Thursday, May 27, 2010

RAPAT RT

PAMUDA
Gotong royong! Silih rojong! Persatuan sing tembong
Rukun tatangga dikampung-kampung dikota
Nimbulkeun rasa jeung mahluk sajiwa
Paheuyeuk-heuyeuk leungeun layeut sauyunan
jeung batur silih ajenan
(alok: rempug jukung babarengan – sabobot sapihanean)

Rukun tatangga diwangun ku para umpi
Unggal lapisan ngagulung ngajadi hiji
Garotong royong teu ngabeda-beda pangkat
sabilulungan saharkat
(alok: rayat leutik rayat gede-kudu tunduk ka Pa RT)
……… bende ditabeuh;
GEURA DEUGDEUG, TONG TALANGKE, RAPAT DI BAPA RT

PAMUDA Rampak sekar – para pamudi nungtutan daratang (rupa-rupa pakean)
Pating gandeuang, angkat rapat rurat reret
Datang ka rapat, make padoman jam karet
Ayang-ayanggung, tepak toel bangun sono
Babadamian, tas rapat arek lalajo
Bari ka rapat, rek balanja sakalian
Ngaritung duit, bari marawa jingjingan
Samemeh rapat, badminton heula diselang
Datang ka rapat, ngahegak kokoprot kesang
Samemeh rapat dialajar tumpak motor
Nganggo lancingan, angkatna pating langgeor

Para Pamuda beberes tempat keur rapat, sabadana terus nabeuh bende
PARA TAMU ULAH NGUTRUK, TUH BAPA RT CUNDUK
Gamelan ngalagu Bendrong, mirig pa RT nu kakara cunduk
Barang Pa RT geus salse, diuk nyanghareupan meja Ketua, sarta nyandingkeun wakilna
…. Bende ditabeuh; PARA MITRA! GEURA CENGKAT! PA RT MUKA RAPAT

Pa RT: jung nangtung ngetrokeun palu kana meja, muka rapat ku lagu Sinom

Sabadana uluk salam, ngedalkeun kabungah ati
Reh para mitra sadaya, dina rapat pada hadlir
Teu rek diwiji-wiji, ka sadaya hatur nuhun
Muga hade buahna, rapat dipungkas ku mosi, nu ditanda sing ngajejer babarengan…

Acara anu munggaran, ngabahas hal ekonomi
Nya ku jalan rereongan, ngawujudkeun koperasi
Acara sejenna deui, ngunder elmu pangaweruh
Urang tuker pikiran, ku jalan ngatur diskusi
Silih cental ngan entong terus pasea

Acara nu pangakhirna, ku Bapa katimbang penting
Sawala sacara bebas, nyusun rupa-rupa kritik
Kaluarkeun opini, tong aya ngewa dikemu
Pek jieun bubulanan, meungpeung waktuna mustari
Bapa oge sadia keur medal sila

Saterusna :
Komentar RT tina perkara nyusun acara : 1. Ekonomi/Koperasi 2. Diskusi 3. Kririk kritik
Acara ka 1 nyaeta Koperasi
Ku Pa RT ieu soal dipasrahkeun ka hadirin geusan ngabahasna

RS:
Koperasi – Koperasi
Rikrik gemi jadi pangkal kakayaan
Resep apik kana rijki
Kajeun leutik sok dapon jeung tinemenan

AS Pi:
Tinimbang pake awuntah
Duit dipake teu uni
Mending diatur sing tabah
Disimpen di Koperasi

AS Pa:
Cari pekerjaan euweuh diploma
Arek tani, sawah henteu boga
Jadi tukang copet sieun pulisi
Mun nganggur nagara rugi

AS Pi:
Bisa oge ngararancang
Koperasi bakal ngatur
Mere nginjeum duit modal
Ka si leutik nu keur nganggur

AS Pa:
Rek jadi tentara, sieun ku mortir
Jadi supir, teu boga rebewes
Nyerepan pilmster, teu boga dasi
Mun nganggur nagara rugi

RS:
Tinimbangan duit dipake teu uni
Mending atur disimpen di Koperasi
Laun-laun koperasi bisa ngatur
Mere modal ka sileutik nu keur nganggur

diselang bapa RT mere komentar

AS Pi:
Bahruteng dapur ditinjau
Diatur masing taliti
Bahruteng moal rek kacau
Mun inget ka koperasi

AS Pa:
Hayang sare tibra teu boga imah
Los ka hotel, harus bayar kontan
Rek sare di gardu, disangka bangsat
Rek nyewa euweuh wang konci

AS Pi :
Koperasi kahareupna
Ngararancang perumahan
Keur ngaraksa jeung nulungan
Rayat nu katalangsara


AS Pa:
Rek sare pateep da lain peda
Rumah sewa, berat uang muka
Rek sare di luar, sieun titinggi
Tugenah sedih sungkiki

RS:
Bahruteng dapur diatur sing taliti
Pacuan poho nyimpen di Koperasi
Laun-laun Koperasi ngarencana
Ngimahan rayat nu keur katalangsara

· Acara ka I ditutup ku komentar Pa RT
Acara ka II (Diskusi: ka teu amanan hate)
Kitu deui keur ngabahas ieu acara, ku Pa RT dipasrahkeun ka Pamuda jeung Pamudi

Sarta ngawawadian supaya entong terus pasea


1
- Ari kaka tos uninga, naon pangna hate teu aman?
+ Terang pisan, sabab loba kasieun
- Sieun ngelmu henteu junun (geuning) rarat di jalan
+ Kaka mah sieun teu gandang
- Abdi mah sieun ku perang
+ Kaka sieun kunu rewig
- Iiiih, sieun ku jurig
+ Hoyah geuning borangan
- Kapan hate teu aman
+ Kapa oge
- Abdi oge
x Papada loba kasieun
PELOG
- Sieun teu mulya, sieun hirup sangsara
+ Sieun adi goreng patut
- Sieun lanceuk teu matut
+ Eeeeeh, geuning poyokan
- Bongan nyarekan
+ Lain nyarek
- Lain moyok
x Perbawa hate teu aman

2
- Ari Kaka tos uninga, naon pangna hate aman?
+ Terang pisan, sabab loba kahayang
- Hayang beunghar hayang ginding, (geuning) kaleuleuwihi
+ Kaka mah hayang pamuji
- Abdi mah hayang kumaki
+ Bapa hayang meunang lotre
- Iiiih, hayang BMW
+ Hoyah geuning sarakah
- Eyyy, kaka ge ningkah
+ Da kaka mah
- Abdi oge
x Ngan ukur semet kahayang
PELOG
- Hayang dihormat, hayang didama-dama
+ Nyai kudu loba jasa
- Kapan cekap ku carita
+ Laaaaaah eta mah sombong
- Kaka ge bohong
+ Nyai sombong
- Bapa bohong
x Tungtungna rek patorong-torong

3
- Ari kaka tos uninga, naon pangna hate aman?
+ Terang pisan, sabab loba kanyaah
- Abdi nyaah kana speda (geuning) teu ditumpakan
+ Sok nyaah ka jalma jahat
- Da Kaka resep basilat
+ Kaka nyaah kanu muji
- Eyy ku leumpeuh yuni
+ ituh kateterusan
- Bongan dimimitian
+ Kaka nyaah
- Abdi oge
x Papada resep dialem

4
- Ari Kaka tos uninga, naon pangna hate aman?
+ Terang pisan, sabab loba kaembung
- Embung hirup sederhana, (geuning) karasa hina
+ Kaka mah embung kagoda
- Abdi mah embung sangsara
+ Kaka embung hese cape
- Iiiih, embung digawe
+ Hoyah! bet pangedulan
- Ituh bet teu ceehan
+ Lain ngedul
- Sanes melid
x Papada loba ka embung

PELOG
- Embung latihan, tapi hayang pujian
+ Kaka embung nulung batur
- Da bongan kaka teu jujur
+ Eeeeeh, Nyai ku rewel
- Kaka ge bawel
+ Nyai ngedul
- Bapa melid
x Nimbulkeun kateuamanan…..

Catetan: unggal-unggal pada dikomentaran ku Pa RT
Sarta dina panutup lantaran “suasana” katimbang panas, ku Pa RT dipisah
(ngagunakeun surilit, dina keur “memuncakna” acara)
Acara ka 2 ditutup deui ku komentar Pa RT
-------------------------------------------------
Acara ka 3 nyaeta KRITIK-KRITIK
Pa RT masihan kasempetan ka sing saha anu bade ngaluarkeun kritik
Sadaya hadirin ngacungkeun leungeunna, tanda sadayana gaduh kapentingan
Ku Wakil RT, nu ngacung dicatetkeun, sarta terasna dipasihan kasempetan,sacara giliran

GILIRAN KA 1
Ambu-ambu Pa RT telenges teuing, teu aya rasrasan
Abong kena kanu laip, nyiksa abdi bibilasan
(alok : kaganggu pikiran, inghak-inghakan..)

Teungteuingeun ku bapa abdi ditagih,
Maksa kedah nyumbang, keur nu maot caket bumi
Da abdi mah (masih ngora, kana maot) moal waka
(alok : manehna teh ngora panjang umurna.)

Sareng seueur bahruteng mu langkung penting
Mayar kursus dangsa, ongkos dikreul maen tenis
Ka bioskop jeung p’lesiran
(alok : nyewa mobil sedan geugeuleuyeungan..)

Anu mawi Pa RT sing wening galih
Mugi abdi bebas, ulah aya nu nagih
Taya artos lalangkungan

…………Komentar ti Pa RT………….

GILIRAN KA 2
Eh! Pa RT sok boga talajak angkuh
Waktu hajat rogkah henteu narik henteu nakon
Ka tatangga embung ngondang-ngondang acan
(alok : idangan teu meunang, da teu diondang..)

Nu diondang para juragan nu jauh
Tapi mun tunggara, nu jauh can puguh anjog
Nu nulungan si gembel batur tatangga
…………Komentar ti Pa RT………….

GILIRAN KA 3
Ieu abdi lami ngangres ngenes ku bapa!
Naha bapa kejem jeung telenges jeung judes
Hanas mawa reket, terusna ngan bati bengong
Tuh! Lapang badminton, geuning dipelakan singkong
…………Komentar ti Pa RT………….

Di buruan bapa jalan awon tarahal!
Naha teu diaspal dibeton kurang modal
Bapa oge terang, abdi teh sok tumpak skuter
Tuh! Palebah bapa, tikusruk mani kalenger
…………Komentar ti Pa RT………….

Wengi tadi abdi kantos ceurik ngabangingik
Margi di rorompok pareum listrik korsleting
Bapa teu nulungan, sakitu bapa teh beunghar
Tuh! Rekening listrik ku abdi moal dibayar
…………Komentar ti Pa RT………….

Abdi kantos udur meh sasasih malarindu
Batuk panas tiris jeung ngagetih gering cinta
Bapa teu ngubaran, kalah ka murukusunu
Pek rek dibekenken, yen bapa kumisna palsu
…………Komentar ti Pa RT………….

GILIRAN KA 4

Hayu urang sabeungkeutan, nyusun konsep mosi nu demokratis, Pa RT sina turun, urang sacara integral, usaha legal nyusun ka-teu-panuju, nu berjiwa kolonial, perlu didaulat sakali
.............................................> 4 x 4 –prok – tambah 2 prok carang

Bapa RT jeung actingna, sangat berjiwa lembek pessimistis, resultaatnya tagiwur, provokasi pihak luar, mengintensiveer gerakan kaom catut, ekonomi berantakan, loba lengkah onproductief
............................................> 4 x 4 –prok – tambah 2 prok carang

Mun RT exit ayeuna, aku kan menggantinya tur effectief, aku mengucap syukur, sekaligus perubahan, plan lama konyol aku susun yang baru, stabilliteit akan nampak, dengan re-organisasi…
.............................................> 4 x 4 –prok – tambah 2 prok carang

Pa RT ngahuleng, sarta keur ngomentaran eta pidato, dipasrahkeun ka hadirin

HADIRIN
Ambu-ambu Mang Acu pidato dirungga renggi,
matak teu ngarti
Ambu-ambu Mang Acu pidato hebat, basana pinuh semangat
padahal keur mikat rayat
Ambu-ambu Mang Acu pidato nyieun piheueuh, kabisa euweuh
Ambu-ambu Mang Acu umangkeuh pisan, ngawincik jasa sorangan padahal ngan jijieunan
Ambu-ambu Mang Acu pidato boborot ciduh, abdi mah tunduh
Ambu-ambu Mang Acu pidato aksi, semangat berapi-api, padahal rek ngarah korsi
Ambu-ambu Mang Acu pidato mani ngabudah, ngarah disembah
…………Komentar ti Pa RT………….

Geus tilu minggu- ngahuleng balas mikiran
Nyekel padud- padudan teu dibakoan
Harga roko teu daekun
turun-turun- malah ditaekkeun
harga kretek- roko rakyat merepet
milu ngapung,
duit hese, mulung kuntung
atawa roko daun kawung

Sagala rupa- saniskara kaperluan
Ngukur beas- disaimbangkeun jeung beas
Panghasilan tengah bulan geus koredas
Nganjuk teu kaduga, korupsi teu bisa, mengkek beuteung ngarasula

Bapa RT usaha
Roko brantas hargana
Entong tukang rokona
Tapi sungapanana
Mun roko tetep mahal
Menta kirim padudan
Padud teu weleh payus
Tumbal bahaya kutud


Ku hayang ceurik- nalangsa campur jeung sedih
Balilihan- tugenah sedih jeung peurih
Harga barang mumbul
siga langlayangan- naraek apung-apungan

Gajih tambah- rajeun gajih ditambahan
Peperakan- ngan saukur peperakan
Teu ngimbangan kaperluan
Kahirupan- beuki ningkat kaperluan

Inggis ku bisi- inggis batan maut hinis
Kawalahan- pangharepan beuki ipis
Barang mahal, duit seuseut , kalaparan

Pa RT ngusahakeun
Sangkan barang marurah
Ra’yat mah geus boseneun
Ku jangji nu ngareunah
Keur ngungsi oge seubeuh
Ku singkong reujeunh hui
Mustahil kiwari mah
Rek karandapan deui

…………Komentar ti Pa RT………….
Rapat ditutup ku KIDUNG nu dihaleuangkeun ku Pa RT

Bapa teh bungah kalangkung, bisa ngariung badami
Jeung para mitra sadaya, ngaguar kedaling ati
Dina harti duduluran, rasa ngajadi pamatri

Rapat lir nu gunem catur, kabeungkeut ku rasa asih
Asih ka batur tatangga, sanajan peuheur ngiritik
Tapi ngan ukur lahirna, batinna mah tetep beresih

Muga hasilna kapulung, sarta buahna kapetik
Tina sawala ayeuna, ulah ngan semet badami
Bari teu jeung dilakonan, temahna kaluli-luli

Bisi aya nu kasinggung, ku pangwada jeung kritik
Ulah kurang hampurana, kitu deui bapa wening
Ngahampura ka sakumna, nu geus ngaluarkeun kritik

Hayu urang rempug jukung, pada tatandang sayagi
Nguatan rukun tatangga, tatangga pareng ngahiji
Ngawujudkeun kakuatan, keur hirup dialam lahir

Rapat RT geus lekasan nu tinggal wungkul putusan
Hayu batur sauyunan, ngawujud hiji beungkeutan
Sabeungkeutan jeung tatangga, rukun jeung batur sadesa

Rapat RT geus lekasan nu tinggal wungkul putusan
Rapat pleno di Pa RT geus lekasan
Ngatur konsolidasi, urang singkil gulung tangan sauyunan
Nyipta stabilisasi

Rapat RT geus lekasan nu tinggal wungkul putusan
Rapat di Pa RT sawala tepi ka lungse

Bandung, 18 Desember 1958