Monday, May 24, 2010

BEREKAT KATITIH MAHAL

( Naskah Sekar & Gending : MANG KOKO )

TATA PENTAS : Kaayan di ruang tamu, opat korsi diriungkeun di tengah aya meja

PROLOG
Marengan Mang Udin asup ka pentas
Mang Udin keur boluih
Di udag kunu nagih
Sore-sore geus ngampih
Nyumput henteu kapanggih, Hey!

Mang Udin kunyam kunyem
Jeung garayam gereyem
Baeud pasemon kucem
Ku bojona dikerem, Hey!

Mang Udin keur teu nangan
Di imah ngan sorangan
Nunggu nu kikiriman
Sang bojo keur amengan, Hey!

GENDING
Keur jongjon gegelehean datang semah lalaki ginding make jas di dasi siga-siga urang kota

SEKAR
SEMAH LALAKI 1
Punten mang Udin aya di bumi
MANG UDIN
Euleuh-euleuh tara-tara ti sasari
SEMAH LALAKI 1
Pedah lawas teu patepang
Mang Udin kumaha damang
MANG UDIN
Aya hibar piker butek
Jeng kantong sering tiktikbrek
SEMAH LALAKI 1
Leres kulem ge geuning di pawon
MANG UDIN
Mangga calik,
Pun bojo nuju badminton

GENDING
Semah ngaluarkeun rokok tuluy nawaran ka Mang Udin, mang Udin nyokot sabatang, barang arek di sundut rokona, datang semah awewe, dangdosan estu nyari di kabaya.

SEKAR
SEMAH ISTRI 1
Punten mang Udin teu nuju repot
MANG UDIN
Euleuh-euleuh tepang deui pakokolot
SEMAH ISTRI 1
Lawas pisan teu pajonghok
Mang Udin ayeuna montok
MANG UDIN
Aya hibar ngajangkungan
Mung bojo teu kaparaban
SEMAH ISTRI 1
Euleuh ku matak pikahawatoseun
MANG UDIN
Mangga calik, tong ngantos-ngantos opieun

GENDING
Sanggeus sasalaman tuluy ngarobrol, mang Udin rek nyundut rokona tapi teu jadi da kaburu aya nu punten hiji lalaki make pakean ti kampung, bajuna kalotor pinuh ku apu, rokona digolerkeun dina meja

SEKAR
SEMAH LALAKI 2
Punten mang Udin keur aya linggih
MANG UDIN
Euleuh-euleuh geuningan tamu nu tebih
SEMAH LALAKI 2
Najan tebih toh diburu
Ngabonceng kana treuk apu
SEMAH LALAKI 2
Mung hanjakal lengoh pisan
Sumping teh teu cacandakan
SEMAH LALAKI 2
Yaktos maksad mondok rek barempug
MANG UDIN
Mangga calik
Keur mondok sayogi tajug

GENDING
Si Semah tuluy sasalaman ka sakabeh semah nu aya didinya, memeh diuk ninggali roko ngagoler dina meja tuluy dicokot. Mang Udin rumpu rampa neangan roko, kakara ge rek gek diuk, kadenge aya sora nu punten, hiji wanoja, dangdanan kaayeunakeun nu kaasup model

SEKAR
SEMAH ISTRI 2
Punten mang Udin teu nuju bingbang
MANG UDIN
Euleuh-euleuh asa-asa tacan tepang
SEMAH ISTRI 2
Kapungkur mah weureu seubeuh
Sasarengan ical galeuh
MANG UDIN
Aeh yaktos tos sahate
Saperjuangan di pakgade
SEMAH ISTRI 2
Muhun harita urang berjuang
MANG UDIN
Mangga calik
Bari tong ngobrolkeun hutang

BACKSOUND
Marengan paripolah Mang Udin
Mang Udin kasemahan
Tapi teu disuguhan
Teu nyampak kadaharan
Kantongna lepet pisan, Hey!

Mang Udin gupuy gapay
Eusi saku dipapay
Gawena ngusap raray
Bari sakapeung heuay, Hey!

Mang Udin henteu ngomong
Los ka dapur nyolongkrong
Tekona geuning kosong
Dibalangkeun ka kolog, Hey!

Mang Udin geus muringgis
Ninggal semah jejebris
Mamandapan aringgis
Pidato melas melis, Hey

SEKAR
MANG UDIN
Ibu-ibu, bapa-bapa, para tamu anu mulya
Atas nami kulawarga, jisim kuring rek tamada
Ngumpul ngariung saluyu
Amprok pajonghok sakokoh
Sempal guyon gogonjakan
Hanjakal teu disuguhan

RAMPAK SEMAH
Sawios da tos cekap
Ku ngobrol oge hilap

MANG UDIN
Neda agung cukup lumur, pun bojo teh tadi kabur
Henteu ngantunkeun tuangeun
Henteu nyesakeun leueuteun
Rek balanja cupu capa
Kantong ge meneran hapa

RAMPAK SEMAH
Da puguh sarwa awis
Peryogi ekonomis

SEMAH ISTRI 1
Abdi oge bosen sabar
Hayang imah teu kapeser
Sapuluh taun tos ngontrak
Nyicil Perumnas teu kabedag
Ekonomi langkung ripuh
Raweuy hutang, reuay anak

RAMPAK SEMAH
Da puguh sarwa mahal
Tong miharep nu teu halal

SEMAH LALAKI 2
Pun anak lulus SMA
Rek kuliah taya biaya
Nyiar gawe hararese
Lugah-ligeuh unggal poe
Anak hayang jadi presiden
Akhirna jadi tukang ngamen

BACK SOUND
Mang Udin asa enya
Loba batur sasama
Pada nyandang tunggara
Ngabanding kantong hapa, Hey!

Mang Udin helok pisan
Rasana kaubaran
Pidato dihaminan
Ni’mat ungut-unggutan, Hey

GENDING
Ngarasa sanasib, ayeuna mah ngarobrol teh teu kararagok, make tepak toel sagala. Keur guntreng ngobrol, datang semah budak awewe bari mawa tanggeuyan, eusina idangan/berekat

SEKAR
BUDAK AWEWE
Punten Bapa teh keur aya linggih
MANG UDIN
Aeh Nyai ti mana saha kakasih
BUDAK AWEWE
Wasta abdi teh pun Nani
Kadieu nyumponan pancen
MANG UDIN
Pancen naon?, pancen saha?
Jigana jeung barang bawa
BUDAK AWEWE
Yaktos nyanggakeun ieu berekat
Lakadalah urang bakal dahar ni’mat
MANG UDIN
Ieu teh leres keur bapa?
Leres bapa nu diseja
Saurkeun atuh, nuhun pisan
BUDAK AWEWE
Permios rek teterasan

RAMPAK SEMAH
Untung urang can pan pamit
Beuteung lapar nyelengit
Rijki datang ti langit
Rijki teu make duit, Hey!

Rijki datang sorangan
Tah buktina idangan
Rijki teu kamodalan
Henteu kudu nyambungan, Hey!

Najan beuteung geus lapar
Henteu weleh ihtiar
Hadiah keur nu sabar
Akhirna bias dahat, Hey!

MANG UDIN
Ieu berekat urang recah
Sing walatra lir sidekah
Geura antri hiji-hiji
Nampa sidekah sing tarapti

Goreng tempena keur Nyai
Sambel gorengna keur ayi
Lauk gepuk jeung endogna
Ieu mah hancengan Bapa

RAMPAK SEMAH
Heuheuheuheuheuydeuh
Sakedap netra seubeuh

MANG UDIN
Urang terus ngabagikeun
Ieu berekat dibeakeun
Goreng tahuna keur nyai
Acar bontengna keur ayi
Sangu bear rada kotor
Beas raskin, ra’yat miskin

GENDING
Semah jeung pribumi balakecrakan murak berekat, keur jongjon balakecrakan jol budak awewe nu ngrim berekat tea, tuluy ngomong bari rada asa-asa

SEKAR
BUDAK AWEWE
Punten Bapa teh aya di bumi
MANG UDIN
Euleuh euleuh boa arek ngirim deui
BUDAK AWEWE
Mugi bapa wening ati
Berekat kabantun deui
MANG UDIN
Naha kitu? Tanpa hormat?
BUDAK AWEWE
Berekat lepat alamat
MANG UDIN
Aduh mangkaning enggeus direcah
BUDAK AWEWE
Paneneda mugi Bapa sadrah manah
Cek pun biang mani keukeuh berekat kabantun weuteuh
Mun berekat tos dipurak
Gentosna salawerebu perak
MANG UDIN
Euleuh kumaha pendapat siding
RAMPAK SEMAH
Kita ganti biar tidak punya utang
MANG UDIN
Limarebu ti saurang
Dibayar geus tutup bulan
Itung itung miceun sial
RAMPAK
BEREKAT KATITIH MAHAL

Megabrata 74
16 Desember 1988

Catetan
Rumpaka, peran/tokoh diluyukeun kana situasi sareng kondisi

No comments: