Saturday, May 22, 2010

BANTROK

Nano. S

GENDING BUBUKA ……………
( GENDING 1 )
Sababaraha urang pamuda asup ka pentas bari ngawihkeun lagu “Langit Biru”, dangdanan ilahar pamuda ayeuna anu rek malem mingguan seja “wakuncar atawa apel”

RAMPAK SEKAR PAMUDA
Langit biru, malam Minggu
Acara nu geus tangtu
Apel

Saptu sore, bungah hate
Satia ka kakasih
Apel

A.S. PAMUDA
Kacipta imutna, waktu ririh muka panto
Kacipta manisna, waktu ngobrol ngaler ngidul

RAMPAK SEKAR PAMUDA
Luak-lieuk meungpeung simpe
Rek ngarendeng asa-asa

A.S. PAMUDA
Aya Abah . . ., Aya Abah

RAMPAK SEKAR PAMUDA
Langit biru, malam Minggu
Acara nu geus tangtu
Apel

GENDING 2 ……………………………
Salah saurang Pamuda memeres dangdananana dibantuan ku nu sejena, disusurup ngarah pantes bari dipapatahan

RAMPAK SEKAR PAMUDA
Golepna, golepna
A.S. PAMUDA
Diminyakan campur salep
Biar lengket tambah cakep

RAMPAK SEKAR PAMUDA
Diwedak, diwedak
A.S. PAMUDA
Wedak campur odorono
Biar wangi segalanya

RAMPAK SEKAR PAMUDA
Kancingkeun, kancingkeun
A.S. PAMUDA
Biar dada kelihatan
Tambah keren tambah jantan

RAMPAK SEKAR PAMUDA
Babacaan, babacaan
A.S. PAMUDA
Buat apa babacaan
Tiap baca koran

RAMPAK SEKAR PAMUDA
Babawaan, babawaan
A.S. PAMUDA
Buat apa babawaan
Nanti juga disuguhan

GENDING 3 ……………………………
Para Pamuda kaluar ti pentas indit sewang-sewangan rek muru panutanana masing-masing.
Di tempat sejen jang Adun keur ngagugulung potret nu dipiguraan, sakapeung diteuteup tuluy ditatangkeup. Keur kitu katangeneun ku rombongan mojang nu karek mulang ti masjid, tuluy ngaheureuyan jang Adun.

RAMPAK SEKAR MOJANG
Potret manehna, nu katampa minggu kamari
Dopiguraan, disimpen di hade-hade

Anteng diteuteup, jadi batur dina simpe
Aduh endahna, mapaesan taman hate
JANG ADUN
Potret manehna, potret manehna
Ditilik disidik-sidik, diteuteup dibulak-balik
Ku manis bae

Potret manehna, potret manehna
Socana, imutna, teuteupna, sagalana
Ngan keur kuring bae

RAMPAK SEKAR MOJANG
Potret manehna, wawakil jirim jinisna
Tanda satia, ngarah kangen salilana

Matri hiji, dina ati
Gambar diri jadi bukti
Najan anggang langka tepang
Potret anu digugulung
Potret manehna

GENDING 4 ……………………………
Jang Adun ninggali jam tangan, tuluy gura-giru rurusuhan dangdan saperluna, ku para mojang ditaranya

RAMPAK SEKAR MOJANG
Jang Adun, bendona kamana?
JANG ADUN
Euleuh yaktos hilap, dianggo nuruban sangu
Jang Adun, tarumpahna kamana?

RAMPAK SEKAR MOJANG
Jang Adun, tarumpahna kamana?
JANG ADUN
Euleuh yaktos hilap, dianggo maledog anzing

RAMPAK SEKAR MOJANG
Jang Adun, kumisna kamana?
JANG ADUN
Euleuh yaktos hilap, dianggo sisig ku ema

RAMPAK SEKAR MOJANG
Jang Adun, kerisna kamana?

JANG ADUN
Euleuh yaktos hilap, dianggo meulahan suluh

RAMPAK SEKAR MOJANG
Jang Adun, kumaha ujang damang?
JANG ADUN
Euleuh yaktos hilap, pan abdi teh rada…..
RAMPAK SEKAR MOJANG
Damang (bari tinglaleos nyeungseurikeun jang Adun)

JANG ADUN
Ema,…. Ema……
Adun bade mios ka garduh

Ema… Ema…
Adun bade manggung, di kelenteng

MA ADUN
Aya naon ujang ngageroan Ema.
Euleuh.. mani jiga bapana, nu aya keneh dikieuna
Rek kamana ujang the, rek ka Disco, rek ka Cape
Heueuh sukur ari aya kamajuan mah
Peupeuriheun Ema
Bareto ka night club teh teu sirikna ampir unggal subuh

JANG ADUN
Emaku tersayang….
Adun neda piduana
Rehna cunduk kana waktu, ninggang kana mangsa
Kaleresan nitih poe Saptu kaliwon
Bulan kolot sareng pihujaneun
Anu mana tiasa berimprovisasi dan berkreasi dina kawengianana
Maka teu aya sanes,
Adun ayeuna bade apel jungjunan

MA ADUN
Jung diandung pangestu ku mother
Mugi-mugi dina sajeroning apel, Adun tiasa napel

JANG ADUN
Nuhun mother, nuhun..
Nanging supados ulah deudeupeun
Adun teh bade wangsul subuh bae
Mugi mother masihan widi

MA ADUN
Soal apel ku Ema diidinan, bral geura tandang

JANG ADUN
Saupami kitu, sanes kirang sono
Oge bilih nyangkolong kana waktos
Seja pamit mundur

MA ADUN
Bral diandung pangestu

GENDING 5 ……………………………
Jang Adun kaluar pentas, kitu deui Ma Adun.
Ujang asup ka pentas bari surungah serengeh ka unggal jalma nu aya didinya, pasarandog jeung rombongan mojang jeung bujang nu papasangan.

RAMPAK SEKAR
Hey nu rek apel sura seuri
UJANG
Naon?

RAMPAK SEKAR
Hey nu rek apel bangun sieun
UJANG
Henteu!

RAMPAK SEKAR
Enggal, enggal ulah hilap cacandakan
Widadari tos ngantosan, tos nyiapkeun leueuteun
Tuangeun kanggo duaan

Enggal, enggal, ulah hilap cacandakan
Oleh-oleh buah ngora, ulah hilap bako tampang

Enggal, enggal, bilih sonten kaburitan
Bilih ditodong dijalan, bilih sumping langlayeuseun

UJANG
Moal, moal, abdi oge kinten-kinten
Apel moal barangasan, paling-paling jaipongan

RAMPAK SEKAR
Sae, sae, eta hartosna pamuda
Pamuda sareng pamudi, nu aya di alas roban

UJANG
Nuhun, nuhun, abdi atos dielingan
Mugi apel abdi sukses, henteu nguyung ari mulang

RAMPAK SEKAR
Mangga, mangga wilujeng nu bade ngungsi
Kade digerebeg Hansip, nyandak surat katerangan

GENDING 6 ……………………………
Ujang tatan-tatan rek indit, tapi samemehna “ngaDISCO” heula, dibobotohan kunu araya

RAMPAK SEKAR
Malam Minggu ….
Malam apel, apel, apel, apel, apel
Dunya rumaja, bercinta

Malam Minggu….
Malam panjang, panjang, panjang, panjang, panjang
Dunya rumaja, brang breng brong

UJANG
Lalalalalalalalalalalalala
Nang nunang naning nang nu ninang

RAMPAK SEKAR
Dut..dut..dut..dangdut, ko..ko..ko.. Disco
Dutdutdutdut Dangdut, kokoko Disco
Malam Minggu ………

GENDING 7 ……………………………
Ujang kaluar Pentas.
Ditengah “perjalanan” tilu pamuda (Pamuda, Ujang, Adun) papanggih tuluy ngarobrol

PAMUDA
Hey bung!, coba pinjam rokonya
ADUN
Sakalian bae atuh jeung pangenyotna
PAMUDA
Nu mawi nembe diservis
Janten teu tiasa dianggo sambarangan
……………………………………
Hey, ngomong-ngomong
Bade kamana beliau teh
Hebat mani ginding kitu
Sareng seungit odorono
ADUN
Ah henteu…. Bade kadinya
Ka bumina pa Ibro
PAMUDA
Apa beliau bilang, pa Ibro
Siapa sih pa Ibro itu?
ADUN
Oh pa Ibro….. Wargiiiii
PAMUDA
Alhamdulillah
ADUN
Geuning… nganggo renghap ranjug sagala
PAMUDA
Ah engga… kita juga sama-sama wargiiiii

UJANG
(Si Ujang ngaliwat kahareupeun nu keur ngobrol)
Punten aden, ngiring ngalangkung
PAMUDA
Hey! Bade kamana rurusuhan?
UJANG
Nuhun aden enggal ditaros
Anu mawi leumpang peuting
Seja nyusur bentang di langit anu baranang
Kaleresan panon poe tunggang gunung
Hurung mancur kadia kunang-kunangan
Mancur kadia air mancur…
Atuh salajengna seja nyusul tepus
Napak tilas lalampahan sababaraha abad katukang
Sapertos kauninga apan… Adam sareng Hawa sparantos nuang buah simalakama teras ngoprot kesang
Mangkaning harita teu acan aya PPO . . . . . .
PAMUDA
Eiit, … Boy nanti dulu…
Soalnya… si.. si… kon, belum menguntungkan
ADUN
Dan lagi, simpul punya simpul
Andika teh urang mana nu ti mana, jeung rek kamana
Pok pek jawab
UJANG
Bade kadinya aden, bade kawargi
Mangga atuh (euleuh-euleuh)
Dilangkungan (euleuh-euleuh)


GENDING 8 ……………………………
Di imah pa Ibro keur julang jeleng ninggali kalakuan anakna (Neng Jimi), sabab pa Ibro geus apal lamun malem Minggu sok datang semah ka anakna rek ngapelan.

PA IBRO
Boga anak awewe sasiki
Tapi bandel leuwih ti lalaki

Kahayangna teu beunang dipungpang
Keukeuh pageuh keras gurat batu
Paribasa hirup meungpeung ngora
Hayang bebas lalugina

Ari kolot mikir enggeus lain
Bakat nyaah mikaheman
Inggis kitu inggis kieu
Tapi anak teu beunang dicarek

Rek dicarek da puguh awewe
Can nanaon enggeus luwa lewe
Katambahan ku sipat indungna
Sok ngahalang mangmeunangkeun bae

RAMPAK GROUP
Pusing, pusing, pusing, pusing

PA IBRO
Unggal poe jadi rungsing
Ngadak-ngadak darah tinggi
RAMPAK GROUP
Keuheul, keuheul, keuheul, keuheul
PA IBRO
Aduh bati handeueul

GENDING 9
Pa Ibro kaluar pentas bari jamedud, pasarandog jeung pamajikanana (bu Ibro) anu keur gumbira pedah anakna geus boga kabogoh..

BU IBRO
Aduh-aduh bungah teuing hate
Si nyai teh geuning geus gede
Aduh-aduh bungah teuing hate
Si nyai teh duh rupana hade

Nu mahugi, nu mahugi, kabeh totomplokan
Anu mawa roko, anu mawa baso
Unggal poe daratang nu mikahayang

RAMPAK GROUP
Prang pring alah prang pring
BU IBRO
Nu daratang kudu disuguhan
Prang pring alah prang pring
Keur balanja kaceot beakeun

RAMPAK GROUP
Pilih atuh pilih
BU IBRO
Kabeh oge karasep taregep
Pilih anu itu pilih anu ieu
Hal eta mah, masrahkeun kuma si nyai

RAMPAK GROUP
Jauh-jauh neang-neang pieunteupeun
BU IBRO
Susuganan milikna si nyai
RAMPAK GROUP
Jauh-jauh mikir boga incu
BU IBRO
Nelengnelengnengkung, nelengnelengnengkung
Nunang-naning nunang nuninang
Gan ari jadi indung
Henteu weleh ngaping beurang peuting
Gan ari jadi indung
Tetep tabah mikiran kapusing

GENDING 10 …………………………
Sabada bu Ibro ngaleos ka tukang, neng Jimi beberes tempat bari nyadiakeun cikopi jeung opieunana, tuluy ngareret jam , lunga lengo kaluar, elekesekeng ngadago nu rek datang.

NENG JIMI
Cisoca abdi saksina, yen abdi lana satia
Duh… yen abdi lana satia
Diantosan siang wengi, abdi tetep nganti-nganti
Dih … abdi tetep nganti-nganti
Enggal atuh geura sumping
Nuhun bari cacandakan jungjunan
Sok enggal mun geura sumping

RAMPAK GROUP
Aduh aduh ny ngantosan
Luak-lieuk hayang tepang, elekesekeng
Aduh aduh nu ngantosan
Acuk sae seungit kembang, supados anteng
……………. Antarlina ……………

DIALOG DI IMAH PA IBRO, BAGIAN-BAGIAN OBROLAN AYA AKSEN GENDING JEUNG PIRIGAN LAGU

PA IBRO
Jim… Jimi…., mana cikopina
NENG JIMI
Naon Pa?
PA IBRO
Cikopi!
NENG JIMI
Apan eta!
PA IBRO
Aeh heueeuh!….. Ari …………?
BU IBRO
Aya naon pa ka si nyai?
PA IBRO
Ah.. henteu….
BU IBRO
Sanes bapana, kumaha atuh perkara si nyai teh?
PA IBRO
Bapa mah moal mere pilihan, teu teu satuju
Pokona daek sukur henteu kudu
BU IBRO
Kumaha mun si nyaina maksa
PA IBRO
Ulah sambat kaniaya disiksa jeung kabogohna
NENG JIMI
Dunya cinta bapa, dunya cumantelna hate
Dunya cinta bapa, teu kahalang ku panyiksa
PA IBRO
Eduuun, dunya cinta jadi dalil, dunya cinta jadi ekol
Hayang burindil, hayang ngajendil.
NENG JIMI
Rupina demi diri demi jangji
Demi rasa demi cinta, sukalilah pek teh teuing
PA IBRO
Alah cinta murahan, cinta buah loa
Najan weureu dilakonan
BU IBRO
Ke… ke… ke heula, kumaha tadi teh pa?
PA IBRO
Ngajendil,…. Burindil….
BU IBRO
Bener eta teh nyai, akur pisan
PA IBRO
Tuh pan akur pisan
NENG JIMI
Akur, kumaha tea ieu teh?
BU IBRO
Kieu geura nyai…..
Ari ras jaman kapungkur, aya waas aya kelar
Emut ka hiji jajaka, anu keyeng mikacinta
Waktu cintana ditolak, harita keneh ngelepek…
NENG JIMI
Deudeuh teuing…….
BU IBRO
Hiiih… ari si nyai
Teu emutna tilu minggu, jaba sasar
Thobat…tobat.. jiga Rahwana
PA IBRO
Tah dengekeun nyai, lalakon indung maneh
BU IBRO
Puguh lalakon bapa maneh
PA IBRO
Geuning daek?
BU IBRO
Daek we da sieun dikadek
PA IBRO
Montong nyindiran,
Harita mah mamawa bedog soteh rek ngala suluh
BU IBRO
Geuning ngudag-ngudag abdi
PA IBRO
Bedog… dibebed ambeh ngajedog
BU IBRO
Cinta kuya, cintana loba mamaksa
NENG JIMI
Pa..pa… nyuhunkeun pengertianana
Cinta abdi ka kang Ujang, lir ibarat Srikandi ka Arjuna
Cinta kang Ujang ka abdi, lir ibarat Dewa Rama ka Dewi Sinta
PA IBRO
Heuheuy deudeuh…. Kuriak kasasar di alas roban, minantuan panayagan…. Si Ujang tukang babaung…
Gengsi dong……
NENG JIMI
Ibuuu…
BU IBRO
Sabar nyai sabar

UJANG DATANG NGETROKAN PANTO JEUNG PUPUNTENAN

UJANG : Punten… punten…
PA IBRO : Saha di luar?
UJANG : Abdi… Ujang
PA IBRO : Tah geuning mangkelukna, rasakeun siah…
NENG JIMI : Wios bapa ku abdi
PA IBRO : Ke heula bisi bangsat
NENG JIMI : Sanes bapa, sanes… Sidik soanten kang Ujang
PA IBRO : Euh mani hejo… ngajedog… halik bagean bapa
UJANG : Punten…
PA IBRO : Heueuh mangga ceuk dewek ge
UJANG : Aeh bapa… aeh Ibu… eueluh Nyai, damang Nyi…
NENG JIMI : Sae kang Ujang
UJANG : Dupi….
NENG JIMI : Rek naon kadieu… rek ocon?
UJANG : Teu acan…
NENG JIMI : Arek nya siah arek
UJANG : Manawi pareng
NENG JIMI : Surup!… naon eta?
UJANG : Bandrosss
PA IBRO ; Teu beuki
UJANG : Sawios kanggo nyai
PA IBRO : Teu meunang
UJANG : Sawios kanggo ucing
PA IBRO : Nyaho henteu, Pan gelo ari nu keiu mah
UJANG : Cekap we sakieu mah
NENG JIMI : Nuhun kang ujang
BU IBRO : Nuhun cep ujang, nuhun
UJANG : Sawangsulna nyai, sawangsulna ibu.. sawangsulna bapa
PA IBRO : Teu di dieu mah
BU IBRO : Pa itu tuangeun tos sayogi
PA IBRO : Can hayang
BU IBRO : Sanguna haneut, sambelna lada, aya lalab peuteuy
PA IBRO : Teu beuki… teu beuki
BU IBRO : Aya daging hayam, pais lauk, goreng lele.., pais kizu
PA IBRO : Teu .. teu.. teu beuki
BU IBRO : Nya kazeun….Cep ujang hayu atuh urang tuang
UJANG : Mangga…
PA IBRO : Ke heula dewek ge acan

JANG ADUN TUMOROJOG TEU TATA TITI, KATINGALIEUN KU NENG JIMI TULUY DIPAPAG

NENG JIMI : Aeh geuning kang Adun, mangga linggih
PA IBRO : Geus nu anyar deui wae, nu ieu can anggeus disetel, geus datang nu gehel.
ADUN : Kumaha pa, saha nu sebel
BU IBRO : Haturan jang Adun
ADUN : Euleuh geuning yaktos, kapan abdi ujang edun
PA IBRO : Nun Gusti… na naon dosa abdi
Boga anak awewe sasiki, mani hejo ka lalaki
BU IBRO : Meungpeung ngariung, kumaha lamun urang tuang
ADUN : Euleuh geuning yaktos, kapan abdi peurih beuteung
PA IBRO : Eladala, sia teh manusa atawa kuya?
PAMUDA : Sanes wargiii
PA IBRO : Ngajedog siah, maneh teh nyindiran
Pedah kami teu beuki daging…. Eta saha…
ADUN : Abdi?
PA IBRO : Lain ka sia kuya!
NENG JIMI : Amit..amit kang Adun
PA IBRO : Lain amit amit deuleu, nu kieu mah kudu didinamit
PAMUDA : Deudeuh wargiii
BU IBRO : Bapa..bapa…
PA IBRO : Lain anak maneh mah
BU IBRO : Enya lain….
Yeuh ceuk kami oge, urusan barudak mah pasrahkeun ka maranehna. Maranehna teh geus darewasa, geus sawawa pikeun nangtukeun pilihanana, anu penting mah asal ulah
UJANG : Ka wargii we nya bu…
BU IBRO : Ngajedog… ieu teh urusan dines
Goreng-goreng ge ieu teh kolot,
cing sing sopan saeutik…
PA IBRO : Ma…ma….
BU IBRO : Lain anak maneh mah
Rek naon mumu mama… ngomong
PA IBRO : Lain ngajakan dahar tadi teh?
ADUN : Euleuh leres hilap……………
BU IBRO : Disebut kuya leuheung keneh maneh teh, hayang barang dahar…
NENG JIMI : Ema .. sing emut
BU IBRO : Ke heula nyai kagog, bisi pajarkeun ema teu modern.
Ieuh pantesna oge indungna nu kudu ambek, sabab mun teu ambek sok nyeri suku

PAMUDA ASUP SIGA DI IMAHNA SORANGAN TULUY NYARITA KANU ARAYA

PAMUDA : Aeh… geuning seuuer tamu, kumaha daramang?
Har ..ari abdi calik dimana nya?
Bade disuguhan moal… Neng Jimi…..sini….
Halo boy parantos lami…. Ieu wargi Jimi nya?
Halo Bu… halo Pa….

NENG JIMI : Punten pa, punten Bu.. ayeuna bagian abdi
Ieuh atuh cing sopan jeung sing inget
Kapan geus dibejaan, malem Minggu ayeuna ulah datang
PAMUDA : Harrr.. apan ulah soteh jam tujuh
Akang mah kasubuhnakeun

NENG JIMI : Gila lu emangnya kami teh cewe murahan

ADUN : Euleuh geuing bendu, eta soca ampir coplok
UJANG : Ngajedog wargiii

NENG JIMI : Sok… sok rek naon deui

PAMUDA : Biasana ari nu apel, kumaha?

ADUN : Kieu yeuh ari nu apel mah
Pasukan disiapkan, laporan komandan upacara, penaikan bendera, mengheningkan cipta, terus sasalaman… tuluy dahar….

NENG JIMI : Sugan sarua geblegna

PA IBRO : Nyai..ulah teuas teuas teuing

NENG JIMI : Abdi teh sanes barang hipu bapa

PA IBRO : Enya bapa ge nyaho ti ema

BU IBRO : Teu teu rumasa didieu mah

PA IBRO : Rarasaan bapa ieu mah

UJANG : Muhun nya pa, raraosan ka wargiiii

NENG JIMI : Wargi deui wargi deui
Pa… ma…. Keun antep.. tong disanghareupan…
Kaluar kabeh kaluar
Mun teu daek kaluar
Kajeun kami nu kaluar

GENDING PANUTUP
Pa Ibro jeung Bu Ibro naringalkeun tempat. Neng Jimi pada marebutkeun rek dipenta kaputusan. Pa ibro balik deui, ninggali anakna diparebutkan tuluy mesat bedog. Ujang, Adun jeung Pamuda lalumpatan

Bandung, 7 September 2004

No comments: