Thursday, May 27, 2010

".....?????....."

MAKE-UP
+ Nyai mah wanda perceka
- Abdi teu hoyong dipuja
+ Pujian sabalakana
- Asal tong teras ngagoda

+ Arek dijajal diuji
- Sumangga abdi sayagi
+ Menta jawaban nu sieup, Cing naon hartina “make-up?’

Deuh… Bangsa kedok istimewa
Anu bisa mindah rupa
Pipi peot jadi peungkeur
Nini-nini katembong neuhneur

Deuh… Anu tegep tambah geulis
Nu karenyut jadi luis
Sok kalinglap anu nenjo
Make “make-up” sok kabobodo

Keur pulitik : teu asup kana acara
Keur sosial : teu aya hubungan
Ekonomi : nu puguh mahal ongkosna
“make-up” mun geus luntur tembong nu aslina

MAKE-UP
+ Nyai mah ku resep dangdan
- Pan kudu milaras jaman
+ Ku seueur acuk pinilih
- Kapan meser unggal sasih

+ Ayeuna arek diuji
- Sumangga abdi sayagi
+ Menta jawaban nu pasti, Cing naon hartina “You Can See”

Deuh… Eta basa Inggris
Meureun “anjeun bisa nenjo”
Tonggong istri ngagem sinar
Anjeun mencrong teu kudu mayar

Deuh… Tonggong koneng tambah pamor
Kaasupna barang impor
Rok “you can see” pake peuting
“asup angin” henteu dihiding

Keur pulitik : angkeuhan internasional
Keur sosial : ditunggu usaha amal kaasup talajak royal puguh mahal ongkosna
Tong make “you can see “ lamun kurang modal

BIOSKOP
+ Tah Nyai geuning geus ginding
- Pan gaduh acara penting
+ Har kapan geuning keur perlop
- Kapan bade ka bioskop

+ Ayeuna Nyai dijajal
- Sumangga moal rek aral
+ Cing jawab satarabasna, “Bioskop” naon hartina?

Deuh… Rohangan tempat kuliah
Direnceng-renceng garenah
Soal cinta, kajahatan
Nyanyi-tari, kapahlawanan

Deuh… Ongkos kuliah teu mahal
Saletereun moal aral
Ka bioskop tos ngalanggan
Matak lali kana sambetan

Keur pulitik : saeutik nambah kanyaho
Keur sosial : ieu mah kapan lalajo
Ekonomi : sok loba rekening poho
Karcis geus beakeun kapaksa ti calo

HUNTU PALSU
+ Bapa teh keur ngeunah seuri
- Naon anu jadi margi
+ Pan ieu huntu geus ganti
- Paingan ku amis budi

+ Ayeuna Nyai diuji
- Sumangga abdi sayagi
+ Harti kecap “huntu palsu”, Terangkeun anu saestu

Deuh… Dianggo ku para sepuh
Nu gugusina tos uduh
Huntu palsu na gugusi
Nu tos sepuh sok anom deui

Deuh… Kuat nyapek satakerna
Leuwih kuat ti incuna
Onjoyna teh najan kolot
Ngosok huntu bari ngaheot

Keur pulitik : teu kagok dina pidato
Keur sosial : teu asup acara poko
Ekonomi : da lain talajak ogo
Make huntu palsu, dahar beuki ponyo

NV
- Bapa mah bangun nu senang
+ Kapan henteu boga hutang
- Cing atuh abdi tulungan
+ Dapon nyai teu rimbitan

- Cobi bapa rek diuji
+ Pek wae bapa sayagi
- Neda jawaban nu pasti
Cing naon hartosna “NV?”

Deuh… NV, Naamlose Vennootschaap
Rereongan layeut pisan
Tingpucunghul dimamana
Ngeduk untung paloba-loba

Deuh… NV artina “Nieuwe Vrouw”
Anyar keneh ganti bojo
Hawa dunya sok bengbatan
Modal NV pake nanyaan

Keur pulitik : teu aya sangkut pautna
Keur sosial : ditunggu sumbanganana
Ekonomi : mun jujur aya onjoyna
Nu jareneng luhur, tong milu usaha

Bandung, 4 Juni 1960