Thursday, July 3, 2014

BADMINTON


Badminton dimana-mana (badminton dimana-mana)
Di kampung jeung di kota (dikampung-kampung dikota)
Badminton jeung suka-suka (badminton jeung suka-suka)
Ngalipur manah brangta (BADMINTON)
Dismes            bari ngajungkung
Dikap              reket nyangigir
Dilob               apung-apungan
Bekhen            ti beulah kenca
Dismes            kana net nyangsang
Dikap              bulu kok coplok
Dilob               kaluar aut
Lenspel            ulin leutik keketrekan

Ngulangkeun reket diatur (ngulangkeun reket diatut)
Tingkahna maju mundur (uclag-aclog maju mundur)
Latihan ngarih di dapur (latihan ngarih di dapur)
Sareng ngagebug kasur (BADMINTON)
Dismes             bari ngajungkung
Dikap               reket nyangigir
Dilob                apung-apungan
Bekhen             ti beulah kenca
Sang kok          kana net nyangsang
Long kok          kahandapeun net
Teng kok          kok kana kenteng
Rang kok         kok disemes kana tarang

Badminton teh kaulinan (badminton teh kaulinan)
Nimbulkeun kasehatan (ngahudangkeun kasehatan)
Sehat badan jeung pikiran (sehat badan jeung pikiran)
Guna keur pembangunan (BADMINTON)
Dismes             bari ngajungkung
Dikap               reket nyangigir
Dilob                apung-apungan
Bek hen            ti beulah kenca
Euweuh kok     ku bulu entog
Reket                panggebug kasur
Tempat             di kebon awi
Netna                samping kebat tutumbuan

RENGKAK NGAWIH MURANGKALIH

NANG NÉNG NONG

GENDING BUBUKA/INTRO
Asup ka pentas sababaraha urang budak lalaki jeung budak awéwé maké gerakan luyu jeung gending/musik

VOKAL
:
Nang néng nong, nang néng nong
Dangdurirang dangduraring
Badubangpak ting brrrr

Nang néng nong, nang néng nong
Dangdurirang dangduraring
Badubangpak ting brrr

Nang néng nong, nang néng nong
Parampampampam uhhh
Parampampampam uhhh
Tak dug dug tak dug dug
Tak dug dug tak dug dug

GENDING PANYELANG
Barudak nyieun formasi, lalaki di hareup bari diuk rupa-rupa sila, awéwé nangtung tukangeunana.

VOKAL
:
A..B..C..D..É..F..G..H, A..B..C..D..É..F..G..H
I..J..K..L..M..N..O..P..Q.R..S..T.U..V..W….X…Y…Z
Ingat Matematik…A..I..U..É..O…Eu.. ingat kodok

Ya kodok… ya bangkong.. (kong)
Ya kodok… ya bangkong.. (kong)
Konglomerat (rat).. Rata..rata (ta)
Tari jelangkung (kung) …….

Tari JE..LANG..KUNG…

TARI JELANGKUNG
Barudak nyarieun gerak jaelangkung



VOKAL
:
Sekarang musim sunatan,
yu kita main arak-arakan
sekarang musim auidisi
yuk kita main drumband

GENDING IRINGAN
Barudak lalaki maén drum band, barudak awéwé ngalaga siga peragawati..dituluykeun barudak lalaki arak-arakan budak sunat, sarungna dipaké siga budak sunat..barudak awéwé panasaran ninggali nu dijero sarung..barang ninggali nu salah saurang budak lalaki maranéhna ting jarerit. Tuluy maraén disco

VOKAL
:
Samuil hipu kulub hui
Rauk rauk and dorokdok
Téng téng gemblong ali agrem
Dicampur cai sabekong…ngopi

Freid chiken and hamburger
Spagethi Sukiyaki
Dunkin donat Hoka bento
Tidak lupa gado-gado
Hebring

GENDING PANUTUP

Barudak kaluar pentas