Sunday, October 21, 2018

RINGKANG HALEUANG NGIBING HARIRING

RINGKANG HALEUANG NGIBING HARIRING
GENDING BUBUKA
Barudak sina gerak laluasa di pentas, tapi posisina ulah sina padeukeut teuing. Maranéhna kudu awas kana tanggara, upamana waé ngebutkeun bandéra atawa sora keprok.
Lagu “ULAH CILEUREUN” ( dua balikan )
Suka seuri ririungan
Sempal guyon gogonjakan
Émprak-émprakan
Deuh jeung susurakan
Tong cileureun
Kapan bisi tinggaleun
Sing awas néangan batur
Mun balangah pasti lapur

GENDING:
Barudak pagancang-gancang nyieun gundukan (bisa duan, alusna mah tiluan), sanggeus sagundukna tiluan tiluan nangtungna patukang-tukang, suku nu katuhu diangkat tuluy dianyamkeun sing nepi ka pageuh, tuluy barudak téh éngké-éngkéan bari émprak-émprakan binarung kawih.

Lagu “AANYAMAN” (tilu balikan)
1.       Pakait-kait suku
Bitisna patumpang-tumpang (patumpang-tumpang)
Aanyaman masing pageuh
Tacan lésot ulah reureuh (ulah rék reureuh)

2.       Pakait-kait suku
Bitisna patumpang-tumpang (patumpang-tumpang)
Aanyaman masing kuat
Tacan lésot ulah lumpat (ulah lumpat)

1
3.       Pakait-kait suku
Bitisna patumpang-tumpang (patumpang-tumpang)
Aanyaman ulah rusuh
Mun rusuh sok gampang labuh (sok gampang labuh)

GENDING
Dua urang pamaén nangtung pahareup-hereup, leungeuna pacantél tuluyu diacungkeun ka luhur, nepi ka antara dua pamaén aya lolongkrang nu bias diponcoran ku pamaén sejenna.

Lagu “MONCOR PAGER” (tilu balikan diselang gending)
                Moncor pager! Moncor pager!
                Leumpangna masing balener
                Hiji-hiji teu pahili
                Nu tukang arék dicang….cang
                ……………………GENDING………………..
Moncor pager! Moncor pager!
                Leumpangna masing balener
                Hiji-hiji teu pahili
                Nu tukang arék dicang….cang
                ……………………GENDING………………..
Moncor pager! Moncor pager!
                Leumpangna masing balener
                Hiji-hiji teu pahili
                Nu tukang arék dicang….cang
                (nu pangpandeurina kacangcang bakal jadi ucing jeung anjing)

GENDING
Pamaén nyieun buleudan atawa barisan. Lolongkrang antara dua pamaén kudu sadeupa. Nu jadi ucing jeung jadi anjing cicingna kudu lumpat jeroeun atawa luareun jajaran atawa buleudan. Unggal anggeus ngawih, palebah kecap “ditutupkeunkudu ngahalangan nu jadi Ucing jeung Anjing

2
Lagu “UCING JEUNG ANJING” (dua balikan diselang gending)
                Ucing diudag Anjing
                Ucing diudag Anjing
                Gog! Gog!Gog! – Gog! Gog! Gog!
                Éong….Éong….
                Jleg luncat asup ka kebon
                Pantona ditutupkeun
                …………gending…………
Ucing diudag Anjing
                Ucing diudag Anjing
                Gog! Gog!Gog! – Gog! Gog! Gog!
                Éong….Éong….
                Jleg luncat asup ka kebon
                Pantona ditutupkeun

GENDING
Bagian tungtung lagu nu kadua…nu jadi Ucing jeung nu jadi Anjing aya di jero bunderan. Tuluy ngawih lagu “SAHA NU RÉK MILU”
                AS           : Jalan-jalan pelesiran
                                  Ayeuna urang liburan
                                  Rang nyaba ka Surabaya
                                  Koperna enggeus sadia
                                                Koper alus gedé pisan
                                                Ayeuna rék dieusian
                                                 Nu rék milu buru-buru
                                                Rék mawa samping jeung baju

                RS           :  Abdi ngiring, abdi ngiring
                                   Koperna bade dijingjing
                                   Abdi ngiring, abdi ngiring
                                   Ngabantun baju jeung……………*)
(dieusian ku pamaén nu ditunjuk)

3
Para pamaén marawa barang masing-masing nu éngkena bisa dijadikeun korsi, iwal salah saurang nu teu mawa korsi da teu bisa  nuluykeun lagu SAHA NU RÉK MILU.
Barang-barang nu dianggap korsi ditunda ditengah-tengah buleudan, pamaen ngurilingan kokorsian bari ngawih “TARI KORSI”

Lagu “TARI KORSI (minimal tilu balikan nepi ka tinggal duaan)
                Patutur-tutur, pauntuy-untuy
                Leumpang teu pagancang-gancang
                Awas tincakeun! Dimana diuk!
                Ulah nangtung méméh eureun
                Ulah diuk méméh waktu
                Gék! Gék! Gék!
                ……….Gending………(parebut diuk)
                Nu teu kabagéan diuk mawa barangna tuluy ngabaris ngajajar ditukangeun pamaén TARI KORSI.

GENDING LAGU “DAÉK DIGAWÉ
Pamaén nyieun  gerakan nu macul, nu sasapu, nu nyugu, nu meulahan suluh jeung nu nutu.

Lagu “DAÉK DIGAWÉ”
1.       Lamun daék kana gawé
Getol rajin unggal poé
Macul ngagecruk ti isuk-isuk
Cruk-Cruk-Cruk-Cruk, awak pasti séhat

2.       Lamun dék kana gawé
Getol rajin unggal poé
Kosrék sasapu masing ngabaku
Srék-srék-srék-srék, imah pasti bersih

4
1.       Lamun daék kana gawé
Getol rajin unggal poé
Nyugu ngagesruk ti isuk-isuk
Sruk-sruk-sruk-sruk, awak pasti séhat

2.       Lamun daék kana gawé
Getol rajin unggal poé
Meulahan suluh ti subuh-subuh
Dok-dak-dok-dak, suluh pasti numpuk

3.       Lamun daék kana gawé
Getol rajin unggal poé
Nutu ngelentrung di saung lisung
Trung-trung-trung-trung, béas pasti metung

Catetan : Unggal jajaran katilu bareng ngaragakeun luyu jeung rumpaka

GENDING PANUTUP
Pamaén ka luar pentas, budak awéwé siga nu mawa halu, budak lalaki siga nu nanggung suluh.


1 Desember 2017





5
6
7
8
9
10
11

1.       Lamun daék kana gawé
Getol rajin unggal poé
Macul ngagecruk
Ti isuk-isuk
Cruk-cruk-cruk-cruk
Awak pasti séhat
2.       Lamun daék kana gawé
Getol rajin unggal poé
Kosrék sasapu
Masing ngabaku
Srék-srék-srék-srék
Imah pasti bersih
3.       Lamun daék kana gawé
Getol rajin unggal poé
Myugu ngagesruk
Ti isuk-isuk
Sruk-sruk-sruk-sruk
Awak pasti séhat
4.       Lamun daék kana gawé
Getol rajin unggal poé
Meulahan suluh
Ti subuh-subuh
Dok-dak-dok-dak
Suluh pasti numpuk
5.       Lamun daék kana gawé
Getol rajin unggal poé
Nutu ngelentrung
Di saung lisung
Trung-trung-trung-trung
Béas pasti metung


12


13
14
15
16
17
18
19
20

21

22



















Tutuwuhan nutup alas bandawasa
Tatangkalan nutup gunung ngambah reuma
Peryoga dijaga
Dirakasa diriksa
Kakayon mangpaat sumber kahirupan bangsa
Mamala tanah ngeblak nungtun gimir ketir
Bahaya gunung urug padataran banjir
Rampak pada dokoh
Samakta sosoroh
Ngagarap tanah ngoblog, dipelakan tatangkalam héjo ngémplok
Sawajarna putra bangsa nu merdéka
Di padésan, pasiringan jeung di kota
Andon gotong royong
Lakon silih rojong
Rampak "ngahéjokeun" tanah ngeblak dimamana
Saihwan ramé gawé pada moho dolog
Pelakan tong kalarung unggal tanah ngoblog
Singkil babarengan
Léngkah sauyunan
Kakayon héjo ngémploh, karya ragem gotong royong réréongan