang sieun
Sanes beubeulieun
Sok inggis beunghar
sarakah
Tungtungna engkang
dijajah
Caroge dijajanan
Mun salah dicarekan
Nyalindung ka gelung mamandapan

ISTRI : Deuh keun teh teuing dapon lana idek liher
PAMEGET : Geus bosen Engkang disepak balik ngan ngajingjing koper

5
ISTRI :
Kersa milih ka abdi WANITA PANGKAT
deuh luhur pangarti jeung darajat

PAMEGET :
Engkang wegah
Sok inggis dijajah
Pangarti engkang nu tuna
Dihoa ku sang geureuha
Dahar sok mapatahan
Mandi sok mapatahan
Lamun teu diturut sok belikan

ISTRI : Deuh ulah kitu Engkang mah sok horeaman
PAMEGET : Sang geureuha nyepeng kuprol, caroge jadi buntelan

6
ISTRI :
Kersa milih ka abdi PASINDEN ulung
Deuh yasa ngalipur nu keur bingung

PAMEGET :
Aduh ampun
Sanes teu kayungyun
Sok inggis ngawih jeung meta
Gelenye jeung maen mata
Giler kanu lalajo
Giler panarik sono
Bari umat imut sumolondo

ISTRI : Deuh mun rek kulem dipirig ku lalaguan
PAMEGET : Pasinden sok mawa gandeng gundamna hahariringan