Tuesday, May 18, 2010

NGABUNGBANG

NANO. S

ADEGAN 1
Nu ngaronda narahkolan kohkol ngurilingan kampung bari tetep tatan-tatan sayaga

RS BUJANG
Gan Ronda Malam
AS BUJANG
Ngaronda ngajaga lembur
RS BUJANG
Masing iatna
AS BUJANG
Bisi aya Pancabaya

RS BUJANG
Gan Ronda Malam
AS BUJANG
Cing kulinting ngajaga peuting
RS BUJANG
Anu karulem
AS BUJANG
Damel naon cik abdi ngiring

GENDING RONDA MALAM
Selang-selang tina nakol kohkol, ngarawih ngingetan ka masyarkat sangkan sare tong talibra teuing

RS LALAKI
Tanghi… Tanghi…
Tanghi…. Tanghi….
Sare tong tibra teuing
Kudu bari caringcing
Kade poho
Panto can ditulakan
Tanghi…… Tanghi…Tanghi ….. Tanghi

GENDING RONDA MALAM
Bari angger nakolan kohkol pindah tempat ting corowok ka unggal jurusan

RS LALAKI
Tanghi… Tanghi…
Tanghi…. Tanghi….
Bisi seuneu can pareum
Kade tong waka peureum
Bisi budak can sare
Tong waka rek digawe
Tanghi…. Tanghi…Tanghi…. Tanghi

Nu ngaronda ninggalkeun tempat

ADEGAN 2
Ti arah sejen kaluar mojang-mojang rek Ngabungbang

RS MOJANG
Caang bulan moncorong
Satujuan ngabungbang
Suka gerah lugina
Sauyunan sasuka
Hayu-hayu gumbira babarengan
Seuyang-seuyang duh seuyang ngahariring

Ngadon mandi di landeuh
Kade aya beubeureuh
Ngadon ngintip cunihin
Teu uyahan bulasin
Hayu-hayu gancangan tatan-tatan
Seuyang-seuyang duh seuiyang ngahariring

ADEGAN 3
Teu lila datang nu Ngaronda, ngintip lalaunan, tuluy ngarajleng, ngareuireuwas para Mojang. Mojang-mojang reuwaseun, tuluy neangan paneunggeul, kabeneran aya halu. Lalaki rada reuwaseun sieun digebuk ku halu, tuluy undur-unduran.
TUTUNGGULAN


BUJANG 1
Tuh Adun nu beulah ditu
Arek mepeg kana hulu
Awakna lintuh bayuhyuh
Dewek mah resep nu lintuh

BUJANG 2
Yeuh Emed milih tong salah
Tadi beunang anu tengah
Jangkung begang ngalekeceng
Hampang najan buntang banting

BUJANG 3
Duh Salim dewek mah ratug
Jajantung teh asa urug
Cacakan ukur kadupak
Etana teh mani euyak

BUJANG 4
Lah alah kakara sidik
Manehna teh rada dekok
Tapi sakitu mah jamak
Bisa ditambal ku wedak

BUJANG 5
Lah alah kuring mah rieut
Manehna beuki camberut
Pipina mani samutu
Siga nu ngaheungheum huut

RAMPAK BUJANG
Tong ringrang, tong sieun
Sagalana layanan

Yu deukeutan urang hareureuyan
Sugan ngalayanan jadi batur papasangan

Susut biwir ngomong ulah nyengir
Kade bau hanyir bisi ditakol gegendir

Teuneung ludeung najan kudu perang
Cadu pantrang mulang komo deui ka nyi mojang


ADEGAN 4
GENDING
Lalaki ngadeukeutan Nyi mojang rek ngeheureuyan, para mojang tatan-tatan sayaga rek neunggeulekun halu.

BUJANG BUJANG
Keur istri mah henteu kenging liar peuting
MOJANG MOJANG
Usilan !
BUJANG BUJANG
Liar peuting ceuk pa Dukun liar cacing
MOJANG MOJANG
Poyokan !
BUJANG BUJANG
Liar cacing gede beuteung melendung sagede gentong
MOJANG MOJANG
Bajingan !

BUJANG BUJANG
Ka pameget henteu kenging bujang bajing
MOJANG MOJANG
Paduli !
BUJANG BUJANG
Margi bajing sok bajingan kana pipi
MOJANG MOJANG
Teu risi
BUJANG BUJANG
Pameget mah gaduh bajing disimpena dina tonggong
MOJANG MOJANG
Da wani !

BUJANG BUJANG
Ka pameget omat ulah wani teuing
MOJANG MOJANG
Da nguntup
BUJANG BUJANG
Anu nguntup biasana sok karungkup
MOJANG MOJANG
Teu surup !
BUJANG BUJANG
Geus karungkup sok ngarangkep jeung akang tangtu ngahiji
MOJANG MOJANG
Yeu peureup

BUJANG BUJANG
Samarukna ari peureup henteu teuas
MOJANG MOJANG
Geus nyaho !
BUJANG BUJANG
Ditinggangkeun kana irung bisi mejrel
MOJANG MOJANG
Sabodo
BUJANG BUJANG
Aduh enung buah ati bojo akang meureun pegek
MOJANG MOJANG
Heh ngolo !


ADEGAN 5
GENDING
Para mojang tetep pengkuh teu daek diheureuyan, malah katingalina beuki sewot. Lalaki badami tuluy ngatur siasat

RS LALAKI
Diheureuyan teu daekkeun
Disindiran bet malikeun
Akalna dikumahakeun
Sangkan daek ngalayanan

Dilemesan ku asihan
Ditiupan ku omongan
Karesepna para mojang
Dipuji bari diolo

ADEGAN 6
Pamuda badami saha nu rek jadi pupuhu ngolo para mojang, salah saurang jadi wakil maranehna. Bari mamandapan ngadeukeutan para mojang


AS BUJANG
Punten bae Eulis akang ngaganggu
Kumawantun aya maksad
Jauh dijugjug anggang diteang
BUJANG BUJANG
Seja nyanggakeun salam perkenalan

MOJANG MOJANG
Yey, yey, yey, yey, ke heula
Kami teu biasa
Da lain kitu carana
Sopan santun adat Sunda

BUJANG BUJANG
Euleuh euleuh euleuh euleuh
Ulah waka bendu
Sugan teh atos uninga
Cara pamuda ayeuna
Mun rek kenal titip salam

MOJANG MOJANG
Yey, yey, yey, yey, teu eudeuk
Moal rek ngarempak
Najan ganti robah jaman
Moal nuturkeun nu gundam

BUJANG BUJANG
Sanes gundam Eulis tapi modern
Parobahan kaayaan
Anu teu milu pasti tinggaleun
Disebut jalma kuuleun

MOJANG MOJANG
Hayang disebut modern
Nurutan anu teu uni
Cenah ngudag kamajuan
Geuning poho harga diri

BUJANG BUJANG
Ieu nyai tilu milyar lima dolar
Benten pisan jeung sarebu

MOJANG MOJANG
Conto teh kudu nu hade
Ulah sagawayah wae
Banda batur diampihan
Nu sorangan dialungkeun

BUJANG BUJANG
Banda akang ti baheula oge pageuh
Asa henteu pindah-pindah

MOJANG MOJANG
Cunihin
BUJANG BUJANG
Sawios
MOJANG MOJANG
Teu uyahan
BUJANG BUJANG
Sawios
MOJANG MOJANG
Sing ngarti
BUJANG BUJANG
Da ngartos
MOJANG MOJANG
Bet cicing
BUJANG BUJANG
Da raos

MOJANG MOJANG
Lalaki cengeng elehan
Gumasep leuwih ti monyet
Balaga nandingan Oa
Nurustunjung kawas lutung

ADEGAN 7
Rumasa asa dihina, lalaki demonstrasi nemongkeun sagala kabisana, tuluy nangtang sagala kahayang para mojang


BUJANG BUJANG
Tong loba carita
Nih punya kabisa
Soal apa saja
Kaga usah ngecer

Macam-macam elmu
Neneng boleh coba
Tidak usah takut
Akang orang kuat
Mau tenaga lahir
Mau tenaga batin
Ini nih jagonya
Coba maunya apa ?

MOJANG MOJANG
Orang yang memang jago
Tidak seperti beo
Bicara sembarang gampang
Seperti setengah gila

Tapi engga apalah
Kita ingin mencoba
Siapa tahu memang bener jagoan
Kita tidak penasaran

ADEGAN 8
Ngarasa meunang respon, kabeh lalaki ngarigel atoh


MOJANG MOJANG
Ntar dulu
BUJANG BUJANG
Ada apa
MOJANG MOJANG
Ada perlu
BUJANG BUJANG
Perlu apa
MOJANG MOJANG
Ingin tahu
BUJANG BUJANG
Tahu apanya
MOJANG MOJANG
Tahu otaknya
MOJANG MOJANG
Takut dibelah


MOJANG MOJANG
Bukan begitu
BUJANG BUJANG
Oh bagaimana
MOJANG MOJANG
Kesini dulu
BUJANG BUJANG
Senang sekali
MOJANG MOJANG
Kita mulai
BUJANG BUJANG
Saya menanti
MOJANG MOJANG
Coba lakukan
BUJANG BUJANG
Patuh disiplin

ADEGAN 9
Lalaki-lalaki sikepna ajeg luyu jeung kahayang msing-masing, siap narima parentah ti para mojang. Para mojang mariksa sikep hiji-hiji lalaki.

MOJANG MOJANG
Cing coba ayeuna menca
Mencana menca nu hade

BUJANG BUJANG
Alah-alah pilakadar menca
Jurus ini tarik itu
Nyai pasti jatuh hati

Tu wa ga pat hwek puuuh
Sing kafelet hwek puuh
Masing asih ka awaking
Awaking nu beuki daging
Masing nyaah kana raga
Nya raga nu beuki kuya
Hsgytrhkhugyhtwssswserhgy ( babacaan teu pararuguh siga nu jajampean )

MOJANG MOJANG
Cing ayeuna make gelut
Gelutna gelut enyaan

BUJANG BUJANG
Alah, alah pilakadar gelut
Nu ngajago bisa bengo
Ini Rambo jago yudo

ADEGAN 9
Lalaki-lalaki pakupis maenpo teu puguh alang ujurna tuluy garelut siga nu enya, para mojang rada rareuwas kasieunan jadi gelut enyaan.

RS MOJANG


RS LALAKI


RS MOJANG
RS LALAKI
RS MOJANG
RS LALAKI

RS MOJANG
RS LALAKI
RS MOJANG
RS LALAKI

MOJANG MOJANG
Gelut mah dunyana tipu
Kami mah henteu satuju

BUJANG BUJANG
Ngarah urang satujuan
Mending ngigel babarengan

MOJANG MOJANG
Ah malu belum bisa
BUJANG BUJANG
Akang pasti membimbing
MOJANG MOJANG
Sok sieun teu uyahan
BUJANG BUJANG
Tinggal ngagulaan

MOJANG MOJANG
Bolehlah coba-coba
BUJANG BUJANG
Itu tandanya suka
MOJANG MOJANG
Jangan sok bikin malu
BUJANG BUJANG
Kita sama-sama tahu

ADEGAN 10
Lalaki ngarengklak ditingalikeun ku para mojang, ku sabab cicing bae para mojang dipaksa


BUJANG BUJANG
Ayolah, ayolah
Mari kita mulai
MOJANG MOJANG
Sabar dong bang
Nanti saya ikuti

BUJANG BUJANG
Ayolah, ayolah
Mari kita lakukan
MOJANG MOJANG
Baiklah baiklah
BUJANG BUJANG
Jangan sok malu kucing

ADEGAN 11
Tungtungna mah ngarengklak sapasang-sapasang, teu lila marulang sewang-sewangan.


GENDING PANUTUP

Megabrata 74
Poe Kemis, 7 Maret 2002

No comments: