Saturday, May 22, 2010

AYANG AYANG GUNG

Wahyu Wibisana

GENDING
Sababaraha urang lalaki asup ka Pentas bari nanggung pare, tuluy ngawih babarengan

RAMPAK PAMEGET
Moe pare ! Hayu !
Heg tungguan! Enya
Aya hayam ! Gebah
Sieuh! Sieuh!

Ayang ayanggung urang ka saung lisung
Ayang ayanggung nutu pare tang tingtung

Poe Senen geus Senen geus panen
Sa’ nu rek panganten
Kabeh oge urang teh rek pangantenan
Naha isuk na pageto atawa jaga
Nu enggeus mah enggeus bae tong hayang dua

Ti arah sejen ngabring mojang bari ngajingjing halu jeung aya nu mawa nyiru jeung boboko bari ngarawih

RAMPAK ISTRI
Poe Rebo, geus Rebo, geus Rebo
Saha nu hayong jomblo
Kabeh oge urang teh da embung jomblo
Ditanyaan ku si akang moal nembalam
Tapi eta hartina teh abdi ngiringan

Sieuh.. sieuh.. ulah deukeut
Ka ditu geura kalandeuh ( kalandeuh-kalandeuh )
Pare geus di poe
Dipoe geus tilu poe ( Dipoe, dipoe )

Dibuburak sing ka lebak
Hayam jago anu harak ( nu harak, nu harak )

RAMPAK ISTRI
Ulah rek kadieu
Didieu aya nu moe

RAMPAK PAMEGET
Kongkorongok ………………………………
RAMPAK ISTRI
Nu kongkorongok banguna teh hayam lisung
RAMPAK PAMEGET
Nu jangkung
RAMPAK ISTRI
Kumeok eleh ku bikang
RAMPAK PAMEGET
Ngelehan

RAMPAK ISTRI
Nu kongkorongok banguna teh hayam lamba
RAMPAK PAMEGET
Jagona
RAMPAK ISTRI
Ngeplek jawer ngandar jangjang
RAMPAK PAMEGET
Nu gandang

GENDING
Mojang mulak-malik pare, lalaki ngarengkenek asup deui ka pentas tuluy ngawih patembalan jeung mojang-mojang

RAMPAK PAMEGET
Urang jait geus garing pare nu urang
Tuh nyeletrok meujeuhna mun ditutuan
RAMPAK ISTRI
Enya hempek bangkat, bangkat
Bangkat tuh ka lisung
RAMPAK PAMEGET
Sok bantuan ulah sok licik sorangan
Tah geugeusan tungtutan hempek akutan
RAMPAK ISTRI
Kapan tadi kuring, kuring
Kuring nu nungguan

RAMPAK PAMEGET/ISTRI
Babarengan, Hayu! Sauyunan, Hayu!
Mawa pare, Hayu!, Urang tutu
Ayang ayanggung urang ka saung lisung
Ayang ayanggung nutu pare tang tingtung

Pare anyar! bodas, pare anyar! beureum
Pare ketan hideung, keur opakeun
Ayang ayanggung urang ka saung lisung
Ayang ayanggung nutu pare tang tingtung

GENDING
Mojang nutu pare bari tutunggulan, pameget narakolan kohkol make bedog siga nu keur meulahan suluh.

RAMPAK PAMEGET
Anu nutu gentak-gentak
Isikan heg gancang nyangu
Pare anyar, pare anyar
Sing asak-asak ngakeul
Sing asak-asak ngakeul

Suluhna gancang tampolan
Bisi euweuh eukeur nyangu
Pare anyar, pare anyar
Sing asak-asak ngakeul
Sing asak-asak ngakeul

GENDING
Tutunggulan paselang jeung sora nu nampolan suluh, silih reret silih delek, pada pada saling taksir. Salah saurang mojang nyaritakeun batur salemburna nu sejen ngadengekeun

AS ISTRI 1
Nyi Jua nyaba ka kota
Jeung Uana numpak roda
Balikna teh mawa encit
Mani agul gunat-genit
RAMPAK PA/IS
Leuh euleuh euleuh euleuh
Kumaha tah tuluyna

AS ISTRI 1
Encitna teh encit beureum
Dikaput sakabayaeun
Nyi Jua gawena midang
Ngahelaran tukang pindang
RAMPAK PA/IS
Hahahahahahah heuheuheuheuheuheuheuh
Hahahahahahah heuheuheuheuheuheuheuh

Kabiasaan mun geus nyaritakeun batur sok tutuluyan, mojang nu sejen asa kaingetan tuluy nyarita

AS ISTRI 2
Naha maneh geus nyaraho
Nyi Jumi meh kabobodo
Bogoh ka tukang galendo
Marukan teu boga bojo
RAMPAK
Leuh euleuh euleuh euleuh
Kumaha tah tuluyna

AS ISTRI 2
Nyi Jumi kungsi diontrog
Ku awewe mawa bedog
Paseana mani ragot
Silih jenggut silih totog
RAMPAK
Hahahahahahah heuheuheuheuheuheuheuh
Hahahahahahah heuheuheuheuheuheuheuh

AS PAMEGET 1
Lah hayang hayang dicalana gober
Heg nyaba nyabana teh da ka Bandung
RS ISTRI
Ber ka Bandung calana gober bau sigung
Ber ka Bandung calana gober bau sigung

AS PAMEGET 2
Lah hayang hayang dicalana gober
Heg nyaba nyabana teh da ka Batawi
RS ISTRIBer Batawi calana gober bau tarasi
Ber Batawi calana gober loba daki

RS PAMEGET
Ojok ojok ata utu
Ngojok ngojok nu keur nutu
RS ISTRI
Tong ganggu tong ganggu
Tong ganggu kami keur nutu
Tong ganggu tong ganggu
Kapalang kami keur nutu

RS PAMEGET
Ojok ojok uang aung
Ngojok ngojok nu disaung
RS ISTRI
Tong heureuy tong heureuy
Tong heureuy apan pamali
Tong heureuy tong heureuy
Di dieu lain tempatna

GENDING
Mojang-mojang beberes hasil pagawean, barudak lalaki pon kitu deui, selang-selang bari nyirian mojang nu ditaksirna.
RAMPAK PA/IS
Leuweung teuneut cocongoan
Jalanna ka Rajagaluh
Meungpeung deukeut sosonoan
Boa isukan pajauh

AS ISTRI 3
Nyi Jumi, nyi Jumi
Tong ngadelekan
Ngadelekan ieuh ka kai Uhan

AS ISTRI 4
Nyi Jumi, nyi Jumi
Tong make hayang
Kai Uhan ieuh kumisna carang

RS ISTRI
Omat pisan nyi Jumi tong make hayang
NYI JUMI
Moal, moal
RS ISTRI
Ka Uhan kapan kumisna teh carang
NYI JUMI
Moal, moal
RS ISTRI
Moal naon moal naon
NYI JUMI
Moal poho kanu carang

RS PA/IS
Kaliki tangkal kaliki
Cangkudu keur karembangan
Lalaki urang lalaki
Kudu gancang beubeunangan

AS PAMEGET 3
Jang Adun, jang Adun
Tong ngadelekan
Ngadelekan leuh ka Nyai Kayah
AS PAMEGET 4
Jang Adun, jang Adun
Tong make hayang
Nyai Kayah ieuh gede karangna

RS PAMEGET
Omat pisan jang Adun tong make hayang
JANG ADUN
Moal, moal
RAMPAK SEKAR
Ka Nyi Kayah karangna sagede Ahad
JANG ADUN
Moal, moal
RAMPAK SEKAR
Moal naon moal naon
JANG ADUN
Moal poho kana karang
Mojang jeung Bujang kaluar pentas sapasang-sapasang bari ngawih babarengan

RAMPAK SEKAR
Kleung angkleung sagara ombak-ombakan
Keueung ninenung sangsara ge babarengan

RENGSE ………………..

No comments: