Saturday, May 22, 2010

SAMAGAHA

Naskah Carita : Wahyu Wb.
Naskah Karawitan: Mang Koko

ADEGAN 1
Caang Bulan…….. Barudak lalaki rek ucing "Kalangkang"

RS BUJANG/MOJANG
Caang bulan ngebrak siang
Nini anteh diwedak kawas parawan
Cing ucingan jeung kalangkang
Ucing saha nyi lanjang eong-eongan

RS BUJANG
Cing cangkeling, manuk cingkleung cindeten
Plos ka koong bapa Satar ………………………….
Cing cangkeling, manuk cingkleung cindeten
Plos ka koong bapa Satar buleneng

ADEGAN 2
Barudak lalaki ucing kalangkang, silih intip-silih bongohan……
Cahaya buian beuki surem, beuki poek….. barudak ting raringeuh jeung tingtarunjuk ka langit.saurang-saurang lumpat ti dinya, daratang bari marawa jeung nakolan kohkol. Mojang kalaluar sanggeus ngadenge sora kokhol jeung tingjorowok Samagaha

RS BUJANG
Euleuh-euleuh bulan dilegleg ku yaksa
Euleuh-euleuh SAMAGAHA…SAMAGAHA.

RS MOJANG
Hayu batur urang gancang gareuwahan
Buru-buru Tutunggulan.. Tutunggulan

ADEGAN 3
Kaayaan beuki poek..medem, sora kohkol jeung alat liana beuki rame, salah saurang budak lalaki mawa obor nyaangan mojang-mojang nu rek tutunggulan ngaliwatan cukang kawung muru lisung.
RS MOJANG
Poek mongkleng kundang obor
Kaluncas kalinces
Kahalangan ku kalangkang
Ngalengkah .. diwangwang ..

Nece kana cukang kawung
Ngarayap jeung muntang
Halu dijingjing dikeumbing
Ka saung . . ka lisung . .

ADEGAN 4
Mojang breng tutunggulan, disambil karakawihan, ditempas ku lalaki anu narakolan kohkol jeung pager..

RS. MOJANG/BUJANG
Sieuh ! Sieuh ! Buta julig
Ulah nglanto kalangit
Bulanna geura utahkeun
Matak weureu mun diheungheum

Sieuh ! Sieuh ! Buta wereng
Langit kuring poek peteng
Nini Anteh kapaehan
Rek ngabungbang poek bulan

ADEGAN 5
Lalaki ngaludar sarungna anu tadina disalendangkeun.. diayun-ayun kaluhur, maksudna nyingsieunan Yaksa … Mojang-mojang oge selang-selang tina tutunggulan, ngacung-ngacung haluna, bari taranggah.

RS MOJANG
Diajul ku halu !
RS PAMEGET
Naonana ?
RS MOJANG
Saleserna !
RS PAMEGET
Ambeh naon ?
RS MOJANG
Ambeh murag, huy ! huy !

RS PAMEGET
Meureunan nyeurieun ?
RS MOJANG
Da bonganna !
RS PAMEGET
Bongan naon ?
RS MOJANG
Bongan gembul !
Ngakan bulan, huy ! huy !

ADEGAN 6
Hiji lalaki ngeker ka langit … nu sejenna narunjuk ka luhur

AS BUJANG 1
Bulan digegel ku buta
Naha atuh gugal gegel
Ulah sagegel-gegelna
Mun lain gegelenana, nya Nyai !
RS BUJANG
Seuhah lata-lata, maling cabe lada ngeunah

AS BUJANG 2
Gorek-gorek manuk tuweuw
Disada dina taweuran
Dinu poek resep reujeung
Lila ge teu panasaran, nya Nyai !
RS BUJANG
Seuhah lata-lata, maling cabe lada ngeunah


ADEGAN 7
IBING TUTUNGGULAN .. Mojang-mojang pabisa-bisa tutunggulan kawas nu hayang kataksir ku bujang. Bujang-bujang alemprak bari sila rupa-rupa.

RS BUJANG
Ting tung ting tung
Tak tuk tak tuk tak
Nu di saung dipacok ku bango butak

RS MOJANG
Blang dung blang ding
Blang dung blang dingkleung
Anu ngibing kumis baplang digadekeun

ADEGAN 8
IBING SARUNG… Bujang-bujang pabisa-bisa ngulinkeun sarungna, kawas nu hayang kataksir ku mojang-mojang anu keur ngulinkeun haluna
Teu lila salah saurang mojang nunjuk ka langit nu sejen milu taranggah

AS MOJANG
Tuh geus melentis nu koneng nu geulis
Bulan ! Bulan ! tereh nembongan

RS MOJANG/BUJANG
Bulantis-bulantis
Bulanna enggeus melentis
Bulan .. Bulan..

Bulanbong-bulanbong
Bulanna enggeus katembong
Bulan Bulan

ADEGAN 9
Saeutik-saeutik beuki katembong caang …. Para mojangjeung bujang taranggah ka langit. Kabeh narunjuk ka bulan.

RS. MOJANG/BUJANG
Bray ! .. Bray ! .. Bray !
Bulan geura bray caang

Trang trang kolentrang
Trang trang kolentrang
Trang trang kolentrang
Caang bulan ngebrak siang

ADEGAN 10
Hiji lalaki mawa Kacapi …. Ditabeuh, babaturanana ngariung nu ngacapi.. salah saurang Nyuling ……. Mojang-mojang nyarukang kana cukang kawung sanggeus narunda halu….

AS MOJANG
Ngabungbang urang ngabungbang
Meungpeung caang bulan
Impian endah impian
Duh … kalangkang bulan

RS MOJANG
Putri wengi panineungan
Imut di langit kasmaran
Eling di bumi kasmaran
Tepang dina caang bulan
ADEGAN 11
Salah saurang lalaki maledogkeun kembang ka palebah riungan Mojang-mojang. Kembang the diparebutkeun.
Mojang-mojang dariuk dina bale-bale bari arucang angge… bujang-bujang ngarengklak ngigel nuturkeun lagu ucang angge

RS. MOJANG
Ucang-ucang angge
Loba bujang diparanje
Digogog ku anjing Lebe
Menta tulung ka awewe
RS BUJANG
Ari gog-gog cungungung
Ari gog-gog cungungung

RS MOJANG
Ucang-ucang angge
Aya bujang di pakgade
Diudag-udag mang lebe
Ongkos kawin tacan mere
RS PAMEGET
Ari gog-gog cungungung
Ari gog-gog Auuuuuuuuuuu ….

ADEGAN 12
Palebah sora Auuuu.. bujang-bujang ngarontok mojang-mojang. Mojang tapis pisan ngagiwar-nyingcet. Bujang-bujang katipu patumpuk nepi ka iketna lalesot. Ngaras era tuluy dikebut-kebut pasang aksi

RS BUJANG
Caringcing pageuh kancing
Saringset pageuh iket
Sret sret sret
Sret sret sret

Nya akang tameng dada
Anu nyaah ka nyai
Het het het
Het het het

ADEGAN 13
Mojang ngarumpul ditengah.. barudak lalaki pacekel-cekel rek ngajaring mojang. Teu kaburu kasambungkeun da mojang-mojang kaburu nyaringcet kaluar tina jaring nu dijeun ku barudak lalaki.

RS. Bujang
Rek meuting dinu jangjing
Rek modok dinu denok
Weh weh weh
Weh weh weh

Nya akang jaga malem
Hudang mun digeuingkeun
Dudingkeung dudingkeung

ADEGAN PANUTUP
Ibing dina gending Tokecang……..
Kaluar pentas.


Permata Mega, 21 April 2003.

No comments: