Saturday, May 29, 2010

GUNEM (SEKAR) CATUR

1
Hoyah, Engkang mulih ti mana? - leuh mani reuwas
Geuning sumping sakieu elatna - tas rapat di kantor
Euleuh, panganggo kalotor - ah henteu sing
Sareng seungit minyak - nyarita teh gampang wae

Ieuh naha Nyai teu nyaho? - naon deui, naon?
Kapan Engkang ngomong bareto - kumaha deui cenah
Engkang jeung sabatur-batur - waaah
Di kantor sok rapat jeung mindeng melembur - bohong lah alesan

+ Geuning tadi di kantor bet suwung
- Dines luar meninjau ka kampung-kampung
+ Deuh bohong, di kampung Engkang ka duyung
- Lain kaduyung ku gelung, et amah latihan nyandung

2
Ieuh Engkang gajih samporet - kahareup mah ditambah
Rumah tangga mani geus rajet - biasa kaum buruh mah
Kapan tambah gajih kabeh - acan
Naha gajih Engkang bet sakieu keneh - can naek gajih akang mah

Ieuh Nyai karek rencana - rencana-rencana
Bakal tambah gajih sarerea - tibareto padahal
Tapi di kantor Akang mah - kumaha
Gajihna pagawe can ditambah-tambah - bohong lah alesan

+ Rerencangan nyanggemkeun tos beres
- Propokasi, supaya Engkang di gebes
+ Lah bohong, tambah gajih kadieukeun
- Terus terang geus katampa, ngan bae dipahugikeun

3
Ieuh engkang urang pakaulan - pakaulan naon deui
Lamun pareng panen lekasan - rek kumaha cing
Urang ngayakeun hiburan - ituh
Bari suka seuri leuh balakecrakan - emh, pohara…

Ieuh Nyai kudu wayahna - biasa ari geus kitu teh
Nyaah duit pake teu guna - kapan bari nganjuk deui
Waktu pikeun reuah-reuah - dikumahakeun
Anggur digunakeun keur ngagarap sawah - bosen, lah, bosen

+ Tas panen suka ria sing jongjong
- Ulah poho urang kabeungkeut ku ijon
+ laah kajeun, ijon perlu, nongton daek
- Sasalad ijon mahabu, beas ge hargana naek

4
Ieuh Engkang ulah achterlyk - kudu kumaha atuh
Meungpeung Engkang mashur jeung hawek - memang luhur pangkat mah
Batur tumpak mobil sedan - ari urang ?
Abdi oge hoyong leuh lalagedayan - cetek geuning

Aduh Nyai mangga teh teuing - tah kedah kitu
Asal Nyai ulah rek pusing - nuhun lah nuhun
Kapan Engkang pangkat luhur - kantenan we
Mawa mobil kantor leuh nurutan batur - pahlawan mah kedah kitu

+ Tandaning cinta nurut ka abdi
- Jiwa raga banda Engkang anu Nyai
+ Duh Engkang, abdi hoyong seueur rijki
- Engkang mah nurut ka Nyai, kapaksa Engkang korupsi

5
Ieuh Nyai duit satumpuk - euleuh, mani digepokan
Hasil susah payah saisuk - artos ti mana eta teh
Duit nu kantor kapalang - artos kantor
Terus dirukal-rikel jadi nu Engkang - lucu, lah lucu

Ieuh Engkang eta pamali - pamali, paman diali
Kajeun gajih Engkang teu mahi - kapan kamari menta bukti
Najan panggaleukeun sipon - ari kitu
Mun hasil korupsi duh, sieun kabendon - pamali, kabendon..

+ Kapan nu jujur temahna ancur
- Eta bohong! Nu jujur cahyana mancur
+ Ieuh, Nyai, cahya mancur, kantong kosong
- Kajeun kantongna nu kosong, sok dapon jasana tembong

6
Lamun Engkang sarapan pagi - rek dibere naon cing
Poma ulah arek kumaki - sasari ge tara jeung kiju mantega
Mending tuang kulub hui - ituh
Gegentos nasi goreng atawa roti - Aduh, cilaka

Najan beak hui sabaskom - lir anu mamayu
Keukeuh rasa beuteung teu cumpon - lah ku rohaka
Lamun tacan manggih sangu - beuteung karet panginten
Beuteung nagih eusi lir anu mamayu - sedep tuang ieu mah

+ Kumaha beas pareng paceklik
- Tong salempang, urang ngadagoan milik
+ Deuh Engkang, palawija langkung mirah
- Mun beas hese kabeuli, peuyeum jeung hui ge ngeunah

7
Ieuh Engkang abdi teh ngulik - uluh, ngulik naon
Ngatur biwir hayang dilipstik - uluh, naon deui
Ngulik halis sina jekrem - sieup lah
Beungeut, irung jeung pipi dibalur ku krem -ningkat pisan ieu mah

Euleuh atuh gagah jeung maher - abdi jadi geulis pisan
Nyai bakal siga pilemster - aduh nuhun pisan
Halis make harangasu - waah
Wedakna bangkuang jeung biwir ku gincu - alim ah pait

+ Hoyong tumpak sedan bari meta
- Entong waka, moal tepi, mending Beca
+ laah Engkang, hoyong jengki jeung yukensi
- Tong waka jengki yukensi, beas ge henteu kabeuli

8
Ieuh lamun abdi keur ngawih - rek kumaha deui cing
Omat Engkang ulah ngerewih - ti tadi ge balem da
Anggur bandungan taliti - puguh we
Minangka ngajenan ka tukang seni - kawas can ngarti wae

Ieuh Nyai kapan biasa - biasa kumaha deui
Taya ajen ka nu keur ngora - na lalawora teuing
Najan Pasinden nu maher - ari kitu
Mun teu maen mata leuh kateler-teler - sok nyeri panon lah

+ Seni sora nyanding seni mata
- Mun geus kitu, Pasinden mindeng dipuja
+ Deuh sanggem, bade ngaggo gaya bebas
- Harga Nyai bakal ningkat, nerekel jeg harga beas

9
Euleuh Engkang geuning raehan - naha naon deui kitu
Ngadak-ngadak eta kumisan - euleuh, kana kumis
Kumis keur pondok teh carang - tapi sieup
Mun ditilik-tilik eyy siga barangbang - alah, geura urang balikkeun

Etah Nyai geuning ku langsing - kapan niru pilmster
Angkeng lenggik siga papanting - sapertos putri panginten
Tapi ambekan kapegung - naha?
Sabab cangkeng dibeulit make bebengkung - Step in..kituh

+ Naha Engkang bet geuning poyokan
- Bongan tadi Nyai nu ngamimitian
+ Deuh Engkang, mugi tong kateterasanPiraku teu ngahapunten, hariring tamba lumayan

ISTRI TAMPIKAN

ISTRI TAMPIKAN

1
Daek milih ka Engkang, PAMINGPIN BESAR
Deuh sagala aya, terhormat jeung beunghar

ISTRI:
Deuh narah, moal bade sadrah
Sok inggis Pamingpin palsu
Pakaya beunang titipu
Abdi rempan sieun jadi korban (aduh)
Abdi moal bibilasan

2
Daek milih ka Engkang, AHLI PIDATO
Deuh pertentang gandang, ku batur kajojo

ISTRI :
Deuh ampun, sanes teu kayungyun
Sok inggis dirumah tangga
Pidato jadi “senjata”
Menta blanja dibere pidato (aduh)
Abdi moal mikasono

3
Daek milih ka Engkang, KAPALA KANTOR
Deuh Engkang kawasa, mo aya nu negor

ISTRI :
Deuh narah, moal bade leah
Song inggis diteler-teler
Sapedah manggih nu maher
Maen mata jeung Klerek wanita (aduh)
Abdi mah moal percaya

4
Daek milih ka Engkang, PEGAWAI TINGGI
Deuh gajih genep B, tuh mobil sayagi

ISTRI :
Deuh narah, da abdi mah cacah
Sok inggis dikantun turni,
Teu betah calik di bumi
Geuning sering meninjau nguriling (aduh)
Tilu minggu tara sumping

5
Daek milih ka Engkang, SUDAGAR BEUNGHAR
Deuh keur lubak libuk, gedongna ngajajar

ISTRI :
Deuh narah, moal tumaninah
Sok inggis rucah awuntah
Pakaya modal keur nikah
Popotongan di unggal pengkolan (aduh)
Hawa duit sok rayungan

6
Daek milih ka Engkang, PANGURUS PARTE
Deuh ngamudi ra’yat ku jalan nu hade

ISTRI :
Deuh hamo, inggis pareng moho
Ti beurang Organisasi
Ti peuting Administrasi
Rumah tangga teu kapirosea (aduh)
Abdi bade ngemut heula

7
Daek milih ka Engkang, PAMINGPIN SENI
Deuh sohor kamsyhur jiwa nu “berbudi”

ISTRI :
Deuh narah, sok inggis sarakah
Micinta kana sorana
Tungtungna ka jelemana
Seni swara jadi “seni mata” (aduh)
Moal aya nu mercaya

8
Daek milih ka Engkang, LUITENANT SATU
Deuh sakeudeung deui promosi geus tangtu

ISTRI :
Deuh narah, moal bade sadrah
Keur sare paur ngalindur

Ngabedil batu sakasur
Sareng rempan, sok inggis rayungan (aduh)
Abdi moal nyaluyuan

9
Daek milih ka Engkang, KABAYAN LUCU
Deuh gajih mucekil ti dieu ti ditu

ISTRI :
Deuh rempan, sok seueur alesan
Pajarkeun rapat di kantor
Sihoreng tos udar ador
Rek latihan, horeng “peperlipan” (aduh)
Bade ngemut heulaanan

10
Daek milih ka Engkang, AGEN PULISI
Deuh tandang ngajaga, parabot sayagi

ISTRI :
Deuh kapok, kapungkur paamprok
Nalika tumpak sepeda
Ditangkep taya hampura
Pedah sepedah, teu aya penengan (aduh)
Rupina moal laksana

11
Daek milih ka Engkang, PAMINGPIN KOMIK
Deuh Engkang popular, di barudak leutik

ISTRI :
Duh rempan, inggis kasurupan
Ngadadak jadi Rahwana
Mucinta istri nu riba
Hayang ngapung ngudag-ngudag gelung (aduh) Abdi mah inggis kapahung

12
Daek milih ka Engkang, darah PATANI
Deuh beunghar ku beas, henteu kudu meuli

ISTRI :
Duh risi, inggis kurang aksi
Panganggo baraseuh ngucrak
Jareblog pinuh ku leutak
Artos ijon, inggis moal cumpon (aduh)
Hirup hamo bias jongjon

13
Daek milih ka Engkang, WARTAWAN LEUTIK
Deuh beunghar kanyaho social politik

ISTRI :
Duh rempan, inggis hese jajan
Sanajan vulpen na tembong
Dirampa kantongna kosong
Cari b’rita, mindeng jalan kaki (aduh)
Abdi moal bade nampi

14
Daek milih ka Engkang, JAGO BADMINTON
Deuh mun geus bayangan, Sonneville ge kawon

ISTRI :
Duh ajrih, inggis henteu tanjrih
Siang jeung wengi amengan
Badminton kamalinaan
Meser reket, prima kualitet (aduh)
Rumah tangga kurat-karet

15
Daek milih ka Engkang, DALANG PERTENTANG
Deuh teu boga hutang, sabab loba nokang

ISTRI
Duh duka, teu matak kabita
Payu ge sok mawa curang
Ka unggal Pasinden hayang
Anu lengoh henteu kaop bongoh (aduh)
Abdi mah moal karooh

16
Daek milih ka Engkang, ELIT PARLEMEN
Deuh hasil pilihan ngajadi “gegeden”

ISTRI :
Duh ampun, moal kumawantun
Geus hasil inggis ngahenen
Ka nasib ra’yat teu open
Ra’yat sedih tetep elih-elih (aduh)
Abdi oge ngiring sedih

17
Daek milih ka Engkang, OMROEPER RRI
Deuh soara ngoncrang, pinuh ku pangarti

ISTRI :
Deuh sidik, gajihna saeutik
Mending ge ka tukang Goong
Gamelan Studio Bandung
Timbul cinta, mun katingal harta (aduh)
Moal waka nyebat “mangga”

KA TEU AMANAN HATE

1
- Ari Bapa tos uninga, naon pangna hate teu aman?
+ Terang pisan, sabab loba kasieun
- Sieun dorhos duruk imah, geuning jeung kagarongan
+ Bapa mah sieun nu nagih
- Abdi mah sieun teu ngarih
+ Bapa mah sieun huisan
- Iiiih, sieun ondangan
+ Hoyah geuning borangan
- Kapan hate teu aman
+ Bapa oge
- Abdi oge
x Papada loba kasieun

PELOG
- Sieun teu mulya, sieun hirup sangsara
+ Sieun bojo goreng patut
- Sieun salaki teu matut
+ Eeeeeh, geuning poyokan
- Bongan nyarekan
+ Lain nyarek
- Lain moyok
x Perbawa hate teu aman

2
- Ari Bapa tos uninga, naon pangna hate aman?
+ Terang pisan, sabab loba kahayang
- Hayang beunghar hayang ginding, (geuning) kaleuleuwihi
+ Hayang dirungrum ku mojang

- Abdi ge hoyong “prey omhang”
+ Bapa hayang meunang lotre
- Iiiih, hayang BMW
+ Hoyah geuning sarakah
- Eyyy, Bapa ge ningkah
+ Bapa mah
- Abdi oge
x Ngan ukur semet kahayang

PELOG
- Hayang dipuji, hayang didama-dama
+ Nyai kudu loba jasa
- Kapan cekap ku carita
+ Laaaaaah eta mah sombong
- Bapa ge bohong
+ Nyai sombong
- Bapa bohong
x Ulah rek patorong-torong

3
- Ari Bapa tos uninga, naon pangna hate aman?
+ Terang pisan, sabab loba kanyaah
- Nyaah kana kadudukan, teu bisa sok dilakonan
+ Bapa nyaah kanu jilat
- Da Bapa resep dihormat
+ Bapa nyaah kanu lenjang
- Iiiih, mata karanjang
+ Hoyah kateterusan
- Bongan Bapa elodan
+ Bapa nyaah
- Abdi oge
x Papada teu aman hate

PELOG
- Nyaah ka wedak, mun hujan dikarimbun
+ Bapa nyaah kanu serong
- Tangtos Bapa kongkalikong
+ Laaaaaah, ka bojo nyaah
- Aya pangarah
+ Nyai kejem
- Bapa oge
x Papada resep dialem

4
- Ari Bapa tos uninga, naon pangna hate aman?
+ Terang pisan, sabab loba kaembung
- Embung hirup sederhana, kapaksa jalan teu jujur
+ Bapa mah embung kaduyung
- Abdi mah embung dicandung
+ Bapa embung hese cape
- Iiiih, embung digawe
+ Eyy, bet pangedulan
- Hoyang bet teu ceehan
+ Lain ngedul
- Sanes melid
x Papada loba ka embung

PELOG
- Embung latihan, tapi hayang pujian
+ Bapa mah embung nyambungan
- Entong ngarepkeun idangan
+ Eeeeeh, Nyai ku rewel
- Bapa ge bawel
+ Nyai ngedul
- Bapa melid
x Nimbulkeun kateuamanan…..

KARETA API

1
RAMPAK SEKAR PANUMPANG
Mapay erel jalan anu tangtu
Ngagem pancen rintih nya lumaku
Handaruan jalan muru waktu
Ngatur kacepetan teu ngawagu

Ngageleser maju lalauan
Beuki lila jalan, ngagancangan
Taat galideur kreta api khusu
Taat kumawula kana waktu

Hoang, garang, tandang, gandang
Nyebrut, segut, gagah, dangah
Hoang, garang, tandang, gandang
Nyebrut, segut, gagah, dangah

KONDEKTUR : Karcis nona perlihatkanlah padaku!
PANUMPANG : Mangga kasanggakeun sadayana tilu
KONDEKTUR : Kenapakah ini hanya ada dua?
PANUMPANG : Bapa mah ngabohong, kapan eta tilu
KONDEKTUR : Duh nakal! Tuh lihat!
Karcis yang ketiga, tuh! Kartu domino
PANUMPANG : Rumaos hilap, artosna teu cekap
Badi mayar dengdaan, engke tos tutup bulan

RAMPAK SEKAR PANUMPANG
Hoang, garang, tandang, gandang
Nyebrut, segut, gagah, dangah
Hoang, garang, tandang, gandang
Nyebrut, segut, gagah, dangah

2
RAMPAK SEKAR PANUMPANG
Setatsion dipapay taliti
Anu naek turun ganti-ganti
Dina bordes ribut balawiri
Panumpang paciweuh, napsi-napsi

Turun unggah panumpang pajejel
Sawareh hayang pacekel-cekel
Nunggu rintih beresna panumpang
Kareta ngadago teu hariwang

Hoang, garang, tandang, gandang
Nyebrut, segut, gagah, dangah
Hoang, garang, tandang, gandang
Nyebrut, segut, gagah, dangah

KONDEKTUR : Naek kreta masuknya dari jendela!
PANUMPANG : Kapan ngarah salse milih pangdiukan
KONDEKTUR : Kenapakah tidak melalui “bordes”
PANUMPANG : Kapan pasesedek, di “bordes” teu aman
KONDEKTUR : Duh nakal! Duh nakal!
Nona harus turun dan bayar dendaan
PANUMPANG : Eta mah gampil, dengdaan dicicil
Turun ayeuna kagok, mending caket rorompok

RAMPAK SEKAR PANUMPANG
Hoang, garang, tandang, gandang
Nyebrut, segut, gagah, dangah
Hoang, garang, tandang, gandang
Nyebrut, segut, gagah, dangah

3
RAMPAK SEKAR PANUMPANG
Tanggung jawab kapala statsion
Nyekel tanda beureum dina peron
Kreta api maju lalaunan
Ngahoang disada handaruan

Pa Kanektur ngatur kaberesan
Sakumna panumpang dititenan
Dipariksa karcisna taliti
Tata tertib diatur taliti

Hoang, garang, tandang, gandang
Nyebrut, segut, gagah, dangah
Hoang, garang, tandang, gandang
Nyebrut, segut, gagah, dangah

KONDEKTUR : Siapakah yang empunya anjing ini
PANUMPANG : Ieu anu abdi anjingna satia
KONDEKTUR : Untuk anjing sedia tempat yang khusus
PANUMPANG : Sawios di dieu moal ngegel Bapa
KONDEKTUR : Duh nakal! Duh nakal!
Nona harus lekas membayar dendaan
PANUMPANG : Taya dengdaan, teu aya penengan
Taya rante brongsong, inggis anjing dieurad

RAMPAK SEKAR PANUMPANG
Hoang, garang, tandang, gandang
Nyebrut, segut, gagah, dangah
Hoang, garang, tandang, gandang
Nyebrut, segut, gagah, dangah

4
RAMPAK SEKAR PANUMPANG
Mapay erel jalan nu tangtu
Ngagem tugas rintih lumaku
Ngadius jalan mangprung
Tabah teu ngawagu
(ngadius kreta api, jalanna ati-ati)
Teu galider lumaku khusu
Teu bosen bengbatan
Ngabdi kana waktu

Hoang, garang, tandang, gandang
Nyebrut, segut, gagah, dangah
Hoang, garang, tandang, gandang
Nyebrut, segut, gagah, dangah

KONDEKTUR : Siapakah yang narik erem-bahaya
PANUMPANG : Abdi tanggung jawab, Bapa ulah ngutruk
KONDEKTUR : Harus bayar sekian puluh rupiah
PANUMPANG : Aya ge lippenstip jeung Kartu Penduduk
KONDEKTUR : Duh nakal! Duh nakal!
Apa sebab menarik erem-bahaya
PANUMPANG : Margi ngadadak, cilaka ngagentag
Gelung pedral tikait, coplok ngacleng kaluar

RAMPAK SEKAR PANUMPANG
Hoang, garang, tandang, gandang
Nyebrut, segut, gagah, dangah
Hoang, garang, tandang, gandang
Nyebrut, segut, gagah, dangah

Friday, May 28, 2010

MALINDES

1
PAMEGET
Itu aya istri, angkat andalemi
Arek diajak diskusi
Leuh siga nu pasini

Rek sina mikiran soal pembangunan
Leuh pantes bodo pisan
Heu-heu-heu-heu-heu-heu-heu

Ieuh nyai geura lalilir - na da ieu ge teu keur sare
Jiwa lampah kudu digilir - jiwa sareng lampah nu kumaha
Entong wungkul sukan-sukan - ari kitu
Kapan geus waktuna pembangunan - lah bisa we kabatur

Hoyah Bapa licik sorangan - ari taeun teh licik kumaha
Geuning lucu seueur alesan - alesan palebah manana
Pajar nempuh pembangunan - ari kitu
Sihoreng teh ngatur pangulinan

PAMEGET : Najan ulin ngandung maksud
ISTRI : Maksudna nungtun ramijud
PAMEGET : Ulin soteh keur usaha
ISTRI : Usaka keur suka ria
PAMEGET : Nyai oge geuning ningkah
ISTRI : Da bongan bapa sarakah
PAMEGET : Gampang nuduh
ISTRI : Bapa oge angkuh, kabisa ulin teu puguh

2
PAMEGET
Itu aya istri, angkat andalemi
Arek diajak diskusi
Leuh siga nu pasini

Rek nyoba dijajal tina hal social
Leuh pantes taya akal
Heu-heu-heu-heu-heu-heu-heu

PAMEGET
Nyai masing daek sosial - kapan kamari ngajajanan
Amal hajat rijki nu halal - lah, na aya halon kakupingna
Entong nurutan barudak - na kumaha
Datang nu musapir dibuburak - eta mah ngabuburak hayam

ISTRI
Ieuh naha bapa uninga - na aya peristiwa naon
Tadi kadongkapan tatangga - tatangga! rek naon cenah
Beas bagian manehna - ari kitu!
Ku bapa diringkid sadayana

PAMEGET : Rek social pangnebuskeun
ISTRI : Tapi teu terus dibikeun
PAMEGET : Saenyana bapa butuh
ISTRI : Tapi tatangga nu ripuh
PAMEGET : Geuning Nyai ku usilan
ISTRI: Da bongan dimimitian
PAMEGET : Bapa ambek
ISTRI : Abdi oge ambek, da bapa koret jeung hawek

3
PAMEGET
Itu aya istri, angkat andalemi
Arek diajak diskusi
Leuh siga nu pasini

Rek nyoba diuji, soal Ekonomi
Leuh pantes moal ngarti
Heu-heu-heu-heu-heu-heu-heu

PAMEGET
Ieuh Nyai masing parimpen - kantenan we
Duit kudu mayeng disimpen - unggal sasih ge nyengcelengan
Nyimpen kakara saratus - ari kitu?
Tapi maksa nganjuk tujuh ratus

ISTRI
Hoyah bapa oge osok curang - ah gagabah teuing
Nyumput nimbun barang digudang - sasalingkeran soteh sieun pulisi
Kajeun ra’yat kalangkabut - ari kitu
Ngelemet dijual harga catut

PAMEGET : Kapan taktik cari untung
ISTRI : Tapi ra’yat jadi bingung
PAMEGET : Ekonomi dikuatan
ISTRI : Bapa nu untung sorangan
BAPA : Nyai oge resep nganjuk
ISTRI : Kapan kabutuhan numpuk
PAMEGET : Kudu perih
ISTRI : Beuteung peurih, katambah loba nu nagih

4
PAMEGET
Itu aya istri, angkat andalemi
Arek diajak diskusi
Leuh siga nu pasini

Rek nanya sing telik tina hal pulitik
Leuh pantesna the ceurik
Heu-heu-heu-heu-heu-heu-heu

PAMEGET
Nyai kudu ngarti pulitik - pulitik dapur mah ngartos
Buku-buku perlu diulik - lah teu ari, mending maca komik
Pulitik kanagaraan - dikumahakeun
Tong disarwakeun jeung kacantikan - bisa sorangan bapa mah

ISTRI
Ieuh bapa pinter ngan licik - licik kumaha
Taktik telik ngulik pulitik - puguh we, da tepi ka rieut jangar
Turta ngarti ngan meueusan - ari kitu?
Tapi nu dierong kadudukan

PAMEGET : Kapan hayang bela ra’yat
ISTRI : Da ra’yat tetep masakat
PAMEGET : Hirup leutik kudu tuman
ISTRI : Perlu ku Bapa contoan
PAMEGET : Bapa kungsi dahar “singkong”
ISTRI : Tapi jeung kiju mantega
PAMEGET : Entong loba ngomong
ISTRI : Ulah songong sombong, ditambah jeung gede bohong

5
PAMEGET
Itu aya istri, angkat andalemi
Arek diajak diskusi
Leuh siga nu pasini

Sina ngamanaan soal Persatuan
Leuh pantes tolol pisan
Heu-heu-heu-heu-heu-heu-heu

PAMEGET
Ieuh Nyai kudu bersatu - kantenan we supados teguh
Sangkan nagri kuat tur maju - kadangkala Irian ge tiasa karebut
Ulah pedah teu nyambungan - har na kumaha kitu?
Geuning jeung tatangga mumusuhan - sanes musuh, isin patepang

ISTRI
Euleuh bisa wae pidato - tukang anjuran tea
Geuning tadi bapa kapergo - euh basa di imah tea
Silih cakar jeung geureuha - ceuk saha?
Bongan lami teuing di nu ngora

PAMEGET : Latihan keur persatuan
ISTRI : Latihan panyerewedan
PAMEGET : (da) teu ngalawan ukur nyentak
ISTRI : Tapi make surat talak
PAMEGET : Kapan isuk rek diruju
ISTRI : Persatuan cala-culu
PAMEGET : Persatuan
ISTRI : Geuning perceraian, tungtungna awut-awutan

MIKANGEN TENGTREM

1
+ Yu ka landeuh
- Ah embung bongan loba careuh
+ Atuh hayu ka lamping
- Ah embung sieun tanduk munding
+ Coba hayu ka landeuh
- Asal bari dahar seubeuh
+ Geura hayu ka lamping
- Asal nyanding eusi piring

- Kaditu milu untung (samiuk sagulung)
+ Kaditu buru-buru milu aub, kaaku
- Kadieu weureu seubeuh
+ kadieu ngadeudeukeut bari nyampeur pangjeujeuh

Anggana Sekar:
Ka landeuh abdi ngeureuyeuh, sok dapon nganteur beubeureuh
Ka lamping abdi rek ngiring, sok dapon nyanding nu ginding

Rampak Sekar :
Seuyang-seuyang, disawang lewang haringhang, bangreung bingbang
Beunang-beunang, narawangan katon siang, alam padang

2
+ Yu ka landeuh
- Ah inggis panggih jeung beubeureuh
+ Atuh hayu ka lamping
- Ah inggis panggih jeung nu ginding
+ Coba hayu ka landeuh
- Dapon hirup reugreug pageuh
+ Geura hayu ka lamping
- Dapon hate henteu rungsing

- Kaditu milu untung (samiuk sagulung)
+ Kaditu buru-buru milu aub, kaaku
- Kadieu weureu seubeuh
+ kadieu ngadeudeukeut bari nyampeur pangjeujeuh

Anggana Sekar
Ka landeuh abdi sok kanceuh, dipeuseuh kunu ngageugeuh
Ka lamping abdi sok gering, dirungsing beurang jeung peuting

Rampak Sekar
Seuyang-seuyang, disawang lewang haringhang,
bangreung bingbang
Beunang-beunang, narawangan katon siang, alam padang

3
+ Yu ka lembur
- Ah sok tagiwur dinu singkur
+ Atauh hayu ka kampung
- Ah sieun lisung nu bangkewung
+ Coba hayu ka lembur
- Asal campur jeung nu mashur
+ Geura hayu ka kampung
- Asal ngindung ka pangagung

- Kaditu milu untung (samiuk sagulung)
+ Kaditu buru-buru milu aub, kaaku
- Kadieu weureu seubeuh
+ kadieu ngadeudeukeut bari nyampeur pangjeujeuh

Anggana Sekar :
Ka lembur abdi sok paur, ku bahya ditutur-tutur
Ka kampung abdi sok bingung, kareueung inggis kapahung

Rampak Sekar
Seuyang-seuyang, disawang lewang haringhang, bangreung bingbang
Beunang-beunang, narawangan katon siang, alam padang

4
+ Yu ka kebon
- Ah sok kalebon ku kakayon
+ Atuh hayu ka sawah
- Ah inggis payah loba lentah
+ Coba hayu ka kebon
- Asal ngadon ngaso jongjon
+ Geura hayu ka sawah
- Asal murah dahar ngeunah

- Kaditu milu untung (samiuk sagulung)
+ Kaditu buru-buru milu aub, kaaku
- Kadieu weureu seubeuh
+ kadieu ngadeudeukeut bari nyampeur pangjeujeuh

Anggana Sekar
Ka kebon abdi teu jongjon, kaganggu ceuli jeung panon
Ka sawah abdi teu betah, da bongan sok digadabah

Rampak Sekar
Seuyang-seuyang, disawang lewang haringhang, bangreung bingbang
Beunang-beunang, narawangan katon siang, alam padang

5
+ Yu ka leuweung
- Ah osok keueung, cuang cieung
+ Atuh hayu ka reuma
- Ah loba bahya tinu bala
+ Coba hayu ka leuweung
- Asal ngeunteung kanu ludeung
+ Geura hayu ka reuma
- Asal ngajak nu bumela

- Kaditu milu untung (samiuk sagulung)
+ Kaditu buru-buru milu aub, kaaku
- Kadieu weureu seubeuh
+ Kadieu ngadeudeukeut bari nyampeur pangjeujeuh

Anggana Sekar
Ka leuweung abdi teu ludeung, pajeueung jeung bahya beuheung
Ka reuma sok ngarasula, kacipta bahya tumiba

Rampak Sekar
Seuyang-seuyang, disawang lewang haringhang, bangreung bingbang
Beunang-beunang, narawangan katon siang, alam padang

6
+ Yu ka kampung
- Ah embung jauh ka pangagung
+ Atuh hayu ka dayeuh
- Ah embung, meuweuh nu talingeuh
+ Coba hayu ka kampung
- Asal mendung make payung
+ Geura hayu ka dayeuh
- Asal reureuh dahar seubeuh

- Kaditu milu untung (samiuk sagulung)
+ Kaditu buru-buru milu aub, kaaku
- Kadieu weureu seubeuh
+ kadieu ngadeudeukeut bari nyampeur pangjeujeuh

Anggana Sekar
Ka kampung abdi kaduhung, ka duyung kunu dicindung
Ka dayeuh abdi sok kanceuh, kapeupeuh nu sawan-geureuh

Rampak Sekar
Seuyang-seuyang, disawang lewang haringhang, bangreung bingbang
Beunang-beunang, narawangan katon siang, alam padang

Bandung, 19 April 1961

PAMEGET CEGEKAN

1
ISTRI :
Kersa milih ka abdi PADAMEL KANTOR
Deuh gajih mucekil, gaduh pamor

PAMEGET :
Sanes nampik
Sanes siksik melik
Sok inggis datang ka imah
Ngajentul kurang kabetah
Sang bojo keur melembur
Tuangeun can diatur
Beuteung lapar jeung hate tagiwur

ISTRI : Deuh rumah tangga kapan make rencana
PAMEGET : Rencana disusun-susun praktekna dordar pasea

2
ISTRI :
Kersa milih ka abdi PENGGEMAR SPOR
Deuh tenis badminton tumpak motor

PAMEGET :
Sanes embung
Mung teu weleh bingung
Sok inggis engkang cilaka
Ngajaga dapur kapaksa
Geureuha keur Badminton
Caroge nyangu jongjon
Iuran ku sepor henteu cumpon

ISTRI : Deuh kapan sehat, tanaga pinasti awet
PAMEGET : Sok inggis pareng pasea pabentar kababuk reket

3
ISTRI :
Kersa milih ka abdi WEDALAN KOTA
Deuh gandang pertentang istimewa

PAMEGET :
Sanes bedang
Mung rada honcewang
Engkang mah sagala tuna
Teu paham basa Walanda
Henteu pertentang gandang
Teu tiasa “vriy omgang”
Teu tiasa hirup roroyalan

ISTRI : Deuh ulah hamham kitu teh keur kamajuan
PAMEGET : Kamajuan wawarehan Engkang mah raweuy ku hutang

4
ISTRI :
Kersa milih ka ISTRI ORGANISASI
Deuh tujuan hirup nu utami

PAMEGET :
Moal waka
Sanes teu kabita
Sok inggis kamalinaan
Berjuang kaleuleuwihan
Siang wengi ceramah
Caroge tunggu imah
Rumah tangga kitu kurang betah

Deuh rumah tangga disusun reujeung taliti
Mun katangen Engkang nyandung,
pinasti gancang dimosi

4
ISTRI :
Kersa milih ka abdi WANITA BEUNGHAR
Deuh sambetan Engkang rek dibayar

PAMEGET :
Engkang sieun
Sanes beubeulieun
Sok inggis beunghar
sarakah
Tungtungna engkang
dijajah
Caroge dijajanan
Mun salah dicarekan
Nyalindung ka gelung mamandapan

ISTRI : Deuh keun teh teuing dapon lana idek liher
PAMEGET : Geus bosen Engkang disepak balik ngan ngajingjing koper

5
ISTRI :
Kersa milih ka abdi WANITA PANGKAT
deuh luhur pangarti jeung darajat

PAMEGET :
Engkang wegah
Sok inggis dijajah
Pangarti engkang nu tuna
Dihoa ku sang geureuha
Dahar sok mapatahan
Mandi sok mapatahan
Lamun teu diturut sok belikan

ISTRI : Deuh ulah kitu Engkang mah sok horeaman
PAMEGET : Sang geureuha nyepeng kuprol, caroge jadi buntelan

6
ISTRI :
Kersa milih ka abdi PASINDEN ulung
Deuh yasa ngalipur nu keur bingung

PAMEGET :
Aduh ampun
Sanes teu kayungyun
Sok inggis ngawih jeung meta
Gelenye jeung maen mata
Giler kanu lalajo
Giler panarik sono
Bari umat imut sumolondo

ISTRI : Deuh mun rek kulem dipirig ku lalaguan
PAMEGET : Pasinden sok mawa gandeng gundamna hahariringan

Thursday, May 27, 2010

PATELAK SWARA

1
ISTRI : Ayeuna mah abdi resep kakawihan
PAMEGET : Sora nyai halimpu
ISTRI : Kapan ngawih ngabaku
PAMEGET : Bener, sing mayeng latihan
ISTRI : Hoyong ka RRI
PAMEGET : Tong waka kataji
ISTRI : Pan gaduh ajen
PAMEGET : Tacan katangen
ISTRI : Ieuh abdi pasinden

PAMEGET : Hanjakalna Nyai mundur di sakola
ISTRI : Kapan ku seni
PAMEGET : Teu bisa jadi
ISTRI : Seni nimbulkeun gogoda
PAMEGET : Lain pedah seni
ISTRI : Tos karuhan seni
PAMEGET : Di sakola nyai mundur sabab ngedul
ISTRI : Ey,ey sombong
PAMEGET : Ey,ey bohong
Lain seni matak bodo, eta mah uteukna mintul

ISTRI : Abdi sadar gaduh bakat kana seni
PAMEGET : Tuh geuning kumaha sakola teu maju
ISTRI : Eta mah tuna pangarti
PAMEGET : Pan keukeuh pajarkeun seni teh ngaganggu
ISTRI : Anggapan kurang pariksa
PAMEGET : Sakola mundur
ISTRI : Seni teu jujur
PAMEGET : Hirup taya pangabisa

2
ISTRI : Lumah lameh tara-tara ti sasari
PAMEGET : Kapan kaka kataji
ISTRI : Da abdi mah teu sudi
PAMEGET : Geuning tadi ngajak seuri
ISTRI : Seuri tanpa harti
PAMEGET : Seuri nu birahi
ISTRI : Salah dugaan
PAMEGET : Kaka teu hamham
ISTRI : Geuning ambon sorangan

PAMEGET : Saenyana kaka teh maksud lalajo
ISTRI : Naha henteu jung?
PAMEGET : Kapan kaduyung
ISTRI : Abdi mah teu mikat jodo
PAMEGET : Naha ngajak imut?
ISTRI : Da sanes pangirut
PAMEGET : Rek lumaku kaganggu ku imut manis
ISTRI : Ey-ey, ambon
PAMEGET : Ey,ey, panon
Pura-pura tidak mau, giler matana romantis

ISTRI : Aduh kaka geuning bendu jeung nyeukseukan
PAMEGET : Piraku teu kitu da bongan ditampik
ISTRI : Abdi mah seuri hormateun
PAMEGET : Hormatan kumaha, kunaon teu telik
ISTRI : Abdi silo lepat pandang
PAMEGET : Lepat kumaha?
ISTRI : Kinten satria
Sihoreng mata keranjang
3
ISTRI : Damel naon siga nu kenging tunggara?
PAMEGET : Eukeur ngulik pulitik
ISTRI : Eta soca buncelik!
PAMEGET : Sangkan kapetik hasilna
ISTRI : Kuma mun geus hasil?
PAMEGET : Nagri mamur adil
ISTRI : Kumaha kaka?
PAMEGET : Kaka berjasa
Euleuh kasinugrahan

PAMEGET : Nyai kudu mulang ka kapribadian
ISTRI : Pan ieu oge
PAMEGET : Mulangna hese
ISTRI : Abdi teu kabarat-baratan
PAMEGET : Geuning bareto mah
ISTRI : Abdi mah teu robah
PAMEGET : Laku lampah internasional ditiru
ISTRI : Ey,ey, henteu
PAMEGET : Ey,ey, enya
Embung disamping kabaya, ngawih ge lagu “ I love you”

ISTRI : Abdi sadar henteu kedah dikukuprak
PAMEGET : Na naon cirina tandana geus sadar?
ISTRI : Gotong royong ti bubudak
PAMEGET : Geuningan mun ngawih kadenge sok ingkar
ISTRI : Laras mah pelog-salendro
PAMEGET : Kumaha ngomong?
ISPA : Lemes tur lentong
Basa Sunda jadi poho

4
ISTRI : Pileuleuyan abdi rek wangsul ka kampung
PAMEGET : Naha nyai bet nolas?
ISTRI : Memang abdi geus ikhlas
PAMEGET : Naha teu betah di Bandung?
ISTRI : Kapan wakil kaka
PAMEGET : Kaka mah sok lunta
ISTRI : Geuning nganjurkeun
PAMEGET : Keur deungeun-deungeun
ISTRI : Geuning sok harianeun

PAMEGET : Entong kaget, kaka teh tukang anjuran
ISTRI : Perlu contoan
PAMEGET : Loba halangan
ISTRI : Kaka mah licik sorangan
PAMEGET : Nyai henteu rempug?
ISTRI : Bongan elmu ajug
PAMEGET : Nu palinter perlu ngabingbing di desa
ISTRI : Tah-tah atuh jung!
PAMEGET : Leuh.leuh embung
Lain kaka nu rek indit, tapi batur kudu lunta

ISTRI : Abdi sadar, anjuran mah pamandangan
PAMEGET : Tah kitu tah bener, teu salah, ingetkeun
ISTRI : Pandangan keur kamajengan
PAMEGET : Mun sanggup, mun bisa geura prak jalankeun
ISTRI : Abdi mah hoyong di Bandung
PAMEGET : Kaka ge kitu
ISTRI : Nuhun saluyu
IS/PA : Di Bandung riung mungpulung

RAPAT RT

PAMUDA
Gotong royong! Silih rojong! Persatuan sing tembong
Rukun tatangga dikampung-kampung dikota
Nimbulkeun rasa jeung mahluk sajiwa
Paheuyeuk-heuyeuk leungeun layeut sauyunan
jeung batur silih ajenan
(alok: rempug jukung babarengan – sabobot sapihanean)

Rukun tatangga diwangun ku para umpi
Unggal lapisan ngagulung ngajadi hiji
Garotong royong teu ngabeda-beda pangkat
sabilulungan saharkat
(alok: rayat leutik rayat gede-kudu tunduk ka Pa RT)
……… bende ditabeuh;
GEURA DEUGDEUG, TONG TALANGKE, RAPAT DI BAPA RT

PAMUDA Rampak sekar – para pamudi nungtutan daratang (rupa-rupa pakean)
Pating gandeuang, angkat rapat rurat reret
Datang ka rapat, make padoman jam karet
Ayang-ayanggung, tepak toel bangun sono
Babadamian, tas rapat arek lalajo
Bari ka rapat, rek balanja sakalian
Ngaritung duit, bari marawa jingjingan
Samemeh rapat, badminton heula diselang
Datang ka rapat, ngahegak kokoprot kesang
Samemeh rapat dialajar tumpak motor
Nganggo lancingan, angkatna pating langgeor

Para Pamuda beberes tempat keur rapat, sabadana terus nabeuh bende
PARA TAMU ULAH NGUTRUK, TUH BAPA RT CUNDUK
Gamelan ngalagu Bendrong, mirig pa RT nu kakara cunduk
Barang Pa RT geus salse, diuk nyanghareupan meja Ketua, sarta nyandingkeun wakilna
…. Bende ditabeuh; PARA MITRA! GEURA CENGKAT! PA RT MUKA RAPAT

Pa RT: jung nangtung ngetrokeun palu kana meja, muka rapat ku lagu Sinom

Sabadana uluk salam, ngedalkeun kabungah ati
Reh para mitra sadaya, dina rapat pada hadlir
Teu rek diwiji-wiji, ka sadaya hatur nuhun
Muga hade buahna, rapat dipungkas ku mosi, nu ditanda sing ngajejer babarengan…

Acara anu munggaran, ngabahas hal ekonomi
Nya ku jalan rereongan, ngawujudkeun koperasi
Acara sejenna deui, ngunder elmu pangaweruh
Urang tuker pikiran, ku jalan ngatur diskusi
Silih cental ngan entong terus pasea

Acara nu pangakhirna, ku Bapa katimbang penting
Sawala sacara bebas, nyusun rupa-rupa kritik
Kaluarkeun opini, tong aya ngewa dikemu
Pek jieun bubulanan, meungpeung waktuna mustari
Bapa oge sadia keur medal sila

Saterusna :
Komentar RT tina perkara nyusun acara : 1. Ekonomi/Koperasi 2. Diskusi 3. Kririk kritik
Acara ka 1 nyaeta Koperasi
Ku Pa RT ieu soal dipasrahkeun ka hadirin geusan ngabahasna

RS:
Koperasi – Koperasi
Rikrik gemi jadi pangkal kakayaan
Resep apik kana rijki
Kajeun leutik sok dapon jeung tinemenan

AS Pi:
Tinimbang pake awuntah
Duit dipake teu uni
Mending diatur sing tabah
Disimpen di Koperasi

AS Pa:
Cari pekerjaan euweuh diploma
Arek tani, sawah henteu boga
Jadi tukang copet sieun pulisi
Mun nganggur nagara rugi

AS Pi:
Bisa oge ngararancang
Koperasi bakal ngatur
Mere nginjeum duit modal
Ka si leutik nu keur nganggur

AS Pa:
Rek jadi tentara, sieun ku mortir
Jadi supir, teu boga rebewes
Nyerepan pilmster, teu boga dasi
Mun nganggur nagara rugi

RS:
Tinimbangan duit dipake teu uni
Mending atur disimpen di Koperasi
Laun-laun koperasi bisa ngatur
Mere modal ka sileutik nu keur nganggur

diselang bapa RT mere komentar

AS Pi:
Bahruteng dapur ditinjau
Diatur masing taliti
Bahruteng moal rek kacau
Mun inget ka koperasi

AS Pa:
Hayang sare tibra teu boga imah
Los ka hotel, harus bayar kontan
Rek sare di gardu, disangka bangsat
Rek nyewa euweuh wang konci

AS Pi :
Koperasi kahareupna
Ngararancang perumahan
Keur ngaraksa jeung nulungan
Rayat nu katalangsara


AS Pa:
Rek sare pateep da lain peda
Rumah sewa, berat uang muka
Rek sare di luar, sieun titinggi
Tugenah sedih sungkiki

RS:
Bahruteng dapur diatur sing taliti
Pacuan poho nyimpen di Koperasi
Laun-laun Koperasi ngarencana
Ngimahan rayat nu keur katalangsara

· Acara ka I ditutup ku komentar Pa RT
Acara ka II (Diskusi: ka teu amanan hate)
Kitu deui keur ngabahas ieu acara, ku Pa RT dipasrahkeun ka Pamuda jeung Pamudi

Sarta ngawawadian supaya entong terus pasea


1
- Ari kaka tos uninga, naon pangna hate teu aman?
+ Terang pisan, sabab loba kasieun
- Sieun ngelmu henteu junun (geuning) rarat di jalan
+ Kaka mah sieun teu gandang
- Abdi mah sieun ku perang
+ Kaka sieun kunu rewig
- Iiiih, sieun ku jurig
+ Hoyah geuning borangan
- Kapan hate teu aman
+ Kapa oge
- Abdi oge
x Papada loba kasieun
PELOG
- Sieun teu mulya, sieun hirup sangsara
+ Sieun adi goreng patut
- Sieun lanceuk teu matut
+ Eeeeeh, geuning poyokan
- Bongan nyarekan
+ Lain nyarek
- Lain moyok
x Perbawa hate teu aman

2
- Ari Kaka tos uninga, naon pangna hate aman?
+ Terang pisan, sabab loba kahayang
- Hayang beunghar hayang ginding, (geuning) kaleuleuwihi
+ Kaka mah hayang pamuji
- Abdi mah hayang kumaki
+ Bapa hayang meunang lotre
- Iiiih, hayang BMW
+ Hoyah geuning sarakah
- Eyyy, kaka ge ningkah
+ Da kaka mah
- Abdi oge
x Ngan ukur semet kahayang
PELOG
- Hayang dihormat, hayang didama-dama
+ Nyai kudu loba jasa
- Kapan cekap ku carita
+ Laaaaaah eta mah sombong
- Kaka ge bohong
+ Nyai sombong
- Bapa bohong
x Tungtungna rek patorong-torong

3
- Ari kaka tos uninga, naon pangna hate aman?
+ Terang pisan, sabab loba kanyaah
- Abdi nyaah kana speda (geuning) teu ditumpakan
+ Sok nyaah ka jalma jahat
- Da Kaka resep basilat
+ Kaka nyaah kanu muji
- Eyy ku leumpeuh yuni
+ ituh kateterusan
- Bongan dimimitian
+ Kaka nyaah
- Abdi oge
x Papada resep dialem

4
- Ari Kaka tos uninga, naon pangna hate aman?
+ Terang pisan, sabab loba kaembung
- Embung hirup sederhana, (geuning) karasa hina
+ Kaka mah embung kagoda
- Abdi mah embung sangsara
+ Kaka embung hese cape
- Iiiih, embung digawe
+ Hoyah! bet pangedulan
- Ituh bet teu ceehan
+ Lain ngedul
- Sanes melid
x Papada loba ka embung

PELOG
- Embung latihan, tapi hayang pujian
+ Kaka embung nulung batur
- Da bongan kaka teu jujur
+ Eeeeeh, Nyai ku rewel
- Kaka ge bawel
+ Nyai ngedul
- Bapa melid
x Nimbulkeun kateuamanan…..

Catetan: unggal-unggal pada dikomentaran ku Pa RT
Sarta dina panutup lantaran “suasana” katimbang panas, ku Pa RT dipisah
(ngagunakeun surilit, dina keur “memuncakna” acara)
Acara ka 2 ditutup deui ku komentar Pa RT
-------------------------------------------------
Acara ka 3 nyaeta KRITIK-KRITIK
Pa RT masihan kasempetan ka sing saha anu bade ngaluarkeun kritik
Sadaya hadirin ngacungkeun leungeunna, tanda sadayana gaduh kapentingan
Ku Wakil RT, nu ngacung dicatetkeun, sarta terasna dipasihan kasempetan,sacara giliran

GILIRAN KA 1
Ambu-ambu Pa RT telenges teuing, teu aya rasrasan
Abong kena kanu laip, nyiksa abdi bibilasan
(alok : kaganggu pikiran, inghak-inghakan..)

Teungteuingeun ku bapa abdi ditagih,
Maksa kedah nyumbang, keur nu maot caket bumi
Da abdi mah (masih ngora, kana maot) moal waka
(alok : manehna teh ngora panjang umurna.)

Sareng seueur bahruteng mu langkung penting
Mayar kursus dangsa, ongkos dikreul maen tenis
Ka bioskop jeung p’lesiran
(alok : nyewa mobil sedan geugeuleuyeungan..)

Anu mawi Pa RT sing wening galih
Mugi abdi bebas, ulah aya nu nagih
Taya artos lalangkungan

…………Komentar ti Pa RT………….

GILIRAN KA 2
Eh! Pa RT sok boga talajak angkuh
Waktu hajat rogkah henteu narik henteu nakon
Ka tatangga embung ngondang-ngondang acan
(alok : idangan teu meunang, da teu diondang..)

Nu diondang para juragan nu jauh
Tapi mun tunggara, nu jauh can puguh anjog
Nu nulungan si gembel batur tatangga
…………Komentar ti Pa RT………….

GILIRAN KA 3
Ieu abdi lami ngangres ngenes ku bapa!
Naha bapa kejem jeung telenges jeung judes
Hanas mawa reket, terusna ngan bati bengong
Tuh! Lapang badminton, geuning dipelakan singkong
…………Komentar ti Pa RT………….

Di buruan bapa jalan awon tarahal!
Naha teu diaspal dibeton kurang modal
Bapa oge terang, abdi teh sok tumpak skuter
Tuh! Palebah bapa, tikusruk mani kalenger
…………Komentar ti Pa RT………….

Wengi tadi abdi kantos ceurik ngabangingik
Margi di rorompok pareum listrik korsleting
Bapa teu nulungan, sakitu bapa teh beunghar
Tuh! Rekening listrik ku abdi moal dibayar
…………Komentar ti Pa RT………….

Abdi kantos udur meh sasasih malarindu
Batuk panas tiris jeung ngagetih gering cinta
Bapa teu ngubaran, kalah ka murukusunu
Pek rek dibekenken, yen bapa kumisna palsu
…………Komentar ti Pa RT………….

GILIRAN KA 4

Hayu urang sabeungkeutan, nyusun konsep mosi nu demokratis, Pa RT sina turun, urang sacara integral, usaha legal nyusun ka-teu-panuju, nu berjiwa kolonial, perlu didaulat sakali
.............................................> 4 x 4 –prok – tambah 2 prok carang

Bapa RT jeung actingna, sangat berjiwa lembek pessimistis, resultaatnya tagiwur, provokasi pihak luar, mengintensiveer gerakan kaom catut, ekonomi berantakan, loba lengkah onproductief
............................................> 4 x 4 –prok – tambah 2 prok carang

Mun RT exit ayeuna, aku kan menggantinya tur effectief, aku mengucap syukur, sekaligus perubahan, plan lama konyol aku susun yang baru, stabilliteit akan nampak, dengan re-organisasi…
.............................................> 4 x 4 –prok – tambah 2 prok carang

Pa RT ngahuleng, sarta keur ngomentaran eta pidato, dipasrahkeun ka hadirin

HADIRIN
Ambu-ambu Mang Acu pidato dirungga renggi,
matak teu ngarti
Ambu-ambu Mang Acu pidato hebat, basana pinuh semangat
padahal keur mikat rayat
Ambu-ambu Mang Acu pidato nyieun piheueuh, kabisa euweuh
Ambu-ambu Mang Acu umangkeuh pisan, ngawincik jasa sorangan padahal ngan jijieunan
Ambu-ambu Mang Acu pidato boborot ciduh, abdi mah tunduh
Ambu-ambu Mang Acu pidato aksi, semangat berapi-api, padahal rek ngarah korsi
Ambu-ambu Mang Acu pidato mani ngabudah, ngarah disembah
…………Komentar ti Pa RT………….

Geus tilu minggu- ngahuleng balas mikiran
Nyekel padud- padudan teu dibakoan
Harga roko teu daekun
turun-turun- malah ditaekkeun
harga kretek- roko rakyat merepet
milu ngapung,
duit hese, mulung kuntung
atawa roko daun kawung

Sagala rupa- saniskara kaperluan
Ngukur beas- disaimbangkeun jeung beas
Panghasilan tengah bulan geus koredas
Nganjuk teu kaduga, korupsi teu bisa, mengkek beuteung ngarasula

Bapa RT usaha
Roko brantas hargana
Entong tukang rokona
Tapi sungapanana
Mun roko tetep mahal
Menta kirim padudan
Padud teu weleh payus
Tumbal bahaya kutud


Ku hayang ceurik- nalangsa campur jeung sedih
Balilihan- tugenah sedih jeung peurih
Harga barang mumbul
siga langlayangan- naraek apung-apungan

Gajih tambah- rajeun gajih ditambahan
Peperakan- ngan saukur peperakan
Teu ngimbangan kaperluan
Kahirupan- beuki ningkat kaperluan

Inggis ku bisi- inggis batan maut hinis
Kawalahan- pangharepan beuki ipis
Barang mahal, duit seuseut , kalaparan

Pa RT ngusahakeun
Sangkan barang marurah
Ra’yat mah geus boseneun
Ku jangji nu ngareunah
Keur ngungsi oge seubeuh
Ku singkong reujeunh hui
Mustahil kiwari mah
Rek karandapan deui

…………Komentar ti Pa RT………….
Rapat ditutup ku KIDUNG nu dihaleuangkeun ku Pa RT

Bapa teh bungah kalangkung, bisa ngariung badami
Jeung para mitra sadaya, ngaguar kedaling ati
Dina harti duduluran, rasa ngajadi pamatri

Rapat lir nu gunem catur, kabeungkeut ku rasa asih
Asih ka batur tatangga, sanajan peuheur ngiritik
Tapi ngan ukur lahirna, batinna mah tetep beresih

Muga hasilna kapulung, sarta buahna kapetik
Tina sawala ayeuna, ulah ngan semet badami
Bari teu jeung dilakonan, temahna kaluli-luli

Bisi aya nu kasinggung, ku pangwada jeung kritik
Ulah kurang hampurana, kitu deui bapa wening
Ngahampura ka sakumna, nu geus ngaluarkeun kritik

Hayu urang rempug jukung, pada tatandang sayagi
Nguatan rukun tatangga, tatangga pareng ngahiji
Ngawujudkeun kakuatan, keur hirup dialam lahir

Rapat RT geus lekasan nu tinggal wungkul putusan
Hayu batur sauyunan, ngawujud hiji beungkeutan
Sabeungkeutan jeung tatangga, rukun jeung batur sadesa

Rapat RT geus lekasan nu tinggal wungkul putusan
Rapat pleno di Pa RT geus lekasan
Ngatur konsolidasi, urang singkil gulung tangan sauyunan
Nyipta stabilisasi

Rapat RT geus lekasan nu tinggal wungkul putusan
Rapat di Pa RT sawala tepi ka lungse

Bandung, 18 Desember 1958

S A H A ?

1
Saha nu mimiti di sawarga? - Pameget !
Genah mernah betah suka-suka - Pameget !
Dicoba digoda dipelet ku buah kholdi -Pameget-pameget!
Tabeat sok leumpeuh yuni

2
Saha nu nyukakeun Rumah Tangga? - Istri!
Sakapeung ngukusut Rumah Tangga? - Istri!
Pareng keur pasea tetenjrag sarta tetejeh - Istri-istri-istri !
Mun pacental embung eleh

3
Saha anu muluk-muluk jangji? - Pameget !
Basa pangoloan rungga-renggi? - Pameget!
Lamun jual tampang, belaan sok unjam injeum - Pameget-pameget !
Mun bohong teu kirem-kirem

4
Saha nu nyoba nambah kawani? - Istri!
Tandang ngukuhan emansipasi - Istri!
Ngudag “persamaan” dina sagala lapangan - Istri-istri-istri !
Kahareup sieun kumisan

5
Saha nu sumpah tacan rimbitan? - Pameget!
Kantong kosong tapi heheotan? - Pameget
Ninggal istri lenggik, ngadadak hodengna tandang - Pameget-pameget!
Biasa sok “mata kranjang”

6
Dina hari Ibu sok alihan? - Istri!
Erok jadi kabaya-injeuman - Istri!
Sinjang gejed milo, ngalengkah siga nu mabal - Istri-istri-istri !
B
eurateun ku “Gelung Pedral”

8
Saha nu sok mindeng rapat peuting? - Pameget!
Ranggem catetan dokumen penting? - Pameget!
Rupa-rupa ekol, alesan dirungga-renggi - Pameget-pameget!
Neang bojo nu teu resmi

9
Saha nu sok biasa dierok? - Istri!
Sakapeung diwedakna camerok? - Istri!
Wedak tilu lapis, rarusuh teu dieunteungan - Istri-istri-istri !
Ditilik jeug careuh bulan

10
Saha nu jumago bobok tarok? - Pameget!
Laga sakecapkadua gaplok? - Pameget!
Digoda gelung, wawanen ngadadak leeh - Pameget-pameget!
Ku istri sok mindeng eleh

11
Saha nu sok sumpah kulat-kelet? - Istri!
Seja ngiring ka liang cocopet? - Istri!
Pareng kurang blanja, nyeuseulan ku matak nyeri - Istri-istri-istri !
Mindeng poho api-api

12
Saha nu jangji siga nu enya ? - Pameget!
Kajeun ancur, batan teu laksana? - Pameget!
Gawe obral sumpah, dipapay nu lelengohan - Pameget-pameget!
Surat kawin satumpukan

13
Saha diacuk ampir buligir? - Istri!
Kajeun kapanasan rada nyengir? - Istri!
Nelepon ti kantor, ngabahas perkara cinta - Istri-istri-istri !
Rukal rikel siasatna

14
Saha nu jangji moal midua? - Pameget!
Sumpah “hanya satu yang kucinta” - Pameget!
Sikep ampuh lungguh pedah mayunan mitoha - Pameget-pameget!
Pinter ngulik “Sandiwara”

15
Saha nu nganggo lancingan panjang? - Pameget!
Oge dipantalon angkat midang? - Istri!
Disahedeng tukung
Digolep-dikreul-diponi - Pameget jeung Istri
Sakapeung mindeng pahili

SANDANG PANGAN

1
- Dipikir wuwuh lalanjung
+ Na naon nu matak bingung?
- (aduh) Aduh ku sandang pangan
+ (itu) Geuning anjeun borangan
- Eee… kapan jeung rencana
+ Eee… mending kuma behna
- Eee… sieun kawalahan
+ Atuh sabar entong getapan
- Baju yeye matak hese, mending erok dijejewet
+ Entong nyonto sambel jahe, dicocol tep-tep tewewet
- Duuuh, kumaha (atuh)
+ Sandang pangan
- Sandang pangan
+ Ieuh makan waktu keur ngolahna

2
- Balanja mindeng teu mahi
+ Har kapan duit sayagi
- (da) geuning sagala mahal
+ (atuh) Mending anjeun tong aral
- Eee… rasa panasaran
+ Eee… tunggu sandang pangan
- Eee… geuning tacan datang
+ Moal tereh-tereh kasorang
- Cabe beureum gula pasir, hargana teu bisa murah
+ kudu peureum bari mikir, sangkan teu loba kasusah
- Duuh, nalangsa (geuning)
+ Sandang pangan
- Sandang pangan
+ Ieuh, panyileukan sarerea

3
- Disawang matak bungangang
+ Tah geuning bangun keur senang
- (geura) Sawang mun sandang pangan
+ (puguh) Lamun geus tinekanan
- Deuuh, abdi bakal surak
+ Deuuh, kaka ge jijingkrak
- Deuuh hirup subur mamur
+ Duit nyesa bisa diatur
- Meuli lawon dua geblog, duitna geus tangtu mahi
+ Erek dahar masing rewog, sapoe dalapan kali
- Deuuh sugema (suka)
+ Barang-barang
- Barang-barang
+ Ieuh, lamun geus murah hargana

4
+ Tah Nyai tambah balanja
- Tah geuning artos timana
+ (ieuh) Kapan tas ti pakgade
- (euleuh) Lucu teu hese gawe
+ Eee… kapan sandang pangan
- Eee… kajeun sarwa kurang
+ Eee… kuma mun teu dahar
- Mending cukup ngucapkeun “sabar”
+ Listrik naek harga ngapung, panghasilan teu nambahan
- Ulah ngojok bari pundung, mending ngupahan sorangan
+ Eeeh, ku sedih (peurih)
- Sandang pangan
+ Sandang pangan
- ieuh, jaga mo burung kapanggih

Bandung, 7 Nopember 1959

SEKAR CATUR

1
Kaka hayu urang sakola - nanya tek matak reuwas
Meungpeung urang jagjag tur ngora - puguh ari kitu tea mah
Mangga urang sasarengan - kamana ?
Nungtut nyiar elmu
Pan keur kamajuan - alus pisan eta ajakan teh

Ieuh, lain Kaka teu hayang - harr na kedah kumaha?
Rasa keukeuh rada salempang - salempang leresan manana?
Najan ujian lugina
Sakola terusna, duh hese katampa - ahh kaka mah kecing
- Naha kaka geuning horeaman
+ Mun teu kitu, sok sieun kawiwirangan
- Duuh kaka, ngeplek jawer ngandar jangjang
+ Sanes kaka ngeplek jawer, ngan kaka teu weleh mangmang

2
Kaka mangga urang diajar - hayu da kawajiban
Meungpeung ngora kedah motekar - meungpeung euweuh pikiraneun
Sangkan hirup teu kasasar - ari kitu!
Kaka ge piraku - Nya teu hoyong jembar
puguh wae hayang pisan

Ieuh Nyai lamun keur ngelmu- kedah kumaha?
Entong make murukusunu - naha da sasari ge tara
Geuning ka Ibu ngarenghik - iraha?
Nangis mudut artos
Leuh ngagaleuh lipstik - lah jijieunan kaka mah

- Geuning kaka bet usilan teuing
+ Lain usil, kaka mah ukur ngelingan
- Duuh kaka, piwuruk kaka katampi
+ Sukur mun daek digeuing, ngan ulah rek deui-deui

3
Lamun kaka sarapan pagi - kudu dahar naon cing?
Poma ulah arek kumaki - sasari ge tara kiju mantega
Mending tuang kulub hui - euleuh atuh!
Gegentos nasi goreng atawa roti - Aduh cilaka pisan ieu mah

Najan seep hui sabaskom - mamayu
Keukeuh rasa beuteung teu cumpon - lah ku rohaka
Lamun tacan manggih sangu - sok kumaha?
Beuteung nagih eusi, lir anu mamayu - sedep tuang we ieu mah
- Saur apa, beas teh paceklik
+ Teu salempang, kapan ngadagoan milik
- Duuh kaka, palawija langkung mirah
+ Lamun kakurangan sangu, peuyeum jeung hui ge ngeunah

4
Nyai masing jongjon sakola - na kirang kumaha
Entong osok mindeng kagoda - wantun sumpah tara
Geuning kamari katara
Keur diiring-iring ku para pamuda - eta mah rerencangan latihan

Ieuh kaka ulah neuteuli - kaka mah budak bageur
Anggur junun nyiar pangarti - moal galider kaka mah
Entong sapertos kamari - na kumaha?
Kaka tepak toel jeung pamudi jengki - euh geus gerak badan eta mah

- Naha geuning nyai ku poyokan
+ Bongan tadi kaka nu ngamimitian
- Duuh Nyai, ulah rek katutuluyan
+ Abdi mah teu pisan-pisan, eta mah mung gogonjakan

SEMPAL GUYON

TUKANG SAYUR
Sayur! Sayur!
Kangkung aya beas aya
Ase cabe make jahe
Lanjung aya panas aya
Bebene midua hate

Sayur! Sayur!
Lauk asin jeung galendo
Nyiksik cabe sumolondo
Matak isin sumolondo
Ditampik rek peureum wae

- Tah tukang sayur datang
+ Mangga geura garaleuhan
- Cing kuring rek balanja
+ Sagala rupa sayaga
- Hayang kangkung jeung lobak
+ Mangga candak
- Kangkung Bandung, Lobak Garut
+ Nu keur pundung sok camerut
- Ey geuning ku celembeng
+ Kapan ngaladenan Eneng
- Ieu artosna
+ Tah sayurna, permios ka sadayana

TUKANG BORONDONG
Borondong…….
Aeh, Borondong garing, ieuh……….
Suuk aya, kacang aya
Mangga ujang garaleuhan

Borondong……..
Aeh, Borondong garing ieuh…..

Kantong kosong hayang ginding
Ngalancong loba kapusing

- Tuh Borondong garing
+ Mangga Eulis garaleuhan
- Teu nyadiakeun cai
+ Wadahna henteu sayagi
- Kuma mun hayang nginum
+ Sumur umum
- Neureuy b’rondong teu dibanjur
+ Na genggerong henteu leyur
- Ah, sieun kabuhulan
+ Sae tinggur pupundakan
- Moal cios
+ Teu sawios permios abdi rek mios
Borondong………………

TUKANG CENDOL
Cendol! Cendol!
Dagang cendol ka Cibabat
Ngadon reureuh ngan sorangan
Dagang cendol ka Cibabat
Ngadon reureuh ngan sorangan
Nya ngagembol nya merekat
Capek rahem “weureu seubeuh”, Ceuceu! Tas kaondangan

Cendol! Cendol!
Dagang cendol ka Kanoman
Meuli rujak di pengkolan
Dagang cendol ka Kanoman
Meuli rujak di pengkolan
Rek norojol rek nemonan
Asa-asa, kurang wedak, Ceuceu! Totorombolan

- Tah tukang cendol datang
+ Mangga keur landong hanaang
- Cendol tong dicaian
+ Atuh siga buburuyan
- Bongan lipstik sok luntur
+ Entong paur
- Ieu lipstik sieun ruksak
+ Nguyup apik jeung calawak
- Ah sieun kabesekan
+ Neureuy ku elak-elakan
- Moal tulus
+ Mending kitu tinimbang jeung kukulutus

TUKANG MIE
Mie! Mie!
Dagang emi dikalengan
Geus kaya rek dirugikeun
Rikrik gemi nyengcelengan
Geus loba dipahugikeun

Mie! Mie!
Dagang emi ka Cikini
Ngadon mondok di Cililin
Teu badami teu pasini
Paamprok nagih maskawin

- Mie! Mie! Cing coba ngawadahan
+ Mangga geura garaleuhan
- Cing entong mahal teuing
+ Mangga mung satengah piring
- Kuma mun hayang seubeuh
+ Campur seureuh
- Emi goreng dua porsi
+ Artos coceng beuteung eusi


- Har geuning emi godog
+ Kapan malar Eneng rewog
- Entong ngunghak
+ Entong nyentak, Mie Goreng teu aya minyak

Bandung, 10 Oktober 1962

".....?????....."

MAKE-UP
+ Nyai mah wanda perceka
- Abdi teu hoyong dipuja
+ Pujian sabalakana
- Asal tong teras ngagoda

+ Arek dijajal diuji
- Sumangga abdi sayagi
+ Menta jawaban nu sieup, Cing naon hartina “make-up?’

Deuh… Bangsa kedok istimewa
Anu bisa mindah rupa
Pipi peot jadi peungkeur
Nini-nini katembong neuhneur

Deuh… Anu tegep tambah geulis
Nu karenyut jadi luis
Sok kalinglap anu nenjo
Make “make-up” sok kabobodo

Keur pulitik : teu asup kana acara
Keur sosial : teu aya hubungan
Ekonomi : nu puguh mahal ongkosna
“make-up” mun geus luntur tembong nu aslina

MAKE-UP
+ Nyai mah ku resep dangdan
- Pan kudu milaras jaman
+ Ku seueur acuk pinilih
- Kapan meser unggal sasih

+ Ayeuna arek diuji
- Sumangga abdi sayagi
+ Menta jawaban nu pasti, Cing naon hartina “You Can See”

Deuh… Eta basa Inggris
Meureun “anjeun bisa nenjo”
Tonggong istri ngagem sinar
Anjeun mencrong teu kudu mayar

Deuh… Tonggong koneng tambah pamor
Kaasupna barang impor
Rok “you can see” pake peuting
“asup angin” henteu dihiding

Keur pulitik : angkeuhan internasional
Keur sosial : ditunggu usaha amal kaasup talajak royal puguh mahal ongkosna
Tong make “you can see “ lamun kurang modal

BIOSKOP
+ Tah Nyai geuning geus ginding
- Pan gaduh acara penting
+ Har kapan geuning keur perlop
- Kapan bade ka bioskop

+ Ayeuna Nyai dijajal
- Sumangga moal rek aral
+ Cing jawab satarabasna, “Bioskop” naon hartina?

Deuh… Rohangan tempat kuliah
Direnceng-renceng garenah
Soal cinta, kajahatan
Nyanyi-tari, kapahlawanan

Deuh… Ongkos kuliah teu mahal
Saletereun moal aral
Ka bioskop tos ngalanggan
Matak lali kana sambetan

Keur pulitik : saeutik nambah kanyaho
Keur sosial : ieu mah kapan lalajo
Ekonomi : sok loba rekening poho
Karcis geus beakeun kapaksa ti calo

HUNTU PALSU
+ Bapa teh keur ngeunah seuri
- Naon anu jadi margi
+ Pan ieu huntu geus ganti
- Paingan ku amis budi

+ Ayeuna Nyai diuji
- Sumangga abdi sayagi
+ Harti kecap “huntu palsu”, Terangkeun anu saestu

Deuh… Dianggo ku para sepuh
Nu gugusina tos uduh
Huntu palsu na gugusi
Nu tos sepuh sok anom deui

Deuh… Kuat nyapek satakerna
Leuwih kuat ti incuna
Onjoyna teh najan kolot
Ngosok huntu bari ngaheot

Keur pulitik : teu kagok dina pidato
Keur sosial : teu asup acara poko
Ekonomi : da lain talajak ogo
Make huntu palsu, dahar beuki ponyo

NV
- Bapa mah bangun nu senang
+ Kapan henteu boga hutang
- Cing atuh abdi tulungan
+ Dapon nyai teu rimbitan

- Cobi bapa rek diuji
+ Pek wae bapa sayagi
- Neda jawaban nu pasti
Cing naon hartosna “NV?”

Deuh… NV, Naamlose Vennootschaap
Rereongan layeut pisan
Tingpucunghul dimamana
Ngeduk untung paloba-loba

Deuh… NV artina “Nieuwe Vrouw”
Anyar keneh ganti bojo
Hawa dunya sok bengbatan
Modal NV pake nanyaan

Keur pulitik : teu aya sangkut pautna
Keur sosial : ditunggu sumbanganana
Ekonomi : mun jujur aya onjoyna
Nu jareneng luhur, tong milu usaha

Bandung, 4 Juni 1960

Monday, May 24, 2010

PASAMOAN

NANO.S

Adegan 1
Di imah nu rek dipake Pasamoan katinggal kasibukan pribumi dibantu ku badegana, beberes siap-siap rek narima semah.
Teu lila daratang semah nu didagoan, sabiasana anu kasemahan ti mimiti cai nepi ka opieun disayagikeun.
Bapa Uca diukna misah di juru, disangka ku pribumi mah nu ngajajapkeun salah saurang tamuna.


IBU PRIBUMI
Mangga atuh dilaleueut
Leueuteun saaya-aya
Hapunten anu kasuhun
Wireh sakieu buktosna

SADAYA TAMU
Nuhun-nuhun nuhun pisan
Sakieu ge cekap pisan
Henteu kedah ngarepotkeun
Hatur nuhun hatur nuhun

Adegan 2
Mimitina mah pada asa-asa, tapi lila-lila mah cug ceg kana lalawuh nu disadiakeun

IBU SUROTO
Abdi mah nembe tas neda can lami
Ieu mah etang-etang lalawuhna

IBU DEDY
Abdi mah tara bolu dalam negeri
Ieu mah mung hoyong nyobi raosna

IBU ISKANDAR
Abdi mah saur dokter kedah di-it
Ieu mah mung hormat kanggo pribumi

SADAYA TAMU
Euleuh-euleuh lalawuh sakedap ledis

IBU PRIBUMI
Wios-wios dipengker sayogi keneh

Adegan 3
Ibu pribumi marentah ka badegana supaya ngaluarkeun opieun deui, Si Bapa ti tukang ngagupayan siga aya piomongeun.

BAPA PRIBUMI
Ieu ibu geura gancang mimitian
Sabab lamun dililakeun
Bapa moal kabagean

IBU PRIBUMI
Tenang, tenang , bapa ulah rek hariwang
Sagembulna ibu-ibu
Geus wareg ge pasti nambru

BAPA PRIBUMI
Enya, enya
Tapi geura pek tinggali
Ditukang tinggal wadahna

Adegan 4
Si Ibu ngaleos katukang, teu lila asup deui tuluy haharewosan jeung Ibu Panitia
Cindekna mah supaya gancang dimimitian.

IBU ADE M (Panitia)
Assalamualaikum
Ka sadaya nu lalinggih
Parantos dugi waktosna
Acara urang kawitan
Cindekna ieu arisan
Ayeuna tarikan enggal

IBU TATANG
Sateuacana dibuka, di etang
Sadaya anu ngiringan, arisan
Palih ditu aya bapa naha ngiringan
Ti tatadi teu ditaros bangun isinan

BAPA UCA
Nuhun ditaros ku pangersa ibu
Nepangkeun abdi, salaki pun bojo
Dinten ieu keur wagelan
Pameng nuju ngeduk sumur

SADAYA TAMU
Heuheuheuheuheuheuhheuh, hawatos
Si bapa mani kersaan nyuluran

BAPA UCA
Kapan luyu sareng jaman, emansipasi
Lamun ibu ngeduk sumur, bapa di dapur

SADAYA TAMU
Bapak mah pinter, licik sorangan
Emansipasi janten alesan

BAPA UCA
Ibu ulah lepat hartos
Sumur na ge sumur artos
………………………………………………..

IBU RUCHIYAT
Disuhunkeun perhatosanana
Acara urang kawitan
Langkung ti payun administrasina kedah rengse
…………………………………………………

Saterasna…….
Tah ieu kocokanana
Di lebet atra kaserat
Kaunggel teu tiasa diganggu gugat
…………………………………………………

SADAYA TAMU
Koclok tah koclok koclok Hey
Saha nu kenging milik.
Enggal buka enggal buka

Adegan 5
Samemeh narima kertas kocokan saurang-saurang nyaritakeun pangalamanana


IBU WENI
Mun ngukur kekerenyedan
Sigana meunang arisan
Saatos dietang-etang
Cekap keur mayaran hutang

RAMPAK
Heuheuheuheuheuydeuh
Hayu silih du’akeun

IBU TRI
Wengi tadi abdi ngimpi
Bulan napel dina pipi
Barang bade dilesotkeun
Bapana adug-adugan

RAMPAK
Heuheuheuheuheuheuheu
Boa napel nyalahan

BAPA UCA
Bapa mah kumaha milik
Eleh meunang moal nampik
Duit ge masih gepokan
Ngan teu payu dibeulikeun

RAMPAK
Heuheuheuheuheuheuh
Kabutuh dipindingan

Adegan 6
Saurang-saurang, satutasna narima keretas kocokan tuluy dibaca

RAMPAK
IBU TATANG (maca sajak)
Cinta …… lir ibarat kalangkang
Deukeut anggang…… bisa diteang ku urang
Cinta perlu jalan anu luwes
Sologoto akhirna diancam putus …..
Duh teu ku hanteu ari nasib….


RAMPAK
Ka laut ka laut nu kalaut tong camberut
Wayahna wayahna sugan kenging sasih payun

……………Ibu Weny maju ka payun……..

Indung-indung kepala lindung
Awan mendung di kota Bandung
Bukan salah bunda mengandung
Karena bapak punya burung

Oh…burung..

RAMPAK
Ka laut ka laut nu kalaut tong camberut
Wayahna wayahna sugan kenging sasih payun

……………Ibu Pribumi

Ibu…ibu….
Mugi kauninga………
Ngagentos gardeng seep tiluratus rebu
Nyayogikeun lalawuh seep duaratus rebu
Mayar pembantu saratus rebu
Meser gelas, piring, katel, panci aya kana…. limaratus rebu.………..
Kecil sakitu mah,…anu mawi teu nanaon ka laut oge

RAMPAK
Ka laut ka laut nu kalaut tong camberut
Wayahna wayahna sugan kenging sasih payun

………….Bapak Uca kapayun………..

Diputer, dijilat, dicelup lalu….di buka
……………………………………….
Begini ibu…ibu……
Wanita bukan sapi perahan
Yang dapat dilakukan kapan-kapan
Namun kali ini……
Ternyata……bapa Uca menang total…

RAMPAK
Wilujeng
Wilujeng kenging arisan
Wilujeng
Sing mangpaat dianggona

Arisan, arisan gempungan urang
Arisan , tepung lawung unggal bulan
Arisan, arisan gempungan urang
Arisan, keur manjangkeun duduluran


Bandung, 2 Agustus 1999
MEGABRATA 74

BEREKAT KATITIH MAHAL

( Naskah Sekar & Gending : MANG KOKO )

TATA PENTAS : Kaayan di ruang tamu, opat korsi diriungkeun di tengah aya meja

PROLOG
Marengan Mang Udin asup ka pentas
Mang Udin keur boluih
Di udag kunu nagih
Sore-sore geus ngampih
Nyumput henteu kapanggih, Hey!

Mang Udin kunyam kunyem
Jeung garayam gereyem
Baeud pasemon kucem
Ku bojona dikerem, Hey!

Mang Udin keur teu nangan
Di imah ngan sorangan
Nunggu nu kikiriman
Sang bojo keur amengan, Hey!

GENDING
Keur jongjon gegelehean datang semah lalaki ginding make jas di dasi siga-siga urang kota

SEKAR
SEMAH LALAKI 1
Punten mang Udin aya di bumi
MANG UDIN
Euleuh-euleuh tara-tara ti sasari
SEMAH LALAKI 1
Pedah lawas teu patepang
Mang Udin kumaha damang
MANG UDIN
Aya hibar piker butek
Jeng kantong sering tiktikbrek
SEMAH LALAKI 1
Leres kulem ge geuning di pawon
MANG UDIN
Mangga calik,
Pun bojo nuju badminton

GENDING
Semah ngaluarkeun rokok tuluy nawaran ka Mang Udin, mang Udin nyokot sabatang, barang arek di sundut rokona, datang semah awewe, dangdosan estu nyari di kabaya.

SEKAR
SEMAH ISTRI 1
Punten mang Udin teu nuju repot
MANG UDIN
Euleuh-euleuh tepang deui pakokolot
SEMAH ISTRI 1
Lawas pisan teu pajonghok
Mang Udin ayeuna montok
MANG UDIN
Aya hibar ngajangkungan
Mung bojo teu kaparaban
SEMAH ISTRI 1
Euleuh ku matak pikahawatoseun
MANG UDIN
Mangga calik, tong ngantos-ngantos opieun

GENDING
Sanggeus sasalaman tuluy ngarobrol, mang Udin rek nyundut rokona tapi teu jadi da kaburu aya nu punten hiji lalaki make pakean ti kampung, bajuna kalotor pinuh ku apu, rokona digolerkeun dina meja

SEKAR
SEMAH LALAKI 2
Punten mang Udin keur aya linggih
MANG UDIN
Euleuh-euleuh geuningan tamu nu tebih
SEMAH LALAKI 2
Najan tebih toh diburu
Ngabonceng kana treuk apu
SEMAH LALAKI 2
Mung hanjakal lengoh pisan
Sumping teh teu cacandakan
SEMAH LALAKI 2
Yaktos maksad mondok rek barempug
MANG UDIN
Mangga calik
Keur mondok sayogi tajug

GENDING
Si Semah tuluy sasalaman ka sakabeh semah nu aya didinya, memeh diuk ninggali roko ngagoler dina meja tuluy dicokot. Mang Udin rumpu rampa neangan roko, kakara ge rek gek diuk, kadenge aya sora nu punten, hiji wanoja, dangdanan kaayeunakeun nu kaasup model

SEKAR
SEMAH ISTRI 2
Punten mang Udin teu nuju bingbang
MANG UDIN
Euleuh-euleuh asa-asa tacan tepang
SEMAH ISTRI 2
Kapungkur mah weureu seubeuh
Sasarengan ical galeuh
MANG UDIN
Aeh yaktos tos sahate
Saperjuangan di pakgade
SEMAH ISTRI 2
Muhun harita urang berjuang
MANG UDIN
Mangga calik
Bari tong ngobrolkeun hutang

BACKSOUND
Marengan paripolah Mang Udin
Mang Udin kasemahan
Tapi teu disuguhan
Teu nyampak kadaharan
Kantongna lepet pisan, Hey!

Mang Udin gupuy gapay
Eusi saku dipapay
Gawena ngusap raray
Bari sakapeung heuay, Hey!

Mang Udin henteu ngomong
Los ka dapur nyolongkrong
Tekona geuning kosong
Dibalangkeun ka kolog, Hey!

Mang Udin geus muringgis
Ninggal semah jejebris
Mamandapan aringgis
Pidato melas melis, Hey

SEKAR
MANG UDIN
Ibu-ibu, bapa-bapa, para tamu anu mulya
Atas nami kulawarga, jisim kuring rek tamada
Ngumpul ngariung saluyu
Amprok pajonghok sakokoh
Sempal guyon gogonjakan
Hanjakal teu disuguhan

RAMPAK SEMAH
Sawios da tos cekap
Ku ngobrol oge hilap

MANG UDIN
Neda agung cukup lumur, pun bojo teh tadi kabur
Henteu ngantunkeun tuangeun
Henteu nyesakeun leueuteun
Rek balanja cupu capa
Kantong ge meneran hapa

RAMPAK SEMAH
Da puguh sarwa awis
Peryogi ekonomis

SEMAH ISTRI 1
Abdi oge bosen sabar
Hayang imah teu kapeser
Sapuluh taun tos ngontrak
Nyicil Perumnas teu kabedag
Ekonomi langkung ripuh
Raweuy hutang, reuay anak

RAMPAK SEMAH
Da puguh sarwa mahal
Tong miharep nu teu halal

SEMAH LALAKI 2
Pun anak lulus SMA
Rek kuliah taya biaya
Nyiar gawe hararese
Lugah-ligeuh unggal poe
Anak hayang jadi presiden
Akhirna jadi tukang ngamen

BACK SOUND
Mang Udin asa enya
Loba batur sasama
Pada nyandang tunggara
Ngabanding kantong hapa, Hey!

Mang Udin helok pisan
Rasana kaubaran
Pidato dihaminan
Ni’mat ungut-unggutan, Hey

GENDING
Ngarasa sanasib, ayeuna mah ngarobrol teh teu kararagok, make tepak toel sagala. Keur guntreng ngobrol, datang semah budak awewe bari mawa tanggeuyan, eusina idangan/berekat

SEKAR
BUDAK AWEWE
Punten Bapa teh keur aya linggih
MANG UDIN
Aeh Nyai ti mana saha kakasih
BUDAK AWEWE
Wasta abdi teh pun Nani
Kadieu nyumponan pancen
MANG UDIN
Pancen naon?, pancen saha?
Jigana jeung barang bawa
BUDAK AWEWE
Yaktos nyanggakeun ieu berekat
Lakadalah urang bakal dahar ni’mat
MANG UDIN
Ieu teh leres keur bapa?
Leres bapa nu diseja
Saurkeun atuh, nuhun pisan
BUDAK AWEWE
Permios rek teterasan

RAMPAK SEMAH
Untung urang can pan pamit
Beuteung lapar nyelengit
Rijki datang ti langit
Rijki teu make duit, Hey!

Rijki datang sorangan
Tah buktina idangan
Rijki teu kamodalan
Henteu kudu nyambungan, Hey!

Najan beuteung geus lapar
Henteu weleh ihtiar
Hadiah keur nu sabar
Akhirna bias dahat, Hey!

MANG UDIN
Ieu berekat urang recah
Sing walatra lir sidekah
Geura antri hiji-hiji
Nampa sidekah sing tarapti

Goreng tempena keur Nyai
Sambel gorengna keur ayi
Lauk gepuk jeung endogna
Ieu mah hancengan Bapa

RAMPAK SEMAH
Heuheuheuheuheuydeuh
Sakedap netra seubeuh

MANG UDIN
Urang terus ngabagikeun
Ieu berekat dibeakeun
Goreng tahuna keur nyai
Acar bontengna keur ayi
Sangu bear rada kotor
Beas raskin, ra’yat miskin

GENDING
Semah jeung pribumi balakecrakan murak berekat, keur jongjon balakecrakan jol budak awewe nu ngrim berekat tea, tuluy ngomong bari rada asa-asa

SEKAR
BUDAK AWEWE
Punten Bapa teh aya di bumi
MANG UDIN
Euleuh euleuh boa arek ngirim deui
BUDAK AWEWE
Mugi bapa wening ati
Berekat kabantun deui
MANG UDIN
Naha kitu? Tanpa hormat?
BUDAK AWEWE
Berekat lepat alamat
MANG UDIN
Aduh mangkaning enggeus direcah
BUDAK AWEWE
Paneneda mugi Bapa sadrah manah
Cek pun biang mani keukeuh berekat kabantun weuteuh
Mun berekat tos dipurak
Gentosna salawerebu perak
MANG UDIN
Euleuh kumaha pendapat siding
RAMPAK SEMAH
Kita ganti biar tidak punya utang
MANG UDIN
Limarebu ti saurang
Dibayar geus tutup bulan
Itung itung miceun sial
RAMPAK
BEREKAT KATITIH MAHAL

Megabrata 74
16 Desember 1988

Catetan
Rumpaka, peran/tokoh diluyukeun kana situasi sareng kondisi

RUMAJA RUMAJA

( Naskah Sekar & Gending : NANO. S )

GENDING
Sekelompok Remaja berkumpul di suatu tempat, mereka terbagi dalam kelompok wanita dan pria. Jarak mereka tidak terlalu jauh, sehingga kesan pandang memandang dapat leluasa diantara mereka


1. WANITA
Hay, hay tapi er-er, Hay hay tapi er-er
Aeh…. Ongkoh hayang tapi era

Sono nyongsrong jero dada
Tapi teu aya kawani kalah ka loba gayana
Tapina euweuh buktina
Aeh…. Ongkoh hayang tapi era

2. LAKI-LAKI
Kukak kokok kukak kokok..kok
Keur kongkorongok
Dulak dilak dulak dilak
Duh hate mah nyeblak
Gular gilir gular gilir
Duh beurat ka gigir
Cir gobang gocir
Hayang kataksir

GENDING
Wanita itu mengerti apa yang menjadi isi hati para pemuda, kemudian dengan nyanyian dia ungkapkan hal ihwal cinta

3. WANITA
WANITA (AS)
Cinta lir ibarat kalangkang
Deukeut anggang bias diteang ku urang
Cinta bisa ilang jeung nembongan
Repok jodo akhirna dating sorangan

RS WANITA
Aduh aduh cinta, aduh aduh cinta
AS WANITA
Cinta manjangkeun carita
RS WANITA
Aduh aduh cinta, aduh aduh cinta
AS WANITA
Cinta panjang lalakona

Salah seorang dari kelompok laki-laki merespon apa yang dinyanyikan si wanita, kemudian iapun memberikan pandangannya pula tentang cinta

4. LAKI-LAKI (AS)
Cinta lir ibarat nu geulis
Gerah endah tinawur sewu mamanis
Cinta perlu jalan anu luwes
Sologoto kapakan diancan putus

RS LAKI LAKI
Aduh aduh cinta, aduh aduh cinta
AS LAKI LAKI
Cinta perlu pangorbanan
RS LAKI LAKI
Aduh aduh cinta, aduh aduh cinta
RS LAKI LAKI
Cinta perlu kasadaran

GENDING
Kini wanita itu tersenyum, sebaliknya laki-laki berpikir untuk menarik simpatinya., untuk itu ada seorang laki-laki yang dijadikan bahan olok-olok mereka.

5. LAKI-LAKI
Lamun enya cinta - ta ta ta
Tanya ka jinisna - na na na
Naha make isin - is is is
Is ulah isinan

Lamun arek wakca - ca ca ca
Carita nu hade - de de de
Dedepongan heula
Heu heu heu heu heu heu heuh heuh

Tong isinan, tong borangan
Pek leukeunan masing beunang

Lamun cinta can laksana
Akalan sabisa-bisa
Lamun cinta ditarima
Pakaulan tumpak kuya

Tong isinan, tong borangan
Pek leukeunan, masing beunang

GENDING
Semua laki-laki semakin berani mendekati kelompok wanita, termasuk si laki-laki yang dijadikan bahan olok-olok mereka

6. LAKI-LAKI
Cinta ditarima - ma ma ma
Mawa kueh putu - tu tu tu
Tuluy eleketek - tek tek tek
Tewak lalaunan

Lamun rek nanyaan - an an an
Kudu dinu poek - wek wek wek
Gelehe ngahenen
Heu heu heu heu heu heu heuh heuh

Tong isinan, tong borangan
Pek leukeunan masing beunang

Lamun cinta can laksana
Akalan sabisa-bisa
Lamun cinta ditarima
Pakaulan tumpak kuya

Tong isinan, tong borangan
Pek leukeunan, masing beunang

GENDING
Kedua kelompok remaja itu mulai akrab dan saling melempar pandang dan senyum

SEKAR
7. LAKI-LAKI
Mimitina tina soca – duh aduh aduh aduh
Tumerus eunteupna hate - duh aduh aduh aduh
Utak utek jadi cinta – emh emh
Gandrung micinta dirina

8. WANITA
Saterusna hulang huleng - duh aduh aduh aduh
Mikiran nu dipitineung - duh aduh aduh aduh
Sono nyongsrong hoyong tepang – duh aduh aduh aduh
Hayang panggih jeung manehna

9. LAKI LAKI
Eh… balaka..balaka..balaka…balaka
10. WANITA
Ubarna kudu balaka carana kudu nyarita
11. LAKI LAKI
Eh… balaka..balaka..balaka…balaka
12. WANITA
Cinta mibutuh kawani
Ulah cengeng jeung borangan
Eh… balaka..balaka..balaka…balaka
13. LAKI LAKI
Tembongkeun sifat lalaki
Sebutkeun cinta pertama
14. WANITA
Eh… balaka..balaka..balaka…balaka
15. LAKI LAKI
Urang kudu tahan harga
Jawaban tunggu harita
16. WANITA
Lamun cinta ditarima
17. LAKI LAKI
Pakaulan nyikat gigi
18. WANITA
Mun cinta teu ditarima
Omat ulah cadu mandi
19. LAKI LAKI
Emh…emh..emh

GENDING
Setelah sama-sama akrab maka berpisahlah mereka masing-masing sambil saling membuat perjanjian

Sesuai perjanjian bertemulah para wanita dan para laki-laki, untuk bermalam minggu. Sepasang kekasih bercengkrama di rumahnya.
Bunyi lonceng pukul 22.00

20. WANITA
Kang geura mulih, ieu tos tabuh sapuluh
21. LAKI LAKI
Embohan atuh kapalang dugi kasubuh
22. WANITA
Kang ulah kitu, engke abah osok bendu
23. LAKI LAKI
Mun bendu akang kurungan, terus nyirekem duaan
24. WANITA
Kang anu bageur, punten abdi sanes ngusir
25. LAKI LAKI
Hm..hm..hm..hm.., mun teu ngusir ngiser atuh
26. WANITA
Ey akang ieuh, engke gareuwah ka abah
27. LAKI LAKI
Kalem we ah, abah ge pan anom heula
28. WANITA
Kang…
29. LAKI LAKI
Kah..!
30. WANITA
Sok atuh !
31. LAKI LAKI
Naon?
32. WANITA
Geura mulih
33. LAKI LAKI
Sono keneh
34. WANITA
Akang bageur, akang sayang, akang lucu..geura mulih
35. LAKI LAKI
Euh…waktosna seep

GENDING
Adegan perpisahan anatara kelompok laki-laki dan wanita
36. RAMPAK SEKAR
Bulan cahayaaan nyorot kaburuan
Urang duaan papisah di pakarangan

Wengi katineung pinuh kaendahan
Rema panangan patuyun nyantel kaheman

Reket panto nutupkeun kasono
Semplek imut kareueut nganteur lengkah pamitan
Wilujeng wengi …panutan

Angin peuting dalingding kakangen
Nyandang aweuhan cinta nyanding talining batin
Wilujeng wengi……panutan

Bandung 27 Nopember 1996

SI KABAYAN JEUNG RAJA JIMBUL

NASKAH :
Carita : Wahyu Wibisana
Karawitan: Mang Koko

GENDING
ADEGAN 1
Si Kabayan ungkleuk-ungkleukan dina korsi goyang.
Pamajikanana keur diuk dina babancik bari kekerod. Totopong hideung ngagantung keneh dina panyaweran…..


KABAYAN
Lalagedayan deuh… lalagedayan
E…. Ngeunah pipikiran

AMBU KABAYAN
Nunang naning nuninang nunang nu nanung
KABAYAN
Hirup ukur laladangan, dadagangan

GENDING
KABAYAN
Laladangan deuh … dadagangan
E…. Sila ipis doang

AMBU KABAYAN
Durang darirang, durang durarung…
KABAYAN
Hirup cukup heheotan, ngaheotang

GENDING

KABAYAN
Heheotan deuh… ngaheotan
E…. bagja dararatang

AMBU KABAYAN
Turang taring, turirang turang turarung
KABAYAN
Hirup teh kudu peletan, kinasihan

AMBU KABAYAN
Asihan si kalong hideung
KABAYAN
Lain ngabobodo deungeun
AMBU KABAYAN
Nyambat batara Asmara
KABAYAN
Apan urang keur usaha

RAMPAK
Kopo kondang kopo kondang
Kopo ki leho jeung sereh
Bodo bongan bodo bongan
Bodo ngabobodo maneh

GENDING

KABAYAN
Bodo bongan bodo bongan
Bodo ngabobodo maneh
Ing tering tering tering
Turdo ! Turdo !

KABAYAN
Pong Seuh Tung !
AMBU KABAYAN
Teu baseuh teusing Kabayan, geus garing

KABAYAN
Pong Ring Tung
AMBU KABAYAN
Boa moal matih Kabayan, teu baseuh

KABAYAN
Lain bisi henteu matih
Da matih aya di uing
Pong Ring Tung
Teu ngeunah nembangkeunana

Koek Ch ! Khoek Ch !
Ch ! Ch ! Ch ! Ch !
Pong Seuh Tung !


GENDING
ADEGAN 2
Si Kabayan nyokot bubuy hui tina sakuna ………….
Camuil-camuil di dahar

KABAYAN
Bumitut, bumitut
Matak gede hitu
Euy ! ambeueun batur
Euy ceuk aing seungit

GENDING
Si Kabayan rungah-ringeuh, sarta nempo ka jauhna

KABAYAN
Tuh !, deuleu siah jikan
Rentang rentang anu datang
AMBU KABAYAN
Saha nu datang ?
KABAYAN
Nyao teuing !

GENDING

KABAYAN
Tuh !, deuleu siah jikan
Mawa halu diseukeutan
AMBU KABAYAN
Arek ka saha ?
KABAYAN
Nyao teuing !

GENDING

KABAYAN
Gancang, lengen siah jikan
Tutulak asup ka imah
AMBU KABAYAN
Na aya naon ?
KABAYAN
Nyaho aing !

GENDING

KABAYAN
Lamun engke aing dehem
Sia kudu gancang jebeng !
AMBU KABAYAN
Naha ku naon ?
KABAYAN
Nyaho aing !


GENDING
ADEGAN 3
Gulang-gulang ti jero mula geus mere iberan yen Raja jimbul rek datang…


RS LALAKI
Bungbang ! Bungbang !
Raja Jimbul rek ngalanglang
Anu mulya Raja Jimbul
Sumping ! Sumping !

KABAYAN
Raja Jimbul ! Raja Jimbul !
Jebul ! Jebul !

RS LALAKI
Bungbung ! Bungbung !
Raja Jimbul rek ngalangkung
Anu mulya Raja Jimbul
Rawuh ! Rawuh !

KABAYAN
Raja Jimbul ! Raja Jimbul
Jebul ! Jebul !

GENDING
ADEGAN 4
Dua Gulang-Gulang marawa tumbak daratang ka hareupeun imah Si Kabayan…

GULANG GULANG
Raja Jimbul ka dieu bade ngalangkung
KABAYAN
Nya pek bae, moal ieuh dicaram

GULANG GULANG
Raja Jimbul ka dieu bade ngalanglang
KABAYAN
Nya hol bae, moal dihalang-halang

GENDING
Gulang-Gulang leuluempangan deui. Tuluy nyampeurkeun deui ka Si Kabayan…

GULANG GULANG
Gancang buruan sapuan !
KABAYAN
Biasana oge tara

GULANG GULANG
Enya ayeuna sapuan !
KABAYAN
Biasana oge embung

GULANG GULANG
Enya ayeuna purunkeun
Hayoh ! gancang !
Ayeuna purunkeun

KABAYAN
Purun mah aya di uing
Niat ge uing nu oga
Eunteu ulun eunteu iat
Aduh… ngeunah nguliat…

GENDING
Dina korsi goyangna Si kabayan kukuliatan, bari teu malire
kana parentah gulang-gulang

KABAYAN
Dadagangan, euy ! dadagangan
E …. Sila ipis doang, bagja dararatang
Durang daring durirang durang durarung
Hirup tina laladangan, lalagedayan….

GENDING
ADEGAN 5
Si Kabayan sanggeus ungkleuk-ungkleukan, tuluy sasarean peureum hayam.
Gulang-gulang duanana bengong…
Raja Jimbul datang ka hareupeun imah Si Kabayan….
Gulang-Gulang nu duaan tea gancang acong-acongan nyembah.
Eta Raja teh make pakean nu araraneh (alusna tumpak tandu) …..


RAJA JIMBUL
Alus hayam pelung teh euy !
Anu saha ? Euy !

PATIH
Uteuk tongo walang taga sadaya kagungan gusti
Kitu lain Mantri Jero ?

MANTRI JERO
Sadaya kagungan raja, nu ngereh ieu nagara
Kitu lain gulang-gulang ?

GULANG GULANG
Timbalan ! satimbalan ! Nun !

GENDING
Gulang-Gulang ngepung hayam Si Pelung

KABAYAN
Utek tongo walangtaga Raja Jimbul anu boga
Tapi si Pelung nu si Kabayan
Raja nu ngaraja aing….

GENDING
Raja Jimbul jeung rombongan kaget bari rada undur-unduran

RAJA JIMBUL
Uhu ! Uhu ! jelema naon eta Patih ?

PATIH
Um um um um, jelema naon eta Mantri ?

MANTRI JERO
Ck ck ck ck, jelema naon eta teh, euy ?

GULANG GULANG
Jelema gejul, nun !

MANTRI JERO
Jelema burung, manawi !

PATIH
Jelema eubleu, kulanun !

RAJA JIMBUL
Uhu ! Uhu ! jelema eubleu eta teh, hah !
Paingan ! Ha ha ha .

KABAYAN
Mmmm …..
Bisi aranjeun teu nyaho. ho ho ho ho ho ho ho
Kaula teh hiji wiku hu hu hu hu hu hu

GENDING
Raja Jimbul jeung rombongan silih reret jeung pada baturna

RAJA JIMBUL
Naon cenah, Patih ?

PATIH
Naon cenah, Mantri ?

MANTRI JERO
Naon cenah, euy ?

GULANG GULANG
Sanggemna teh Wiku, nun !

MANTRI JERO
Sanggemna teh Wiku, kulan !

PATIH
Sanggemna mah Wiku, kulanun !

RAJA JIMBUL
Wiku ! Uhu ! Uhu ! Uhu ! Uhu !
Wiku saha ngaranna, hah ?

KABAYAN
Mmmmm………..
Kaula wiku Kabayan
Kabayan Batara nu euweuh
Kabayan Ahaing nu aya

RAJA JIMBUL
Eukeur naon Sang Wiku aya di dieu
KABAYAN
Keur nungguan cupu manik

RAJA JIMBUL
Karah mana nu disebut cupu manik ?
KABAYAN
Apan ieu Bumi Manik

RAJA JIMBUL
Cik terangkeun, aya naon di jerona
KABAYAN
Aja Putri Tunjung Turus

RAJA JIMBUL
Aya saha, Patih ?

PATIH
Aya saha, Mantri ?

MANTRI JERO
Aya saha, cenah ?

GULANG GULANG
Aya putri Tunjungturus, sanggemna.. Nun !

RAJA JIMBUL
Aya putri
KABAYAN
Aya putri Tunjungturus, cekeng

RAJA JIMBUL
Aya putri, uhu, aya putri !
Geuheulis eta putri teh, Wiku ?

KABAYAN
Kumaha nu nenjona, Ibul…
Mun nu nenjona jelema suci..
Eta putri teh geuheulis, Ibul..
Lamun di tenjo ku anak jadah
Eta putri teh goreng patet, Ibul ..

RAJA JIMBUL
Naon Ibul-Ibulan ?

PATIH
Naon Ibul-Ibulan ?

KABAYAN
Ieuh elu, Ibul teh hartina Elu
Mama banget asih ka Elu

RAJA JIMBUL
Naon Elu-Eluan ?

PATIH
Naon Elu-Eluan ?

KABAYAN
Ieuh Elu, Elu teh hartina Jalu
Mama nyaho karesep Jalu
RAJA JIMBUL
Naon Wiku ?
KABAYAN
Karesep Jalu teh ambewe
Kabeneran mama boga
Putri geulis Tunjungturus

RAJA JIMBUL
Uhu, uhu, uhu,……………
Iku, Iku, Iku…
Ari Iku teh Uki
Ari Uki teh ngarti
Ngarti kana kabeuki ngaing
Kabeuki ngaing Ambewe

KABAYAN
Uhu, uhu,uhu
RAJA JIMBUL
Aha, aha, aha
KABAYAN
Ihi, ihi, ihi
RAJA JIMBUL
Heu heu heu heu heuheuheuydeuh

KABAYAN
Heuay……….
Seuri kabeh !, seuri kabeh !, heup, heup,
RAMPAK
Hahahah, hihihih
Huhuhu, heuheu…heuydeuh

KABAYAN
Tah kitu ! Heueuh ! Alus !

KABAYAN
Heuay…….
Heuay kabeh !, heuay kabeh !, heup heup !

RAMPAK
Heuay, heuay, heuay, heuay
RAJA JIMBUL
Hah !

GENDING
ADEGAN 6
Si Kabayan gek diuk deui dina korsi goyang bari ngadahar hui.
Raja Jimbul jiga nu kapengpeongan ku Putri Nyi Tunjungturus. Gawena leuleumpangan bari ret deui ret deui ka Si Kabayan


RAJA JIMBUL
Duh Nyi Putri Tunjungturus
Kunaon salira nyepi
Duh Nyi Putri Tunjungturus
Kunaon salira nyepi

Cik mangga geura kaluar
Ieu Kakang titatadi
Keur ngantos hoyong gok tepang
Sempal guyon sareng nu geulis

KABAYAN
Tok tar, tok tar, nu denok moal kaluar
Cingkuk, cingkuk, lamun teu diciluk-ciluk
Rincik rincang, diciluk-ciluk asihan
Ba, ba,ba..!, ba,ba,ba…!

GENDING
Ngadenge kecap asihan, Raja Jimbul curingkah


RAJA JIMBUL
Asihan, asihan naon Wiku
Bisa ku…

KABAYAN
Asihan si Kalong hideung
Bisa ngemat tineung deungeun
u-ey, u-ey, Lauk euy lauk

GENDING
Raja Jimbul terus ngadongsok ka Si Kabayan

RAJA JIMBUL
Cing atuh, hempek wiku
Sugan ku….

KABAYAN
Kumpulkeun heula nu lenjang
Nyi Putri resepeun tembang

RAJA JIMBUL
Uhu !, Uhu
Parekan ngaing ka dieu !

GENDING
ADEGAN 7
Opat mojang nu jadi parekan Raja daratang ka dinya..

KABAYAN
Ji wa lu pat, uluh-uluh
Hayang newak
Aduh-aduh

PAREKAN
Ey – ey – ey –ey
Ey – ey – ey –ey

KABAYAN
Jaleuleuja, ta’em, ta’em
Hayang boga
Meureun pelem

PAREKAN
Iy – iy – iy – iy
Iy – iy – iy – iy

KABAYAN
Embung ah, embung
Da bongan geuing iy,iyan

RAJA JIMBUL
Tumutkeun ka palay Wiku

GENDING
Sanggeus nyieun semu nu “pundung”, Si Kabayan malik ngadeukeutan deui Parekan

GENDING
KABAYAN
Mun ambewe enggeus purun
Tinggal adu-adu genjreng
Mun ambewe henteu purun
Ulukutek, eleketek
Yeung heup hoy, du adu adu genjreng

Mun lalaki enggeus hayang
Neangan keur adu genjreng
Mun lalaki henteu hayang
Can ngadenge teu hayangna
Yeung heup hoy, du adu genjreng

RS LALAKI
Heuy, du adu genjreng ! Heuy du adu genjreng !
Heuy, du adu genjreng !

KABAYAN
Jep!, Jep ! tadi oge…
Mun ambewe henteu purun, ulukutek eleketek
Mun Nyi Putri teu puruneun, ulukutek-eleketek

RS LALAKI
Horseh ! Horseh ! Diele-eleketek
Diele-eleketek, sina tepi ka daek

KABAYAN
Cik prak, geura pek ! Cing prek geura pek !
RAJA JIMBUL
Duh Nyi Putri Tunjung Turus


GENDING
ADEGAN 8
Si Kabayan bari tutunjuk

KABAYAN:
Yap, kadieu, kadieu…
Bul !, Tih !, Tri !, mBewe diditu

GENDING
Parekan parindah diukna bari “gengsor”

KABAYAN
Naon cik tah ?
RAJA JIMBUL
Naon ta teh ?

KABAYAN
Asihan si Kalong hideung
Bisa ngemat tineung deungeun
Hayang meunangkeun saha, Bul !

RAJA JIMBUL
Hayang ngawin nya Putri Tunjung Turus

KABAYAN
Hayang naon, Tih ?
RAJA JIMBUL
Sia mah montong rek hayang keur ngaing !

KABAYAN
Hayang naon, Tri ?
PATIH
Sia mah montong rek hayang keur ngaing

KABAYAN
Heueuh !, Heueuh !
Kabeh oge papada boga kahayang
Tong parasea, gek !, gek !, dariuk

GENDING
Si Kabayan rada nyege hareupeun Raja Jimbul. Teu lilaraja katembong mengkek irungna. Ret ka Patih. Patih nunjuk kana bujur Si Kabayan. Tiluanana nu aya ditukangeun Si kabayan marengkek irung…

KABAYAN
Batara Asmara geus lungsur, deuleu !
Salirana seungit lir kastori
Kaambeu, Putu ?

RS LALAKI
Uhu, uhu, uhu,uhu, Oho, oho, oho, uuuuu…..

KABAYAN
Upama kaambeu bau biuk, deuleu
Maksud anjeun pasti moal hasil
Lamun seungit pasti hasil
Kaambeuna seungit ?

RS LALAKI
Seungiiiii … t !!!

KABAYAN
Heueuh, tapi Mama rek motoy heula !, Daragoan..!

GENDING
ADEGAN 9
Si Kabayan bari nyekelan beuteungna, lumpat gagancangan indit ti dinya
Sabot Si Kabayan euweuh Raja Jimbul nembongkeun kakawasaanana (sabada tumpa tempo jeung luak-lieuk

RAJA JIMBUL:
Hoey !, Hoeyah !, Lakadalah
Nyingkah !, Nyingkah kabeh lalaki !
Iwal kami, hihi… heuy
Hoey !, Hoeyah !, Lakadalah
Cicing ! Cicing kabeh Awewe
Reujeung kami, heheheh…..

GENDING
Patih, Mantri, Gulang-gulang arindit ti dinya. Tinggal Raja jeung parekan

RAJA JIMBUL
Uhu !, uhu ! Nguseup lauk make eupan
Susuganan bae beunang
Nguseupan bikang ku bikang

Uhu !, Uhu ! Henteu kudu make bingung
Henteu kudu menta tulung
Ka Wiku nu rada burung

GENDING
Si Kabayan ngadehem tarik pisan, Raja Jimbul ngagebeg. Sanggeus kanyahoan euweuh, tuluy nyalukan Parekan…Haharewosan….

RAJA JIMBUL
Kadieu !, kadieu !
Nyi Putri anu keur nyepi, teu beunang disisikudi
Supaya gancang kaluar, calukan ku sarerea !

PAREKAN
Unjuk sumangga

GENDING

RS PAREKAN
Gusti Putri, Gusti Putri…
Mangga enggal geura gugah
Diantosan ku nu gagah

RAJA JIMBUL
Ieu kakang anu gagah
Gagah !, Gagah !, Raja Jimbul

PAREKAN
Gusti Putri, Gusti Putri
Ieu panto enggal buka
Anu kasep geura papag

RAJA JIMBUL
Ieu kakang anu kasep
Kasep !, Kasep ! Raja Jimbul

PAREKAN
Gusti Putri, Gusti Putri
Masing emut ka salira,
Mangga urang ka nagara

RAJA JIMBUL
Ka Nagara reujeung kakang
Gagah !, Kasep !, Raja Jimbul

GENDING
ADEGAN 10
Sanggeus euweuh walonan ti jero, Raja Jimbul miwarang ku peta, supaya Parekan leuwih ngangseg kana panto imah Si Kabayan. Parekan tingtarempo, sawareh aya nu ngetrokan panto imah…..

PAREKAN:
Trok trok trok trok. Trok trok trok trok
Diketrok-ketrok ti luar, diketrok ketrok ti luar
Nu dilebet sing kaluar

Trok trok trok trok. Trok trok trok trok
Diketrok ketrok geura bray,
Diketrok-ketrok geura bray
Nu dilebet geura lugay

GENDING
Si Kabayan mucunghul tina hateup, ngilikan kaayaan di buruan….
Gancang ngalelep deui sakeudeung… Pucunghul deui bari geus dikurubung ku lawon bodas, kawas nu dimukena…

PAREKAN
Trok trok trok trok. Trok trok trok trok
KABAYAN
Oho !, Oho, Oho !, Oho ! Hoh Hoh.. Uhuuu

GENDING
Kabeh nu diburuan rareuwaseun, malah rek lalumpatan.
Tapi kaburu dicaram ku Si Kabayan

KABAYAN
Montong sieun ! Montong Sieun !
Nya kami anu ngageugeuh patempatan ni didieu
Nya kami anu ngajaga salirana Nyai Putri
Aya naon maraneh keketrok, Hah !

GENDING
Raja Jimbul mani nyempod-nyempod bae awahing ku sieun…
Gancang mere isarah supaya Parekan ngawalonan

PAREKAN
Nun, Embah.. mugi masihan pituduh
Supados eta Nyi Putri enggal lungsur ti kaputren

KABAYAN
Titah saha, hah !
Saha ?, Saha nu boga kahayang, Hah !

PAREKAN
Piwarang dunungan kuring,
Anu gagah anu kasep, Raja Jimbul

KABAYAN
Mana Incu embah..eu…Ibuul ?
RAJA JIMBUL
Sumun,.. sumun.. ieu.. ieu..
Ieu putu Embah.. kulanun

KABAYAN
Incu teh hayang ka Putri eu..eu.. Incu
RAJA JIMBUL
Teu pindo pariksa .. eu.. Sumun.. Embah…

KABAYAN
Hade !, Hade eu..Incu
Nurub cupu saperti tongo jeung kutu
Ongkoh cek Dewa Asmara
Nitih wanci da memang enggeus jodona
Tapi

RAJA JIMBUL
Nanging naon, Embah ?
Kabayan
Kudu aya pameulina
Nya muja si kalong hideung
Nu aya di panyaweran
Memehna mangkade pisan
Ulah make baju alus
Kudu gancang dicuculan

Raja jimbul
Sumangga, mangga, Embah
Mareungpeun kabeh sing rekep
Maralik kabeh kaditu
Kapalay Dewa Asmara
Kami arek cucul-cucul
GENDING
ADEGAN 11
Parekan mareungpeun, maralik nukangan Raja Jimbul
Raja Jimbul cucul-cucul, tinggal calana, jero

KABAYAN:
Alungkeun kabeh ka kami,
Kabeh..eu… Incu !..

GENDING
Raja Jimbul ngalung-ngalungkeun pakeanana
Ku Si kabayan disanggapan

KABAYAN:
Depa, Incu, deukeutan Si kalonghideung
Depa ! Depa bari ngagayem

GENDING
Raja Jimbul sila mando hareupeun totopong nu ngagantung tea.. bari ngagayem..

KABAYAN
Anu sejen kudu diuk di tukangna
Eu… diuk ! Diuk ! nunjuk ka hareup

GENDING
Raja Jimbul kapaksa marentah ku isarat, sangkan Parekan dariuk tukangeunana bari nunjuk kana tonggong Raja Jimbul nu geus buligir….

KABAYAN
Apalkeun jangjawokanana
Kieu..apalkeun
Pong seuh tung, pong seuh tung
Jajado, jajado
Cek Incu…
Hoyah !, Hoyah !
Cek nu sejenna, Pok !

RAJA JIMBUL
Pong seuh tung, pong seuh tung
Jajado, jajado
PAREKAN
Hoyah !, Hoyah !, Hoyah !, Hoyah !
KABAYAN
Ing ter ing ter ing ter ing
Alus ! Heueuh ! Sakali deui Incu

RAJA JIMBUL
Pong seuh tung, pong seuh tung
Jajado, jajado
PAREKAN
Hoyah !, Hoyah !, Hoyah !, Hoyah !
KABAYAN
Ing ter ing ter ing ter ing

Ayeuna, iwal Incu
Kudu indit kabeh jauh ti kaputren
Geus kitu ku sorangan
Buru-buru Incu ngetrokan kaputren

GENDING
ADEGAN 12
Parekan arindit gagancangan. Raja Jimbul culang-cileung sorangan.
Bari asa-asa ngadeukeutan panto. Sajeroning kitu Si Kabayan ngalelep tuluy dangdan make pakean raja
Raja Jimbul keketrok. Bray panto muka, lol Ambu Kabayan ngulang-ngulang halu rek diteunggeulkeun ka Raja Jimbul. Raja Jimbul reuwas tuluy lumpat.
Ambu Kabayan ngudag … teu kebat.. key seuri bari nunjuk ka lebah Raja Jimbul.. Si kabayan kaluar imah geus make pakean Raja Jimbul

KABAYAN
Heuheuy, heuheuy
Uing jadi kasep
Uing jadi Raja, deuleu !

Heuheuy, heuheuy
Maneh ka nagari
Maneh prameswari, daek ?

KABAYAN/AMBU KABAYAN
Raja cek urang
Prameswari cek urang
Urang mah kumaha urang
Lain ? Heuy !

Raja Jimbul enggeus mabur
Jiga kuda kabur, hiem, hiem
Hayu urang seuri, nyikikik, hi hi hi
Hayu hurang seuri, nyakakak, ha ha ha

Heuheuy deudeuh
Heuheuy deudeuh
Hirup mah heuheuy jeung deudeuh,
Heuheuy jeung deudeuh
Sukaseuri nya urang nu lalajona
Hoyah ! Hoyah !
Urang ge dilalajoan
Geus ah ! Geus ah !

Bandung, 12 Februari 2002
Disalin tina Naskah aslina
nu disusun dina tahun 1965